Gelarna Basa Lemes

GELARNA BASA LEMES

  1. Ku dirobah engang tungtungna (nten, ntun, wis, os, jeng), contona:

1. nten       : kira-kira jadi kinten-kinten

soré jadi sonten

2. ntun       : kirim jadi kintun

bawa jadi bantun

wani jadi wantun

3. wis         : perkara jadi perkawis                        antara jadi antawis

sawatara jadi sawatawis                    arang jadi awis

ditanda jadi ditawis                          katara jadi katawis

4. os           : nyarita jadi nyarios                            maca jadi maos

supaya jadi supados                          nanya jadi naros

5. jeng       : maju jadi majeng

payu jadi pajeng

Sakapeung nu dirobah tungtungna téh kecap séjén nu saharti:

Sangka, tina kecap kira – kinten

Sésa, tina kecap kari – kantun

Pantes (hadé), tina kecap sari – santun

Duit, tina kecap arta – artos

Indit, tina kecap miang – mios

Dago, tina kecap anti – antos

Huntu, tina kecap waja – waos

Anggeus, tina kecap paragat – parantos

Seuri, tina kecap gumuyu – gumujeng

Tuluy, tina kecap laju – lajeng

 

  1. Ku dirobah sorana

1. u jadi i               : murah – mirah                       kuat – kiat

kurang – kirang

2. u jadi a              : sebut – sebat                         rempug – rempag

mungguh – menggah             terus – teras

3. a jadi i               : rupa – rupi                             upama – upami

utama – utami

4. i-u jadi é-a         : itung – étang

 

  1. Ku dirarangkénan “um”

Deuheus – dumeuheus                  seja – sumeja

Béla – buméla

  1. Ku dirarangkénan “in”

Sareng – sinareng              tangtos –tinangtos

(dina III jeung IV biasana mangrupa mamanis basa)

  1. Ku dirobah sagemblengna

Nénjo – ningali/ningal

Méré – masihan/maparin/ngahaturan

Ngedeng – ebog

Baju – raksukan

  1. Ku dibalibirkeun (alatan teu kaduga ngedalkeun nu cohag)

Ngising – kabeuratan

Kiih – kahampangan

Rék kiih/ngising – badé ka pengker heula

  1. Ku rangkepan nu sarua hartina (lemes ku kabiasaan baé)

Mapagkeun – mapag

Gingsir – ngagingsirkeun

Ngajajapkeun – jajap

Ngiringkeun – ngiring

  1. Ku digenti ku basa séjén

Basa Jawa                         : kénca – kiwa                         bulan – sasih

Ceurik – nangis                     peuting – wengi

Basa Jawa kuna/Kawi       : ogé, deui, jeung – miwah (muwah)

Dua                    – kalih (sakalih)

Basa Arab                         : kuring – abdi (abdun)

Awak/badan – jisim (jismun)

Astana – makam (makamun)

Ngaran – asma (ismun)

Basa Sanskrit                    : sora (omong) – sabda (cabda)

Ambek – wera (waira)

Paéh (musna) – perlaya (pralaya)

Catetan: Basa lemes budak (bobo, emam, uih, ibak/iam, acuk, pipis/papang, cicis, jsb)

teu hade dipaké dina basa lemes umum.

Pos Sebelumnya
Tinggalkan komentar

Tinggalkan komentar

Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

Urang Sunda - Kenali Leluhur, Sejarah, Bahasa dan Budaya Asli Urang Sunda

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

raudya's

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

Biografiparasufi's Blog

Just another WordPress.com weblog

Metafisis

Membongkar Hakikat Tenaga Dalam, Ilmu Metafisika, dan Ilmu Hikmah

Chye Retty Isnendes - Blog

Iman, Ilmu, Amal, Sastra