Carpon “Uyut”

Karya Supriatna (Cupumanik nomer 32/2006)

            Karuhun pangpuhuna nu kuring nyaho dikieuna nya éta uyut, uyut istri ti pihak nini ti indung kuring. Ka uyut pameget mah kuring teu nyaho, da pupusna gé tangéh saméméh kuring dijurukeun. Angot ka bao mah, kuringna gé di mana kénéh mah!

Basa kuring mimiti inget, uyut téh geus ropoh, geus tara barangdamel, geus tara angkat-angkatan, ukur kitu wé ringkang-ringkang ka sumur, ka dapur, ka buruan. Paling jauhna kakarayap ka pacilingan balong, kulonneun imah, alahdénéng ku tara beunang dipondah wé meureun urusan nu kitu. Saleuwihna ti kitu mah ukur calik wé amayeu bari ngabulaéh ngalemar, aya di tepas, aya di tengah imah.

Teuing taun sabaraha lahirna. Ngan mun seug diitung tina yuswa putra-putrana, kana taun 1890-an taksiran. Jadi harita, basa kuring mimiti inget téh, yuswana kurang leuwih 65 taun. Kaitung panjang yuswa ukuran alam harita mah.

Putrana tilu, selang sekar: pameget, istri, pameget. Nu istri nya éta nini kuring –indungna indung. Putra-putra nu pamegetna mah ngarantunkeun ti payun alatan kasawat ampeg. Kuring gé teu kungsi nyaho ka aki-aki ti gigir téh.

Boro-boro maca-nulis, sakola gé henteu cenah uyut mah. Ngan cenah nuyut téh apal kana kasiat rupa-rupa tutuwuhan. Pikeun ubar-ubaran, ubar kampung (ayeuna sotéh disebut ubar kampung, baheula mah teusingna teuing). Henteu cenah ari kasebut sohor mah, tapi batur salembur-salembur baé mah sok mindeng aya nu ngadon tatamba, pangpangna natambakeun barudakna. Kitu gé kasakit nu énténg-énténg wé, kayaning galingging panas-tiris, nyeri beuteung, seueul angen, jeung sajabana.

Nu kabandungan mah uyut téh jalmi sabar pisan –kacaritakeun kolot sok belikan jeung gedé ambek téh, teu kasampak di uyut mah. Tong maké bendu, tara kawénéhan kukulutus-kukulutus acan. Kuring gé cacakan budak bangor réa carékkeun, teu ngalaman dicurak-carék, komo dicarékan mah.

Ku sadérék-sadérékna nu harita jaragjag kénéh –rakana hiji, istri, jeung raina hiji, pameget- diparikanyaah pisan. Mindeng kpanggih dikirim tuangeun. Kalan-kalan ku raina sok dikeupeulan artos, bisi aya kapalayna.

Keur anomna mah biasa cenah dagdag-digdig usaha jeung ngurus ituh-inih sailaharna jalma dina pakumbuhan. Usahana téh kulub jéngkol –ngolah jeung ngadagangkeunana.

Mimiti si jéngkol téh dibebekan sarta dipiceun kulumudna. Geus beresih tuluy diwadahan kana boboko gedé parantina, tara diantep kawas pindang dina buleng, samerenahna ku manéh wé. Nungtut ngeusikeun jéngkolna téh, diselang ku diawuran taneuh béar tur beresih meunang ngadadak ngoréhan ti pipir, ngahaja si taneuh téh sina nyaresel kana sela-sela jéngkolna. Geus limpud salapis, terus ditambruan deui jéngkol sarta wur, wur deui ditaneuhan kawas tadi. Kitu jeung kitu wé manglapis-lapis. Sanggeus taneuh lapis pangluhurna papak jeung wengko boboko, diingkeun wéh sapeuting. ‘diruang’ pajarkeun téh.

Isukna rebun-rebun dikoréhan, terus dikumbah beresih, diusapan sabébék-sabébék bari dikucur di pancuran. Terus dituuskeun dina ayakan. Geus tuus, brus dikulub ku cai lebu, lebuna lebu hawu, lemes meunang ngayak. Di hawu ngulubna gé, da harita mah can anjrah kompor.

Sabot ngadagoan asak, gusrek marud kalapa. Terus parud kalapa téh digaloan uyah gandu meunang ngarieus sacukupna. Geus kitu terus neukteukan daun cau manggala jangeun bungkusna.

Sanggeus hipu, nyat dijait, terus kulub jéngkol nu kuruyumut ku huut téh dikumbah ku cihaneut sangkan lebuna tarurun. Geus lalimit terus ditiiskeun dina ayakan gedé. Sanggeus tuus jeung tiis, terus dibungkusan sarta diawuran parud kalapa. Genep-genep atawa tujuh-tujuh bébék sabungkusna.

Ngadagangkeunana dina nyiru, disusuhun ngitung lembur. Tara ku nyalira ngiderkeunana mah, metakeun barudak wé. Indung di antarana nu purah ngiderkeunana téh.

Teuing ku payu. Kuat ka rétop cenah nu mareuili téh. Sok pada ngadaragoan. Malah réa nu mapag ka imah, alatan sieun béakkeun. Atuh sering kajadian nu jung kaiderkeun mah kari saparo tina ‘hasil produksi’ poé harita! Ku pelem jeung cakialna cenah nepi ka kitu téh. “ménak gé saredeppeun” ceuk indung, mulang panineungan.

Hanjakal kuring mah teu kabagéan ngasaan kulub jéngkol uyut. Sabab nya éta, tong maké kulub jéngkolna, dalah uyutna gé geus ropoh apan nu ‘kasampak’ ku kuring mah. Boboko gedé paragi’ngaruang’ jéngkolna gé, kari bangkarakna. Sok dijieun bal sanggeus kuring bisa sésépak mah, dibeletuk-beletuk kana témbok bénténg Mak Enoh.

Kilang kitu, aya kajadian nu teu beunang dipopohokeun nu kaalaman ku kuring jeung uyut. Kajadian rongkah mungguh sadirieun kuring mah. Kajadian nu hamo beunang dipopohokeun –sigana sapanjang kuring dumelah. Da geuning buktina nepi ka ayeuna kuring geus incuan gé, kalangkang éta kajadian téh  cékas kénéh pisan. Malah beuki dieu téh kalah beuki nyékasan.

Leutik kénéh kuring harita téh, umur lima taun. Dina hiji poé méméh tengah poé, beuteung kuring ngusial. Ku nini dipiwarang cingogo dina kuluwung pamiceunan cai di sumur tukangeun imah, da kitu sasarina gé.

Tapi dak-dumadak sakali harita mah kuring mugen dititah cingogo dina parantina téh, hayang di pacilingan balong kulonneun imah. Atuh kudu aya nu nganteur da kudu mapay jalan aspal pupuluhan meter. Sedeng nini jeung indung keur riweuh ku pagawéan, teu bisa ingkah ti dapur.

Ku nini diolo, ku indung dipolototan, sangkan daék cingogo dina kuluwung. Tapi kuring teu beunang disisilihan, keukeuh hayang di balong. Pikiran téh resep nénjo lauk marebutkeun hakaneun, mani sok pahibut pagulung. Komo nénjo bibit mah, mecak gubay-géboy sagedé orok.

Ningal kitu, uyut éléh-déét. Atuh kapaksa bari rumanggieung-rumanggieung ogé nunungtun kuring nu geus ulad-alid. Kuring bungah-guligah, kahayang laksana.

Dina émprona di balong, teu kira-kira sukana ati nénjo paripolah lauk, nyeplés sapanyipta ti imah mula. Lamunan mayung diulur, dongéng ‘Si Leungli’ lauk beureum sagedé orok.

Bawaning ku anteng, kuring teu nyangkirangan ieuh bisi uyut cangkeuleun atawa puyeungeun mah. Geus béak gé pingusialeun, moho wé lalajo nu patinggaréboy. Malah uyut gera-gero gé. “atos jaaang…..? atos jaaang…?” teu dipaliré.

Cengkat-cengkat sotéh duméh suku singsireumeun wé. Bosen ongkoh da lauk téh teu haben mijah ari geus béak “araheun” mah.

Cengkat wéh caritana téh, beberesih di pancuran, terus ngeteyep ditungtun dibawa balik. Mimiti leumpang téh mapay darmaga susukan nu paréndéng jeung balong. Béak éta, srog ka jalan aspal, terus meuntas leumpang di beulah kénca.

Tah keur kitu geprakna kajadian téh!

Ti kidul, ti péngkolan, mucunghul mobil sédan. Uyut harita ngajarandeg heula bari mépéd ka sisi pager bumi Ceu Adnah. Malah panangan uyut nu kiwa mah nyepengan kana pager, ari kuring culang-cileung handapeun ingkabna.

Teuing atuh, teuing kumaha peresisna kajadian téh, nu inget téh uyut geus ngudupruk bari haharegungan. Sampéanana nu katuhu ngagépor sisi jalan, ari pananganana duanana pageuh nanangkeup awak kuring nu teu cécél-teu bocél, teu baréd-baréd acan!

“aya nu kadupak mobiiiiiiil!!!” jelema nu araya sisi jalan patingjarerit, tuluy rabul narulungan.

Uyut digarotong ka imah nu kari pupuluhan deui léngkah ti dinya. Ari kuring ditungtun teuing ku saha, ngan inget ku lalaki.

Indung jeung nini nu cenah ngadarangu sora patingdarengék di jalan lain deui reuwaseunana, timburuna jol teg wéh ka kuring jeung uyut. Komo barang jol uyut pada ngagarotong mah, kacida harareugeueunana. Kaayaan jadi tagiwur, imah panggung sagedé saung, dedet ku jelema nu rajol narempo.

Harita kénéh uyut dicandak ka rumahsakit ku nu nabrakna. Lain urang jauh horéng nu nabrakna téh, urang Gang Sukarya, sasar tatangga kénéh.

Cenah keur diajar kénéh nyetirna téh.

Sampéan tengen uyut potong sapisan leresan bincurangna. Ditémbok (gips) di rumahsakit. Ari kuring mah harita, da teu cécél-teu bocél téa, poé harita kénéh gé ngageletek ulin deui baé. Perkara uyut katiban musibah mah –sangkilang diri nu jadi gara-garana- ngiles wé tina pikiran téh.

Atuh isukna, pagétona, jeung saterusna uyut ukur tiasa calik atawa ngajepat, nepi ka sakalieun palay ka cai gé kudu dibébéyéng diréréyang. Kuring, penjahatna, nyaksian sih nyaksian, tapi teu meueus-meueus acan timbul kasusah dina haté, komo kasedih-hawatir mah.

Kalah sok resep nénjo kana sampéan uyut nu ngajelepeng téh, malah dicoo! Mimiti ukur diajar-ajar ditoélan, terus diteueul-teueul, terus diketrok-ketrok ku tungtung ramo. Sanggeus sidik teu nyeurieun, tuluy ditepak-tepak, bari panon mencrong kana pameunteuna, hayang nyaho muringis henteuna. Pék dijungjung-jungjung, geus ngajungjung, sok dilésotkeun, atuh gebru sampéanana nu ampeg ku témbokan ngagebru kana kasur lépét! Resep ku jegjregna! Bibireungeuhan téh kawas suku “Si Baju Beusi” (can usum sesebutan ‘robot’ harita mah). Mun katénjo uyut muringis lantaran karaoseun nyeri, batan eureun anggur ngahajakeun! Mun geus digaok ku indung, kakara nyingkah!

Bangor? Heueuh!

Malah beuki gedé mah beuki kapikir, lain bangor deui patut jiga kitu mah, tapi bangkawarah! Nurustunjung!

Hawatos temenan uyut. Turug-turug waruga ropoh balung ripuh, katiban musibah, atuh mutuh ripuh! Mulan-malén ngajimprek nyandang panémbok di imah sagedé pelok, bari kaayaan hirup jauh ti cukup.

Sawatara bulan ti saprak gips-na dibuka, uyut ngantunkeun. Hirup uyut ditungtungan ku humaregung. Poé-poé ahirna dieusian ku pupuringisan nahan kanyeri.

Kabéh gara-gara ieu diri bangkawarah!

Mun seug harita kuring daék cingogo di kuluwung imah, mun seug harita kuring beunang diolo, mun seug harita kuring teu kabongroy ku lauk di balong, mun seug…..

Keur mah jorojoy haté sorangan tumarima kana dosa, turug-turug réa naker téténjoan sapanjang hirup nu matak nyuat-nyuat nyeuit-nyeuit kana éta kajadian. Nénjo nini-nini nungtun budak, ras ka uyut. Nénjo nu kadupak mobil, ras ka uyut. Nénjo nu di-gips, ras ka uyut. Nénjo pacilingan, nénjo balong, nénjo lauk tinggaréboy, teu weléh nungtun ingetan kana kajadian harita.

Nu basa guprakna teu nimbulkeun rasa naon-naon, nu tadina teu teleb-teleb jadi ingetan, sanggeus sawawa mah karasa peurah-peurih pangaruhna. Beuki kolot batan peruh kalah tambah sumarambah. Saban waktu dikukuntit ku rasa dosa, saban waktu, saumur-umur, nepi ka yeuna, ayeuna pisan, detik ieu pisan kuring keur nulis!

Ti barang hideng mindeng kumejot hayang nuliskeun éta kajadian, malahmandar bisa ngalolongsong, henteu ngabegel mangen baé, tapi teuing ratus-teuing réwu kali dicoba rék ditulis, teu weléh bolay jeung bolay. Pikecapeun metet padedet tina ingetan, susah ngéntépkeunana, susah milih naon heulana. Ana dipaksakeun ngotrét sakotrét-kotrétna, tara bisa kebat da kaburu pegat ku gulidagna rasa. Tungtungna ukur sok matung!

Ayeuna gé cacakan geus aki-aki, méh-méhan teu bisa ngawasa diri, angger waé balilihan nyatetkeun ieu pangalaman. Ceurik lahir saukur ngembeng cipanon, ceurik batin nu teu kawayaan mah.

Bumi Kinanti, Desember 2005

Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

Urang Sunda - Kenali Leluhur, Sejarah, Bahasa dan Budaya Asli Urang Sunda

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

raudya's

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

Biografiparasufi's Blog

Just another WordPress.com weblog

Keajaiban Dunia

Aneka Keajaiban Dunia dalam Berita, Gambar, Foto dan Video

Metafisis

Membongkar Hakikat Tenaga Dalam, Ilmu Metafisika, dan Ilmu Hikmah

Chye Retty Isnendes Blog

Iman, Ilmu, Amal, Sastra