Conto-Conto Rajah

Rajah Banda Bisi Keuna Ku Longlongan

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara
ulah nyisi kudi ka pepelakan aing
maring paré maring sipat sajeneng
kalawan ingsun sasipat
kalawan ingsun mojud maring datulloh
maring sipat béas
sajeneng kalawan isun
maojud maring datulloh
seri asih ka bangsa tunggal
kagungan seuri suci mulya badan sampurna
tunggal iman ambu pancering iman
bapa tangkaling iman
gagang aing gagang iman
salupih aing dadi lansip
dadi sasip dadi lancip

http://sundasmandasukabumi.blogspot.com/2009/10/sarupaning-rajah.html?zx=421c98344fa0cf16

.

.

.

RAJAH SAWAN

NINI KUNJUNG AKI KUDUYUNG

CELEMBENG CELENG PALEMBANG

CELENG TIMBUL TI MALAYU

UNDUR MUNGUNDUR HUNYUR

DITUTUG KU TAMIANG PUGUR

DITUJAH KU TAMBE-TAWA

DITALIAN KU AREUY BULU

DITEUKTEUK KU KUJANG POTONG

DIKAITKEUN KANA WARU CONDONG

TEBEH TIMUR CAH BURANCAH

PAKEMPEL-KEMPEL

.

.

.

RAJAH NGABABAKAN / MUKA PIHUMAEUN

NAY USUK-USUK BUMI

AKI USUK-USUK BUMI

MANYUSUP BUMI PAKUAN SRI ANGKO WULU

TUMPUK TIMUR TATAR WETAN

NYA DI DIDIEU LEMAH PUTIH PIPAREEUN

SRI BANGBENG SRI BUJANG

KA KIDUL ISTAN

ISTAN

http://rizky-amanah.blogspot.com/2011/04/rajah-sunda.html

.

.

.

Rajah Bubuka

Bull…kukus ngelun ka manggung…
ka manggung neda papayung2x….
ka batara neda suka ka pohaci neda suci….
Pun paralun ka sang rumuhun ka batara-kabatari,
 kabatara nagaraja  ka batari nagasugih,
batara pang raksa jagat batari pang hurip bumi…
ampun paralun………….
pun paralun kaseuneu panyeukeut deuleu,
 ka bayu pangusap sukma ka cai panghurip diri,
ka lembah panghudang rasa, pijamaeun da  ari mulang
pun paralun ka pohaci dangdayang sari ka ambu sari pangasih,
ka ambu sari ning bumi, ka ambu sari ning hurip, ampun paralun
ahung…ahung 77x
ahung…ahung…. ahung…ahung…ahung
buru limana putih lemah dempak lemah dampit
lemah cikal lemah bakal lemah panginungan rasa
nu nyanggal sareng ka kujang
ahung…ahung…. ahung…ahung…ahung
ahungna ka buyut kukung buyut kukung ulang alung
di tengah camentrang herang,
mata wene beureum koneng lang sinulang nyerengkebeng
asal nyusup buluk gulung asal nu ngabak pakuan
ahung..ampun paralun..
hung ahung paralun ka gunung nu bakal ka catur
ka lembah bakal ka saba ka tangkal bakal ka pahpral ka cai baris ka sungsi..
ci haliwung nu nyang ngidul cisadane nu nya ngaler
ci hanjuang nu nyangetan ci peucang kiruh ti girang,
 ci kapundung ulah pundung lulurung tujuh ngabandung ka dalapan teu di sorang..
ahung…ahung…ahung….ahung…ahung..
buru lingga asta bahe sajeroning rajah,
rajah kenang rajah kening punah ku rajah pamunah,
bumi rucita, jagat rucita, jaya sang kalawisesa,
 neukteuk leunjeur nilas adegan,
Kabeh siluman sileman jayana mangka sing seda,
sedana beunang ku aing  lohp…
aing nyaho ratu sia nu calik di gunung bukit,
gunung bukit buligir putih, palias punah ku rajah pamunah,
amit-amit neda widi seja heureuy papantunan bisi hariring teu uni,
bisi haleuang heunteu merenah,
 ulah ngait kana fikir, ulah rengat kana manah,
tungul sirungan catang akaran muga bangblas ku hampura…
amit-amit neda wida amitan kanu tos mangkat
pindah alam ku wayahna lumentang di alam panjang
 poe padang nagara tunjung sampurna.
Pun paralun nu mapadane, ngusik-ngusik nu keur calik,
ngeubah-ngeubah nu keur tapa, bisi aya nu kasebit nami keur alit,
 bisi aya nu kasebat jenengan keur budak,
 neda agung nya paralun menta jembar hampurana,
lain diri ku mawani, teu wani bisi kabadi,
lain diri kumawantun teu wantun bisi ka siku, palias niat nyacampah,…
Amit-amit neda widi ka mbah jambrong nu nga geugeuh bandung kulon,
 ka mbah dipa nu ngageugeuh bandung wetan,
ka mbah naya genggong nu ngageugeuh bandung kaler,
ka mbah raksa pujil nu ngageugeuh bandung kidul…
Amit-amit muga di raksa di riksa mugi di aping di jarring,
anu hiri anu dengki anu jail kaniayaya,
pang nyingkirkeun pangnyingkahkeun pangepeskeun…
Rajah kula rajah pamunah, jadi haseup anu ngelun,
 ngelunna ngelun ka manggung, ka manggung ka mega mendung,
run turun ngajadi hujan, hujan poyan sirantangan,
 nyinglar halangan harungan,
balungbang maka balungbang ngebat jalan nga bulungbung bray nyingray lalangse puri hapsari,
nyingray di unday pohaci……

Conto-Conto Jampe

Jampé Budak Ceurik
Baca 7 kali

Nyi Ara-ara Nyi Iri-iri
ulah sok jail ka adi,
tuh da sia bawa ngajadi,
cep meneng si jabang bayi. Tamat

Jampé Paranti kana Sasalad
Dibacana sapakarangan urang sarta bari hajat cai kopi surutu, tapana nyaring 3 peuting, ieu duána:

Rasa putih lénggang hérang rasa nisun,
rosululloh radén seneng namaning Alloh
Seri Yakti pandita leuwih,
ratu ayu nu ngajajah Nusa Jawa,
Putrana Pangéran Sélong

Sang Puyuh Putih Malawading nu nyangga cahya,
Ratu Galuh nu aya di Bojong Galuh,
Sang Dadali Putih Malawading nu nyangga cahya Gunung Ciremé
nu aya di Gunung Ciremé

Sang Walét Putih Malawading nu nyangga Gunung Gedé
nu aya di Pajajaran
hurip gusti // waras abdi ku Pangéran Sélong.
Jampé Ceuli nu ku Lenyé
Tapana 3 poé 3 peuting matigeni:
Ngaduána dina cikur dibura

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Seri Wilayang Wiyatguna mulih guna sira,
mati ya mati ya mati ya.
Jampé Paranti Nyandung
Puasana 7 Senén 7 Kemis

Sang Kuyumut Gelung nu ngadeg di tengah datar Malaikat Diyem
ngaran wadon sira némat ka Malaikat Ajalulloh
Malaikat Jalalah sira némat ka Malaikat Diyem

ratu kama pada kama metu rasa pada rasa
Malaikat Jalalah némat //ka Malaikat Diyem -28-
némat ka Malaikat Jalalah ya isun Malaikat Jalalah,
ya isun panutan sira.
Jampé Lamun Urang Nyandung Rék Dianutkeun.
Puasa 7 poé mutih sarta baca 40 sapeuting. Saratna sangu sakeupeul

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Bayu tutut bayu runtut atmané si jabang bayi (…… Binti ….)
ya isun pangéran nira
ya isun Bagénda Ali
laa ilaha ilalloh Muhammad rosuululloh.
Jampé Paranti Ngemat Wisa
Tapana mutih 21 poé sarta ngalarang ulah nginum dina gayung:

Sang Cela Sang Celé
sira maréné ya kang ngerang-ngerong
nangram cerem majati kang ngakon sang céléng tengéh
ongwah-ongwih
Jampé Ngaleungitkeun Wisa

Sang Cela Sang Celé
sira lungaha kang Dermajati
kang ngakon cang celang-celung ngaha sira
Jampé Hayang Boga Anak
Sarta kudu tapa sapoé sapeuting dina waktu arék ngamalkeun éta du’a. lamun hayang boga anak awéwé kudu baca malem jum’ah 40 kali kemisna puasa, jeung malem Senén, lamun hayang boga anak lalaki ku ngadua dina wewedalan macana 50 kali sarta beurangna puasa.

Bahrun warohun
Jampé Kuris
Loba tapana kum 40 poé mutih. Ieu du’ana

Bismillaahirrohmaanirrohiim.
ong kama-kama Rosulullah
neda carang teka carang celék saésé
Malaikat rosa Malaikat hening
bayuna neda sampurna
banyu larang ka lebé kukuhan

Lembu Wulung panemuna Sanghyang Bolégér Putih
Radén Demang Ratna Wulung
sira wakidul Purba Munding Pacarang
Radén Saca Hérang Ratu
Pangadep pangéran Pangadep

Jampé Paranti Nyirep Kuris

Ibu Kurung bareuh ma sirep
sirep muna sirep kaseupah mulan
rep sirep rep sirep rep sirep
Jampé Mépés Kuris

Bismillahirrohmanirrohim.
Tumbalkeun pangandika Gusti
kula Radén Emas Ujung Patapan marang kang darbé
panyakit aja ora hah warasing dina bayu
hah waras hah waras hah waras

Jampé Kuris Ateul

Sang Kuris Putih nu ngancik di tulang putih,
Sang Kuris Baruang Putih nu ngancik di daging putih
Sang Kuris Hantu Putih nu ngancik di getih putih
Sang Kuris Teluh Putih nu ngancik di otot putih
har tesa daku putih
Sang Kuris Kuman Putih nu ngancik di kulit putih
har tesa daku pada putih

Jampé Kuris Nyeri

Bismillahirrohmanirrohim.
Aki Tumenggung Linggung Gentong
andir ka gunung Ujung Kaluhan
datang ujar raka sieun ku lantung bagus
kalintung Bagus Karang
pangrawatan sudalkeun sakaleuweuk satoong sadepong
Puhaci Buyut Bumi Puhaci Kalintung Henung
ngaran Sang Buadi leuleus liher
Jampé Kanceuh

Saha anu eur-eur di luhur di awang-awang
ratuning kanceuh moal kanceuh
da aing ratuning kanceuh.
Jampé Ngajajamuan Awéwé Supaya Jadi Deui Parawan
Saratna dina buah cau kulutuk anu sacinggir gedéna lobana opat belas ésé. Puasa sapoé sapeuting. Ieu du’ana:

Bismillahirrohmanirrohim
Kulit raket otot raket
daging raket balung raket
pet pet dipepetan
Jampé Budak Nu Sok Ceurik Waé
Baca baé kieu du’ana tujuh kali:

Nyi Ara-ara Nyi Iri-iri
ulah sok jail ka adi
tuh da sia bawa ngajadi
cep meneng si jabang bayi
Jampé Budak Barusuh
Nawana kana daun tiwu jeung seureuh sarta tuluy diungkunkeun kana sungutna.

Bismillahirrohmanirrohim
Nini Ureb-ureb Aki Ureb-ureb
ulah ngurey-ngurey Si Utun Si Inji
ngureb-ngureb catang bobo
ditawa ku Sang Bayu Putih
rep sirep

Jampé Sagala Rupa Panyakit
Tapana tujuh Senén tujuh Kemis.

Kanggo Malaikat Jabrail kang nambani
rosululloh kang amarasaken
Allahu lailahaillaloh muhammad rosululloh
Jampé Ngagugurah Tembang
Dijieuna tina béas ketan hideung jeung gegecok buah maja teres diibun dahar. Tapana tilu poé tilu péting mati geni.

Bismillahirrohmannirrohim
Bismillahi usik nyaring
Sang Randu kalis nitah hudang
Nyi Randa Kembang pangalungkeun aing saur
pangmalangkeun aing sawara
ngalawung asa di manggung
rumentang asa diawang-awang
sada jauh sada deukeut
sada jauh huntu batu
létah kawas Si Pangalapan
asihan dina tikoro
Jampé Angkik
Hasiatna pikeun ka nu gering atawa édan nu geus teu beunang ku sagala ubar. Mangka puasa baé 3 poé 3 peuting, ulah saré ulah dahar terus matigeni sarta maca dina dina pingkan bodas. Lamun ka nu gering dina siraheunana lamun ka nu édan cikur, jahé, bawang bodas, panglay, konéng gedé, tuluy parud dipaké ka nu édan sarta ngamandianana kudu dina dahan nu palid ngétan lamun aya atawa ngalér semu ngétan éta pikeun ngamandianana, ieu jampena:

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Allohummaini sun imankeun aji putih
purnamané Sultan Cirebon
ilaha ilalloh

Allohumma ini sun imankeun
purnamané Sultan Campa Aji Putih
purnamané Sultan Campa
ilaha ilalloh

Allohummaini sun imankeun
purnamané Sultan Demak Aji Putih
purnamané Sultan Pajang
ilaha ilalloh

Allohummaini sun imanaken
purnamané Sultan Solo Aji Putih
purnamané Sultan Solo
ilaha ilalloh

Allohummaini sun imanaken
purnamané Sultan Mataram Aji Putih
purnamané Sultan Mataram
ilaha ilalloh

Allohummaini sun imanaken
purnamané Sultan Pati Aji Putih
purnamané Sultan Pati
ilaha ilalloh

Allohumaini sun imanaken
purnamana Kadiri Aji Putih
Purnamai Sultan Kadiri
ilaha ilalloh

Allohumaini sun imanaken
Purnamana Sultan Surabaya Aji Putih
Purnamana Sultan Surabaya
ilaha ilalloh

Allohumaini sun imanaken
Purnamana Sultan Cilacap Aji Putih
purnamané Sultan Cilacap
ilaha ilalloh

Allohumaini sun manaken
purnamané Sultan Banten Aji Putih
purnamané Sultan Banten
ilaha ilalloh

Allohumaini sun manaken
Sultan Palémbang Aji Putih -88 –
Punamana Sultan Palémbang
ilaha ilalloh

Allohumaini sun imanaken
purnamana Sultan Erum Aji Putih
purnamana Sultan Erum
ilaha ilalloh

Allohumaini sun imanaken
purnamana Sultan Mesir Aji Putih
purnamané Sultan Mesir
ilaha ilalloh

Allohumaini sun manaken
purnamana Sultan Mekah Aji Putih
purnanamané Sultan Mekah
ilaha ilalloh Muhammad rosululloh

Nunggu putih jadi nyawané
wong sajagat kabéh
lailaha ilalloh.
Tuan kaula tobat ning dunya akéh
bila’i akéh rancana

Jampé Syéh Adbul Kodir Jaélani pikeun  raheut atawa luka potong tulang
Tapana tilu poé tilu peuting mati geni. Teu sare teu dahar sarta mandi tujuh janari. Waktuna rék nawa kudu banyu wudu sarta maca solawat tujuh kali, patihah tujuh kali hadiah ka kangjeng tuan Syeh abdul kodir jaelani, ieu du’ana:

Ashadualla illaha ilalloh
waashaduana muhammadarosululloh
audubillah himinasa saiton nirojim
bismillah hirohman ni rohim.
Bimillahi hamidil ladi
Laitsa kamislihi saiun wahuwwa saiun bikulli sai’in alim

Urub-irub rosululloh
metu murub ing datulloh
usik sajeroning Alloh
murba sajeroning Rasa iya
rasa iya rosululloh
ya Alloh kang kawasa
Lungguh tepung rasa pada rasa
amrih nulungi Sayidina Syéh Abdul Kodir Jaélani Syéh Ahmad Kabi’u Rifa’i
warobuka sapim minal amrudi
waismun wagoirihim pariki pariki pariki.
Jampé Séwu Sampurna

Sarining hurip rasa tunggal sayuda kang agung
sukma mulya kang dat sampurna
dat les tanpa wekasan
Jampé Rambut Sadana
Tapana mutih tujuh poé sarta ngalalab tujuh poé, macana dina minyak kalapa anu ku bulan sarta dina jum’ah nulis dipakéna dina indung leungun bari dibaca éta kalimah.

Bismilla hirohma nirohim
Sang Nyawa Naga araning lanang
Sang Nyawa Niga araning wadon
undar andir salaka gading undar salaka buwana
nunggu nunggu asihan si rambut sadana

kinaya wayang ngaran pandé
di kuna pandékeun aing saéyon lumping kuning
mangkana podot ku curuk purutkeun
saambulat Sang Cipta Jati uriping esa
sang cipta larang uriping salaka
Sang cipta larang lénggang hérang
sang ratu rayana Sang Ratu Gajah Lumpang Sémanging
apa murub tengah-tengahing manusa
leng kasugihan. Tamat
Jampé Munah Sagala Panyakit

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Kang kawa Malaikat Jabrail
kang anambani Rosululloh
kang amarsaken
Alloh laa ilaha ilalloh muhamad rosululloh.
Jampé Sagala Rupa Baruang
Tapana mutih tujuh poé matigeni sapoé sapeuting arta nyegah dahar lauk sepat jeung sakur lauk anu aya tandana kayaning anu titik. Lilana satungtung hirup sarta lamun dipaké dina dampal leungeun tiup 3 kali.

Bismillaahirrohmaanirrohim
Wisa wisu
Si Wisa kang lagi teka kabendon déning Yang Widi
kalangkung déning Sang Sara samanéa
Jeng Nabi Adam ka pada sateru sakalir rahina
wengina anangis kawandasa tahun
cipanon inten wiraséla
Jampé Baruang Make Dawegan

Kuyumut putih sisi cai
kuyumut hérang sisi tegal
pek pok dep les lebur hancur da dibanyu
musna ilang tanpa karana

 

http://sundasmandasukabumi.blogspot.com

Conto-Conto Jangjawokan

Jangjawokan Paranti Nyeupah
Puasana 7 Senén 7 Kemis, mandi tujuh isuk, wekasanana mati geni sapoé sapeuting. Ieu du’ana:

Bismillahi suruh panggawé ati
jambé panglebur ati
apu panggurit ati
angker atina Si Anu

Bismillahillahi putih saking bapa nira
abang saking biang nira
dadu arana ashadu adep idep. Tamat

Jangjawokan Ngalintar atawa Nguseup Supaya Loba Laukna
Tapana ngalalab 7 poé. Ieu du’ana:

Aki Rékrék Turaya
anak patutan turunkeun
aing nya pangkonan sia

Banyu emas nu lénggang putih
Bayu emas nu lénggang hérang
bumi meneng //bayu meneng -7-

Ku Sang Kilat kumoncorong ratna putih
Sang Ibut Putih undur ku Sang Kilat Sakti
Ya isun sang D(e)mit Jati. Tamat

Jangjawokan Ménta Lauk ka Siluman-sileman
Ieu jampena:

Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
Aing ménta ingon-ingon.
Geura top.

Jangjawokan Lulut Kana Lauk

Asihan aing Si Bangbarang Hérang
asih nu saleuwi sono nu sasédong
Ret puret nu karengkep aing.

Jangjawokan Mandi

Cahaya mamandi cahya
ya iku anganggo cahyaning macan gebong
maka wulung ati
digugul sia bagulong-gulong
beunang gulungan pantang sia bagolong
tek anceup tek sieup ka awaking.
Jangjawokan Paranti Bebedil Supaya Ulah Nyalahan Mimis

Caramaya isun angkongkon maring sira
pangbedahkeun aing Sang Badigul Putih
ku sang Baju Badigul Putih
ka sawakcané kanu pernah
tuh sawarga nira.

Jangjawokan Paranti Kana Bedil Supaya Ulah Keuna Ku Harus
Tapana 7 poé mutih mutih 7 poé 7 peuting ulah saré sarta teu meunang saré di wawangunan 7 peuting, ieu duana:

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Isun ngaran nira sadurungé ana bumi langit
Sang Diwulat aran nira
nursih maring isun.

Jangjawokan Paranti Ngajajamuan Awéwé Supaya Jadi Parawan Deui
Saratna dina buah cau kulutuk anu sacinggir gedéna lobana opat belas ésé. Puasa sapoé sapeuting. Ieu du’ana:

Bismillahirrohmanirrohim
Kulit raket otot raket
daging raket balung raket
pet pet dipepetan.

Jangjawokan Maké Minyak
Tapana mutih sakawasana mandi tujuh janari

Minyak aing minyak watu
dipidu di sihung maung
diocék di panonpoé
sekar taji suru gajah
nya gajah tunggal katau
wus kabeubeur
wus kabeungkeut atina si anu
atawa atina wong sajagad kabéh

Jangjawokan Lamun Paré Kurang Eusi
Ieu du’ana :

Ashadulallaillahaillalloh
waashaduannamuhammadarrosululloh.
Jimat aku jangkaring sahadat
puhu rasa godong hurip
sirulloh rasul kang asup cangkang
muhammad bungkulung manah. Tamat

Jangjawokan Panganggo Patani ti Awit Naék kana Leuit Paranti kana Tarajé

Puhaci Kéwuan Larang
Puhaci Rantayan Jati Aran Panggolong
Puhaci Sara Gimansari
wawuh sira ma ngambung sa énjak-énjak
saréna saeutik mahi hanteu réa nyésa
puhaci lantaran hérang
puhaci lantaran manik
puhaci lembut putih ana persandak

Jangjawokan Paranti asup kana leuit

Buah sukma peupeuk nu peupeuk Sang Batara Jati
ulah gédér ulah reuwas
mangga unggut kalindungan
ulah gedag kaanginan
ieu geus sia dilemah putih kasucianana.

Jangjawokan Paranti Neundeun Enggon atawa Telebug keur Paré

Gunung manik aniten
sampakeun para déwata
aran gunung Puhaci Amaran Jati Amparan.

Jangjawokan Ka Nu Tinggaleun Supaya Teu Leungit atawa Dipaok

Tinggaling sukma aran wawayangan tengah
aran nu ngaraksa lumbung
Puhaci lantaran hérang
Puhaci lantaran manik. Tamat
Jangjawokan Paranti rék Nyokot Paré

Nurulloh sirulloh
seri ambu leungeun ngadatangkeun
nya aing Ambu Puhaci Ratna Kasih
deudeum sukma pepek langgeng
tan kenang owah. Tamat

Jangjawokan Netepkeun Béas

Manik Larang ngaran nu tapa di jéro béas
Puhaci Lénggang Hérang
Puhaci Leunteur Putih nu mangku sajagat kabéh
ngaran dalu-dalu Puhaci Gelungan Jati
ngaran kéjo Puhaci Lémok Larang
ngaran gigih Puhaci Lempungan Rasa
ngaran réméh Puhaci Naga Talétéh
ngaran anu nungguan imah Nini Bermana Aki Bermana
ngaran anu dina lawang imah Nini Gandaré Aki Gandaré
ngaran longlongan Nini Karamat Aki Karamyang
ngaran anu di girang Nini Iles Aki Iles
ngarana anu di hilir Nini Déwa Kasih
nya aing sira mangambuh
sira mangambuh saéncak-éncak
saréana saeutik mahi hanteu réa nyésa

Puhaci Megat Rasa
Puhaci nu aya di wétan Sri Mangebarung
Puhaci nu aya di kidul Sri Mangundur
Puhaci nu aya di kalér Sri Mandalarang
Puhaci nu aya di kulon Sri Mandala Putih

Éta sadayana jenengan
lamun ku bangsa patani kudu dihadiahan sarta disebut jenenganana dipénta, lamun kaliwat ahli patani tanina kurang mangpaat

Jangjawokan Ngingu Sapi

Sia abus kenur tambang taya ngaran
sia eukeur tapa di gunung di kahiayangan
rasa sia rasa awaking rasa sia.
Jangjawokan Ngingu Ingon-Ingon

Sang Sawara Nini Kumantang Aki Kumantang
duwé putih Sang Putilang mang liat mangala-ala
sawara sia sawara awaking
Andini Apus Buyut Cangah ngaran sia
eukeur tapa di jero
beunang bubu putih
wangsa tingal mantra sia
nya aing batara sia

Jangjawokan Arék Mandi

Nawaétu Ranggani namaning istri
dat ludiat dat cahyaning pangéran
jisim abdi ngangken cahyaning pangéran

 
Jangjawokan Nyerepkeun Élmu dina Sapoé Sapeuting

Seri Tapa Mulanggana
awak panipuh buana
anyipuh Sang Hyang Tapa
nur dat nur sipat
nurtes bakaling manusa
trét cai bakaling manusa
lailaha ilalloh Muhammad darosululloh

Jangjawokan Nyaba
Saméméh indit kudu ngagedig bumi tilu kali sarta maca:

Bumi tuli jagat buta
rep peteng wong sajagat kabéh.

http://sundasmandasukabumi.blogspot.com

Conto-Conto Singlar

Singlar Panulak Panyakit
Tapana nyaring 3 peuting puasa sapoé sapeuting,ieu duána;

Ong gambang gambung,
teluh katimpuh buta kasinglar
wong sira pada suminggah
ya wisésa ya aing patapan masdaru patapan daruni
ratu neluh buta ajur

Si Lumbak Si Atong
Si Ngudak Si Cocolongok
Si Kapulaga sira liman jeneng
ingsun sutera mangaya
luwas waluya walaidun desit cundek kala calu sipat nabi,
sipat iman iya rosululloh. Tamat

Singlar Jurig
Tapana sakawasana, ieu du’ana:

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Kakang kuku adi antu bayina aja lunga-lunga
enténeun si idep teka tetep teka mantep
mantep ka pangkoning Alloh
laa ilaha ilalloh

parkutut si ratu putih
Sang Siwala tunggal tek meneng
teka mantep mantep pangkoning Alloh
laa ilaha ilalloh muhamad rosuululloh.

Singlar Pagebug/Pageblug
Macana nyanghareup ka wétan kalér kulon kidul ka luhur ka handap sarta tapana 7 poé mutih sapoé sapeuting mati geni dibacana tujuh kali. Ieu du’ana:

A’udubilahiminasaitonirrojim
Bismillahirrohmanirrohim
Sang Ratu Manik Mantaya rupané ireng
pernahé ing kidul
kutoné wesi
tetengeré lindu
perbawané rumeub

Sang Ratu Manik Komara rupané putih
pernahé madhab wétan
kutoné //salaka -46-
tetenggeré udan
sanget perbawané panyakit lumpuh

Sang Ratu Manik Rayani rupané kuning
pernahé kalér
kutoné emas
daging raket balung raket
pet pet dipepetan. Tamat

Singlar Pangganggu Diri
Nyanghareup kana madhab opat biasa saperti du’ana.

Bismillahirrohmanirrohim.
Saking kidul badan suci
sampurna idin gusti
ya Allah ya Rosululoh

Saking wétan //nyawa suci -47-
sampurna idin gusti
ya Allah ya Rosululloh

Saking kalér bahya suci
sampurna idin gusti
ya Allah ya Rosululloh

Saking kulon iman suci
sampurna idin gusti
ya Allah ya Rosululloh

hurip gusti waras kula ning Allah.
Singlar Pakarangan atawa Pakebonan
Tapan mutih tujuh poé, puasa tujuh senén tujuh kemis, mati geni sapoé sapeuting macana dikurilingan éta tempat, unggal-unggal peuting ieu du’ana.

Awang-awang uwung-uwung
apa kang ana jumanter
kang ana jumantar ngancik jagat kulon
// ngancik jagat lor -48-
ngancik jagat kidul
ngancik jagat tengah

Nama Ala Jaya Séh Jalal pancering sahadat
lailahailalloh muhammad rosululloh.
Iman palias tauhid palias
kang Sirojaya ratuning palias
tutup kancing gedong Alloh
lailahailalloh muhammad rosululloh.
Singlar Jero Imah

Sang Ratu Lentuk Dawuk ngaran Si Nini Lembur
Sang Ratu Léngko Hérang ngaran buruan
Buyut Géhgéran Buyut Dogér ngaran kula
buyut Suksuk Buyut Dungkuk ngaran hawu
Buyut Ujaré Lukmanul Hakim. Tamat
Singlar Paré Atawa Pepelakan Bisi ku Bagong
Ieu duana:

Seri céléng bang céléng Palémbang
geura los geura leumpang
ka Sabrang ka Palémbang
ka Janggi ka Patani
ka Batak ka Tulangbawang
ka nu héjo lolopangan
ka nu hideung siga nila
di dinya kahanan sira.
Istan-istan-istan. Tamat

Singlar Sagala Rupa Panyakit
Macana dina menyan sarta madep ngiblat. Ieu du’ana.
// Atawa panyinglar ribut pikeun kasalametan sakabéh. Ieu du’ana: -78-
Kaki kang tua baktaneun awaking raga déwata
nya awaking hamparaning mami sakur si tunjung putih witing larang saking rasa Alloh
kang asung tatamba Jabrail kang anakséni
Muhamad kang anambani
Alloh kang amarasaken.
Singlar Sagala Rupa Panyakit
Macana dina menyan sarta madep ngiblat. Ieu du’ana.
// Atawa panyinglar ribut pikeun kasalametan sakabéh. Ieu du’ana: -78-

Kaki kang tua baktaneun awaking raga déwata
nya awaking hamparaning mami sakur si tunjung putih witing larang saking rasa Alloh
kang asung tatamba jabrail kang anakséni
Muhamad kang anambani
Alloh kang amarasaken.

Singlar Panyakit atawa Kasandingan Demit
Tapana tujuh senén tujuh kemis. Ieu du’ana:

Kuluwung sungsang mulak malik mujur ngétan
ana sétan binarutan
mangkeluk sétan lanang mangkeluk sétan wadon
jailulloh sapajail satruning Alloh
ana camuris lukbis anaking belis
oranana subaya baya
istan istan istan
Singlar Kunti
He kunti anak
lagi apa sira meneng sasoring witing jambé
aja meneng sasoring witing jambé
émok katibani Nyi Darupih
mati si kunti anak urip sing anak-anak

http://sundasmandasukabumi.blogspot.com/2009/10/sarupaning-singlar.html

 

Singlar Hujan

bismilahirohmanirohim
nini raspati jaya ning angin
embah buyut dalem jaya kusumah,,,,

:: bari nahan nafas baca 7 x

http://ncepborneo.wordpress.com/category/rajah/jampe-pamake/

 

 

Singlar Nu Jail Kaniaya

Tutup gedong kancing wesi

Dipager ku Sang Rumuhun

Ku Ratu anu ngajajar

Nay Ratu anu ngajejer

Anu ngajajar dina karang

Anu ngajejer dina lawang

Manusa tinggal ngadeg

 

Conto-Conto Ajian

MANTRA AJI CAKRA

Ini Panyukat Aji Cakra
Ku Si Naga Nagini
Sang Manon Sang Matongton
Cupu bahuk udang lulus
Ila-ila ku Sang hyang Waruga Bumi
Ila-ila ku Sang Hyang Waruga Lemah
Satitis Waruga Bumi
Satitis Waruga Lemah
Sang awaking na tutunggul
Megar catang megatkeun apus
Kayu pupug kayu sepug
Kayu ku si balebatan
Kayu ku si Kahuripan
Hurip bayu

Kumeleper buyut agul
Nu neureuy bwana ini
Saha nu kolot sorangan
Basa keur cang keur bungbang
Basa keur lemah.
Langit ngarus Sri Lenggang
Sri maya lenggang
Ngaran lemah caki
Sri Man Sri Wacana
Sri Baduga Maharaja
Sang Ratu Hyang Banaspati
Nu nyahleur di Rancamaya
Ditutug Watubeusi.

Hong hakasa dewakata
Turun bayu ngawisesa awaking
Turun murba ka bwana panca tengah
Ya piyangpi geni,
Ya husipat bwana,
Ya hucaya ning bwana,
Ya husipat langgeng,
Nu ngawisesa di bwana

Sang ratu Libung Gumur
Nu temetes saking Meukah
Nu mungguh saking kidul
Dat muliya sapurna hidattulah

Sang Ratu Kilat Barahma,
Nu temetes saking Meukah
Nu mungguh saking kaler
Twa Darma Makilat
Tumurun saking Meukah,

Nu mungguh saking wetan.
Twa jempi larang,
Tumurun saking Meukah.

Hé Sang Bapa Putih
Sang Baga lumenggang
Rat muta rat mutayu,
Rat saking urip.

Cuplikan Koropak 421
Sumber : Kosmologi Sunda, Undang A. Darsa & Edi S. Ekadjati, Kiblat – 2006
Disadur ku : Rakean

 

Ajian Sangkan Tohaga
Ieu elmu katimbunan
Badan kuat teu karasa
Duk sakumpul asa kapuk
Duk sarempang asa kapas
Ampulna hampangna
Ku pangaresa Alloh sorangan.
Ajian Halimunan
 
Les peteng nu peteng
les leungit tandana peteng
Nini Hanatik leutik
asup kana ruas leutik
awaking Si Raga Ruas

Conto-Conto Asihan

ASIHAN RAMBUT SADANA

“Sir maya-maya layon-layon kembang kancana; 

Aci sukma permana Pangeran Rambut Sadana; 

Bur putih enggon sira nyawa dina emas; 

Soca aing salaka rarasan aing sangkana jati araning perwuh narik kasihan; 

Sang junea herang nu ngaraksa gedong wetan; 

Sang junea lenglang nu ngaraksa gedong kulon;

Sang junea lebok nu ngaraksa gedong kidul; 

Nya aing putra sang parbu putra wisesa nu ngaraksa gedong kaler; 

Curuk mangirut, cingir mangais, jariji nu matak asih, jajangkung anu nuduhkeun, ambu leungeun ngadeuheuskeun, kapuret ku dampal leungeun aing; 

Tukruy-tukruy paranti ngirut nu jauh, paranti nyambat nu anggang, paranti muret nu deukeut; 

Nu bogoh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu asih pagiling-gisik; 

Saur aki sang mukaha. 

Ehm utun inji, kasusah sakitu mah teu pira teuing;

Kamarurut, kamaruntut, kamaasih, kaawaking. 

Ya Allah ya Allah, Allahuma Rajasakti; 

Muhammad Muhammad kakasih Allah; 

Ya isun kakasih Nabi bis asih mil mulaning asih lah sajatining asih; 

Astaghfirullahal’adzim, Astaghfirullahal’adzim; 

Bismillahi barang datang barang utun; 
Manusa si dewa wenang barang tikakin; 
Ti timur mang rebu-rebu, ti barat mang laksa-laksa; 
Eukeur euweuh teu kaaya; 
Keuna ku asihan aing Rambut Sadana; 
Da aing eukeur hirup di dunya!”. 

http://websitedada.wordpress.com/2012/07/09/elmu-asihan-rambut-sadana/

 

 

Asihan Cupu Manik Astagina

Tapana mutih 7 poé sarta mati geni 3 poé tilu peuting, mandi 7 isuk. Ieu du’ana:

Ya huu ya aku manik astagina
amer nyawané wong sajagat kabéh
lulut asih ing awaku

Teka remek badan nira teka pegat atma nira
atma nira atma nisun
ya isun déwé pangrasa
rasaku rasa teka cipta dening awaku
Laailaaha ilalloh muhammad rosululloh. Tamat
Asihan Lulut
Dina menyan bacana 2 kali, puasana 7 Senén 7 Kemis di(b)acana malem Jum(a)’ah. Ieu dua’na:

Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanas rasa tunggal wekasan
sih asih kinasihan sukma
bana sisit pangasaku

Rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang. Tamat
Asihan Ahmad Muhammad
Puasa sapoé sapeuting matigeni sarta dibaca terus. Ieu du’ana:

Bismillahirrohmaanirrohiim.
Ahmad Muhammad amba aneda somad
tuan Ahmad Muhammad aneda somading Alloh. Tamat
Asihan kana dunya atawa dagang
Tapana 7 poé mutih 7 Senén 7 Kemis, dibacana 40 kali saban peuting. Ieu du’ana:

Sun angaweruh kang andu wasani gedong sanga
Jud Putih kang tunggu gedong wétan
sumujud maring ingsun
Sang Cula Hérang kang tunggu gedong kalér
sumujud maring ingsun
Sang Cula Magah kang tunggu gedong kulon
sumujud maring ingsun
Sang Cula Lebak kang tunggu gedong kidul
sumujud maring ingsun
Laailaaha ilalloh muhammadu rosululloh. Tamat
Asihan Rosul
Tapana mutih 7 poé mandi 7 janari. Ieu du’ana:
Ya Alloh ya badan
ya nyawa ya Rosululloh
nur putih nu misésa
roh putih madep sira maring ingsun
ya isun Ratu Agung Purba Wisésa
Pangandika ning Alloh

Sumujud sira maring ingsun
ya ingsun kang misésa
ket puket atina Si Anu maring ingsun
ya ingsun pangéran nira
teka welas teka asih ka awaking
awaking ratu asihan. Tamat
Asihan Rosululloh
Tapana 7 Senén 7 Kemis. Ieu du’ana:

Ashadu ala ilaha ilalloh
lamun ngungun ka tebéh Rosululloh
lamun ngucap ka tebéh Alloh

Asihan Waruga Jagat

asihan ratuné sajagat
asihan cahya sajagat
asihan rasa sajagat
asihan puter sajagat

Nur cahyaning Alloh
ya isun ratuning asihan
aran Sang Emut Kasih
aran isun kang Emut Rasa

Pangéran sira nu langgeng mulya
hurip laa ilaaha ilalloh
Muhammadu rosululloh. Tamat
Asihan Idelan Putih
Tapana ngabungbang senen kemis. Ieu duana:

Sang Deg Jati Idelan Putih
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana kabéh
Sang Deg Jati Idelan Putih
manik baga sawarga inten
cah hérang nu boga jat
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana
yahu. Tamat
Kinasihan Sabumi Jagat
Tapana mutih 7 poé, ieu duána;

Bismillaahirrohmaanirrohiim
sir kamandatu jenenging istri,
seri kamajaya jenenging pameget,
seri kama welas asih sabumi hanteu sajagat,
asih sabuana kabéh. Tamat
Asihan Alloh
Tapana 14 poé mutih sapoé sapeuting matigeni mandi 7 isuk

Ini asihan Alloh
metu saking Rosululloh Muhamad pangemat rasa,
Sang Kala mungguh di biwir,
Sang Naga mungguh di létah,
naga numpi sakurungan jagat
mungguh di lahunan awaking. Tamat
Asihan Ratu

Puasana mandi saban malem Jum’ah 7 Jum’ah. Ieu du’ana:

Cahya ratu lanang arané Manigur
bangsa cahya ratu wadon
manik emas mirah cahyaning Rama
manik mulya teterapé ciptaneun rarahiné
lungguhé ing mukané. Tamat
Asihan Séh Bodas
Tapana tujuh Senén tujuh Kemis. Ieu du’ana:

Murub metu saking murgaha
amarullah datullah sipat nabi Rosulullah
Séh Sayid Bodas éta diciduhan ku Batara Guru
ya isun Batara Guru. Tamat
Asihan Lulut Dunya
Tapana ngalalab opat puluh poé dibacana saban-saban peuting sarta ulah elat
Bismillahhirrohmannirrohim
Darma haturan isun endi kagungan Alloh
kahatur maring Pangéran isun kang agung
Laillaha ilalloh muhammadarrosululloh. Tamat
Asihan Si Burung Pundung
Tapana mati geni 7 poé 7 peuting mandi tujuh janari. Ieu du’ana:

Nu cunduk bayu Si Anu
nu datang atmana Si Éta
reujeung satineung jeung aing
mangka datang jeung ragana
mangka cunduk jeung bayuna
mangka baraya jeung satineung
mangka tunggal atmana
iya rasa nira iya rasa nisun
saking purbaning pangéran
asih ka awaking
nu bogoh paboro-boro
nu hayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
banyu pagulung-gulung
atma paheula –heula
mangka reujeung satineung
da tungkul geusan jeung sukma
mangka lebur pucus rumangga bayahna
mangka rugrug sagala
mangka asih ka awaking
da urang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
da urang reujeung sa bayu
da urang reujeung //sarasa -62 –
da urang reujeung satineung
iya iku asihan sang ulet jati
asihan reumeuk salira. Tamat
Asihan Si Pulet Onéng
Saratna meuleum menyan dina malem Jum’ah sarta maké minyak dédés. Bacana 2 kali, ieu duana sarta tapana mutih 7 poé, teu kana uyah 40 poé, mandi 7 janari.

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanah rasa
tunggal wekasan.

Sih asih kinasihan
sukma banasi si pangawa
ku rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang
Asihan Kama Metu
Tapana mutih 7 poé, ieu du’ana:

Asihan kama metu
metu pangandikaning Alloh
asihan kama metu
metu pangandikaning Rosululloh
ampat impet jembuk putih
aing nyaho ratu sia Nabi Musén. Tamat
Asihan Rambut Sadana pikeun kana Dunya
Tapana 40 poé ngetan 7 poé mutih. Macana sakawasana unggal peuting 40 kali, ieu du’ana:

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sang Puhaci Sri Rambut Sadana
//seuri kabéh pada marine ya -81-
sing teka kidul teka lor teka kulon teka wétan
ya isun enggon nira
iya isun gusti nira

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Ini asihan nisun Si Rambut Sadana
Puhaci Sang Barang Siang aran emas
Puhaci Hideung Geulis aran picis
nu mungguh ing pangambung
puhaci cinta larang aran salaka
nu mungguh ing ilat
iya isun Rambut Sadana
yahu asih maring isun

Puhaci Cinta Larang dat sia
dék séda tatapa beng Batara Rambut Sadana
nya ayana tahun
nya yana bulan
nya ayana poé waktu geusan sia
//di gedong Mekah geusan jati, -82-
maka tetep langgeng,
nya aing gusti sia. Tamat

http://sundasmandasukabumi.blogspot.com/2009/10/sarupaning-asihan.html

Panuwun Ki Sobat: DeRuz Jampang (Dede Ruska)

Papasingan Mantra Sunda

Papasingan Mantra di Sunda di antarana nya éta: Asihan, Ajian, Singlar, Jangjawokan, Jampe, Rajah (AASingJangJamRaj).

1. Asihan, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan hiji jalma atawa sakumna balaréa mikaasih, mikanyaah, deudeuh, héman, cinta, tresna, jste. Asihan dipiwanoh ogé ku sebutan Pélét, sok sanajan dina watek-perbawa élmuna téh béda; Asihan sifatna ‘numuwuhkeun‘  atawa ‘ngageuing‘ rasa, sedeng Pélét sifatna ‘maksa‘ munculna rasa.

Conto-conto ngaran Asihan Sunda (boh nu asli buhun boh nu geus keuna ku akulturasi réligi) di antarana; Asihan Sileugeuteureup, Asihan Ali Panandong, Asihan Si Taruk Gadung, Asihan Bagal Pirusa, Asihan Si Ulang Gupay, Asihan Si Burung Pundung, Pélét Abshor, Asihan Kentring Manik, jsb.

2. Ajian, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan meunangkeun kakuatan atawa kasaktian lahir-batin lineuwih nu bisa dipaké meruhkeun mahluk lian (jalma, sato, gaib, jsb). Ajian miboga sawatara watek atawa perbawa. Aya ajian-ajian nu gunana pikeun kanuragan (teu teurak ku rurupa pakarang), kawedukan atawa kadugalan (kakuatan badan pikeun galungan fisik), Kasaktén (leumpang di cai, mecah raga, jsb),  Panglimunan (teu katingali ku musuh atawa batur), Panyirepan (gendam, nyieun batur teu sadar, linglung, saré), Paneluhan (sangkan batur/musuh gering, cilaka, atawa palastra), Pangabaran (meruhkeun, ngadalikeun, atawa ngabendung daya-daya ajian lian), Panglumpuhan (meruhkeun daya raga musuh atawa nu maksud jahat), Parewangan (meruhkeun lelembut, jin, demit, jsb),  jll.

Conto-conto ngaran Ajian di antarana; Ajian Prabu Siliwangi, Ajian WalangSungsang/Aji Cakrabuana,  Aji Gelap Sayuta, Aji Pangabaran Geni, Aji Rempak Baya, Aji Teluh Galunggung, Aji Brajageni, Aji Brajamusti, Aji Brajasukma, Teluh Kalabuat, Teluh Budugbasu, Teluh Rambat, Teluh Rawit, Pangabaran Tunggal, Aji Saréwu Peurah, Aji Napak Sancang, Teluh Bajra,   jrrd

 

3. Singlar, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun tujuan ngusir, ngajauhkeun, atawa nyingkahkeun/nyinglarkeun sarupaning hal, perkara, barang, sato, atawa nu lianna. Singlar ilahar ogé disebut Parancah atawa Panyarang.

Conto-contona di antarana; Singlar Demit, Singlar/Sarang Hujan, Singlar Hama, Singlar Nu Kaniaya,  jll

4. Jangjawokan, nya éta mantra atawa dunga (du’a) anu dipapatkeun ka Nu Gaib (Batara, Pohaci, Karuhun, Lelembut, Aci Batin, Sadulur Diri, Hyang Widhi, Pangéran,  jsb) sangkan hasil maksud, cacap paménta, sugema hasil, rahayu, salamet, diraksa, jsb.

Conto-contona di antarana: Jangjawokan Nyiuk Béas, Jangjawokan Dipupur, Jangjawokan Ngisikan, Jangjawokan Diminyak, Jangjawokan Nguseup/Ngalintar, Jangjawokan Nyeupah, Jangjawokan Mandi, Jangjawokan Ngakeul, jsb

5. Jampé, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun ngubaran, nyageurkeun, miceun kasakit atawa meruhkeun panggawé batur.

Conto-contona di antarana: Jampé Muriang, Jampé Harééng, Jampé Seueul Angen, Jampé Asup Angin, Jampé Siwah, Jampé Salusuh (ngubaran nu tarik birahi), Jampé Pamatri, Jampé Kembung, Jampé Ateul, Jampé Konéng, Jampé Sawan, Jampe Nyeri Huntu, Jampé Jangar, jrrd .

6. Rajah, nya éta mantra nu dipapatkeun pikeun tujuan ngajaga, ngaraksa, ngariksa, sanduk-sanduk, uluk-salam, dituyun, diaping, dituduhkeun, dileungitkeun kasusah atawa pangrobéda, dihasilkeun maksud ku Nu Gaib, jsté

Conto-contona di antarana: Rajah Bubuka, Rajah Panutup/Pamunah, Rajah Ngababakan Alas, Rajah Muka Pihumaeun, Rajah Pamunah Lampah Cidra, Rajah Sawan, Rajah Pepelakan, Rajah Imah, Rajah Teluh, Rajah Sukma, jsb 

Mantra

Ti Wikipedia

Mantra nya éta rakitan basa anu mibanda unsur-unsur puisi saperti purwakanti jeung wirahma, anu dianggap mibanda kakuatan gaib. Mantra écés lain kecap nu asalna tina basa Sunda. Mantra asalna tina kecap basa Sanskerta. Mantra gelarna tina tradisi Hindu kuna. Mantra diwangun ku kekecapan nu ngandung wirahma, jelas patokanana, puguh itungan engangna, tungtung kalimah ngalagena.

Awalna mantra dijieun ku para pandita. Kalimah nu diwangun mangrupa getering rasa paménta manusa ka sang Murbawisésa. Mantra awalna aya dina kitab Sutra para pandita.

Di tanah Pasundan, mantra ngajirim jadi asihan, ajian, singlar,  rajah, jampé jeung jangjawokan.

Salian ti ngandung ajén-inajén kaéndahan (éstétis) jeung ngandung kakuatan gaib (magis), basa anu digunakeun dina mantra ogé mibanda sifat nu hésé ditéwak maksudna (éksitoris). Mantra dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun komara pribadi.

Aji Mantra “Paripolah Magi”

Mantra téh sabenerna lain kecap pituin urang Sunda, tapi salah sahiji kecap hasil kaseundeuhan ku basa Sanskerta. Dina Kamus nu disusun ku Charles Rockwell Lanman, A Sanskrit Reader. Cambridge-Massaschussettes, Harvard University Press. 1955:212, disebutkeun mantra teh nyaéta:

  1. thought, esp. thought as utteredin formal address in a prayer or song of praise or in pious text;
  2. usual desiganation of the hymns and texts of the Vedas,later when these Vedic texts came to be used as magic formulas, spell, charms;
  3. Like mantra, deliberation, plan, “magic spell”

Mantra, ceuk nu kacatet di luhur bieu téh ngandung harti “pikiran, angen-angen anu dikedalkeun dibarengan ku tujul, dina waktu keur muji, muja atawa ngadeuheusan nu disembah”, oge ngandung harti “ajian, jampé, jimat, ajian nu magis”. Nurutkeun harti nu dikandungna éta, nya mantra téh patali jeung nu dicatet ku Joseph T. Shipley, dina Dictionary of World Literature. Littlefield, Adams & Co Patterson-New Jersey, 1962:259, nyaéta “Indian pamtomimed religious chant, probable origin or Indic Natya; the mantrapatha or prayer book contains 590 mantras for domestic rites and ceremonials”

Beuki tétéla kecap mantra henteu béda jeung harti anu kungsi dipakwanoh dina kabudayaan urang Sunda, leugeut pakait reujeung anus sok dihaleuangkeun dina puisi-puisi, pantun-pantun nu disebut “Asihan, Jangjawokan, Ajian, Singlar, Rajah, Jampé” kaasup “puisi anu patali reujeung upacara, paneneda, puji anu ditujukeun ka rupa-rupa sesembahan nu ku urang disebut aji-mantra.

Dina Kamus Jonathan Rigg, A Dictionary of The Sunda Language of Java, Lange & Co, Batavia. 1862, aya katerangan yén mantra téh “incantation, charm, secret prayers, thus mantra is also a mystical verse or incantation, a formula sacred to any individual deity”. Ogé leuwih dikuatkeun hartina ku R.Satjadibrata, dina Kamus Basa Sunda, Citakan ka-2. Djakarta: Perpustakaan Perguruan Kementrian P & K. 1954 yen aji-mantra téh lain ngan saukur sarua jeung keuna nu diterangkan di luhur, ogé geus ilahar keuna jeung matuh dina kecap basa Sunda.

Malah Suhamir dina “Tjatetan Sadjarah Sunda II: Hidji Encyclopedia Sunda” Madjalah KUDJANG Tn.VI.no.288 méré katerangan anu meunang nyutat tur ditarjamahkeun tina Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian ( 1518 ) téa, nu unggelna kieu: “…hajang njaho bab adji-adjian djeung djangdjawokan (di sakehning adji mantra), djampa-djampyan, susuratan (isim?), sasaranaan, kasarangan, pawajagahan, puspaan, susudaan, hurip-huripan, tu(n)duk ijem, pararasan (horoskop, tina Skrt. Rači=zodiac>), pasakwan? Tanyakeun ka Sang Brahmana.

Hartina sakehning cutatan ogé puisi-puisi kaasup aji-mantra kayaning Asihan, Jangjawokan, Ajian, Rajah, Jampé téh sok di”kum”keun ku hiji istilah nyaéta aji-mantra. Anu osok diucapkeun lisan baé, diapalkeun, diajarkeunana nurutkeun warisan nu diturunkeun “leluri” sabab aji-mantra téh sipatna rusiah jadi kudu diapalkeun tur ditengetkeun. Ku kituna aji-mantra téh kaasup sastra milik balaréa anu disebut Tradisi Lisan téa, geus awor jeung masarakat pendukung Budayana. Malah mah Bujangga anu kasebut “leuit” Tradisi Lisan oge geus teu apaleun deui yén maranéhna anu ngahasilkeun seni sastra éta. Keur umumna masarakat “tradisional” ogé keur urang Sunda aji-mantra téh ngabogaan sipat magis anu kentel. Lain baé ku mangsa harita (baheula) ogé ku jaman kiwari masih kénéh aya nu miboga anggepan cara kitu, kusabab aji-mantra téh biasana diwaris satutur sarundayanana. Ari nu disebut “magi” nyaéta pamaké manusa pikeun ngahontal paneja ku cara-cara istiméwa, duméh ku cara biasa mah moal mateuk. Sacara téori “magi” téh sarupaning tarékah keur ngajawab masalah kahirupan anu aya diluareun wates kamampuhan akal manusia, utamana masalah-masalah anu dianggap gaib (Koentjaraningrat, Metode Antropologi, Penerbitan Universitas Indonesia, Djakarta: 1958: 184-187).

Numutkeun P.J.Bouman (terjemahan Sugito-Sujitno), Sosiologi: Pengertian dan Masalah-Masalah, Jajasan Pendidikan Masjarakat. Djakarta l957: 132, nerangkeun aji-mantra nyaéta paripolah ‘magi” anu maksudna pikeun ngahontal pasejaan nu ceuk pangrasa manusa aya di alam supernatural. Kusabab alam Supernatural téh digeugeuh ku kakuatan sakti, paripolah “magi” téh dasar-dasarna mah mangrupa “usaha pikeun murba jeung ngagunakeun éta kakuatan sakti téa, oge pikeun miceun rereged dina jiwa manusa, anu asalna tina kahayang kaleuleuwihi. Kukiktuna paripolah “magi” téh teu bisa dibéré alesan anu logis sabab dadasarna aya jeung gumantung dina kapercayaan anu disebut sistem réligi téa.

Salah saurang ahli réligi E.B.Taylor nétélakeun aji-mantra téh nu ngandung “magi” dadasar napakna dina kapercayaan anu kasebut sistem réligi, anu intina kasadaran manusa kana ayana jiwa. Yén obahna alam téh aya jiwa nu ngalantarankeun disatukangeun kajadian-kajadian di jagat ieu: walungan ngocor, gunung bitu, lini ginggeung, angin lilimbungan, srangéngé nu nyaangan ogé ngobahkeun tilu waktu di dunya (isuk – beurang – peuting) nepi ka tutuwuhan harirup. Jiwa alam téh tuluy dipijalma (personifikasi) dipercaya ngabogaan kahayang jeung pikiran nyaéta nu satuluyna disebut déwa-déwa alam. Déwa-déwa nu disambat dina ajimantra nginjeum tina basa Sanskerta keur nyebut ‘dzat” lemes anu méré kakuatan jeung bisa ngobahkeun anu ngabadan dina badan manusa, sasatoan, tutuwuhan jeung sarupaning banda-banda lianna.

Nurutkeun Claude Levi-Strauss (ditarjamahkeun ku Hedy Ashri Ahimsa-Putra, Strukturalisme Levi-strauss; Mitos dan Karya Sastra, diterbitkan atas Kerjasama Yayasan Adikarya IKAPI dan The Ford Foundation, 2001 Cetakan pertama). Kapercayaan ayana “dzat” lemes anu diistilahkeun “déwa-déwa” téa nétélakeun yén sacara “nirsadar” dina pikiran manusa sanajan dina enyana kasebut ti mangsa awal “anu sok disebut primitif atawa cenah méntalitet primitive” padahal mah teu kitu. Anu sabenerna mah aya akta-akta katut prosés-prosésna anu pohara bédana jeung akta-akta katut prosés-prosés nu aya dina alam pikiran manuna dina mangsa mikir sacara ilmiah. Jadi anu kasebut “mentalitet primitive” mun dipulangkeun deui kana ugerna sabenerna mah “kaistiméwaan” manusa anu motekar tina mangsa alam primitif nepi ka ayeuna.

Ajimantra Sunda

Salah sahiji ajimantra oge diwanohan dina kasadaran (budaya) Sunda anu tembong pisan dina istilah oge babasan sapopoe jeung tali parantina “lelembutan, pangacian, nyawa, ngabaju, sukma” ku ayana kayakinan “nyawa anu tara pisah tina badan satungtung hirup di dunya keneh mah, pisan-pisah soteh dimana manusa paeh”; ayana kayakinan jeung kapercayaan yen nu disebut “lelembutan dina keur hirup keneh bisa pisah ninggalkeun raga, nyaeta dina waktu sare. Papanggihan lelembutan salila kumalayang the aya nu disebut impian. Pangacian mah ku reuwas apan osok kabur, ku sieun nya kitu keneh; oge Sukma teh bisa nyurup atawa nitis oge bisa ditepungan.

Nu disebut tali paranti nyaeta upacara, rupa-rupa pantrangan jeung kapamalian. Pantrangan teh aya nu kasebut pantrangan laku, pantrang barang, pantrang tempat jeung lian-liana. Ngajauhan pantrangan teh pikeun ngajaga anu maksudna taya lian ngajauhan balai anu teu bisa ditulak ke daya upaya biasa, anu datangna boh ti nu kaciri (bungkeuleuk ngabelegedeg), boh ti lelembut. Nya ngajauhan patrangan teh ku ngayakeun upacara (salametan). Bisa disebutkeun yen upacara, pantangan jeung pamali teh ngadahup jeung ajimantra dina paripolah ritus upacara. Anu disartaan ku rajah, tumbal, kias, ruwat, siglar, parepeh tea kaasup paripolah magis.

Ajimantra antawa mantra-mantra Sunda nyaeta kayaning asihan, jangjawokan, ajian, singlar, rajah, jampe, pamake anu dipakena teu sagawayah, hungkul ngan dina paripolah magi bae, nyaeta dimana rek ngahontal pasejaan anu ceuk pangrasa manusa aya di alam gaib. Ajimantra teh dipapatkeunana kalayan tujuan pikeun murba jeung ngagunakeun kakuatan sakti anu ngageugeuh alam gaib tea, mangka kekecapan nu diucapkeun teh ngandung kakuatan magis.

Ajimantra digunakeun pikeun:

  1. komunikasi jeung sukma
  2. pinunjul lan rahayu – salamet
  3. pada mikaasih ku sasama
  4. saliring laku lampah, pinareng jeung hasil: dina leumpang, nyeupah, midang, nganjang, masamoan, nguseup, tatanen jrrd.

Jeung nu pangreana tumali kana laku tatanen: nyacar, ngaduruk, macul, ngaseuk, tebar, tandur, pae lilir, pare mapak daun, nyawer, dibuat, mupul eundan, ngageugeus, ngakut, ngukusan pare, unggah ka leuit, muka panto leuit, ngelep pare, nyokot pate tina leuit, nutup pare tina leuit.

  1. nu maot sampurna
  2. bedas, tohaga jeung awet ngora
  3. rahayu lembur, rajakaya (pepelakan jeung ingon2)
  4. lian ti eta aya oge paranti mergasa nu lian, sangkan paeh atawa gering. Utawa parabot neluh the aya antarana puputrian tina lamak, endog kacingcalang, rarwen, merang awi, harupat, hinis awi tali, jarum. Mantra paneluhan the dipapatkeunana di jarian wanci sareupna. Jalma nu rek dipiteluh teh disambat ngaranna, lemburna jst.
  5. ngariksa kebon, pepelakan, pare, atut diri sangkan hanteu diganggu ku sasaton, sato leuweung, hujan angin, subaya ti nu lian, guludug, hama tur angin
  6. nyinglar jurig, kultianak, lelembut2 anu sok jail tur ngaganggu
  7. nyieun babakan, nyicingan tempat,
  8. naklukeun siluman sileman
  9. nulak gawe nu jail kaniaya
  10. ngaruat
  11. Caah, hujan
  12. pamunah impian goreng
  13. ngajampe nu gering wales tur nyageurkeun panyakit
  14. ngajampe nu kacilakaan

Ngan mantra-mantra Sunda mah saeutik pisan anu sipatna magi hideung (black magic) anu tujuanana “nyilakakeun, atawa deleka” tapi sipatna leuwih kanu sipatna mantra bodas, anu tujuanana pikeun karahayuan pikeun nyageurkeun , pikeun kapunjulan, jeung pikeun dipikaasih. Oge mahluk-mahluk lemes anu disambat the rereana mahluk lemes anu hade anu gegedena asli pribumi, tapi aya oge sa-eutik anu kaseundeuhan ku Islam tapi ukur dina kecap-kecapna bae.

Rujukan

  1. Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999
  2. Richadiana Kartakusumah, makalah, 2008
Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

Urang Sunda - Kenali Leluhur, Sejarah, Bahasa dan Budaya Asli Urang Sunda

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

raudya's

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

Biografiparasufi's Blog

Just another WordPress.com weblog

Keajaiban Dunia

Aneka Keajaiban Dunia dalam Berita, Gambar, Foto dan Video

Metafisis

Membongkar Hakikat Tenaga Dalam, Ilmu Metafisika, dan Ilmu Hikmah

Chye Retty Isnendes Blog

Iman, Ilmu, Amal, Sastra