SASAKALA GUNUNG GEULIS

Sasakala Gunung Geulis

     ku; Tekad Pangestu

Assalamu’alaikum wr. Wb

Sampurasun!

Girang pangajén nu dipihurmat, nepangkeun wasta abdi ……….. patandang nomer …. Badé nyobian ngadongéngkeun sasakala Gunung Geulis, anu perenahna di Désa Rahong, Kampung Mekar Sari, kecamatan Cilaku. Wilujeng nyakséni.

Kacarioskeun, jaman kapungkur nalika wewengkon Rahong tacan ngawujud pakampungan, kaayaan alam di sabudeuranana éstu leuweung ganggong geledegan. Malihan, dumugi kiwari gé lingkung Gunung Geulis mah masih ngawujud papasiran anu arang kasorang ku balaréa.

Mapay-mapay tapak carita nyalusur galur nu kacatur, wangkid harita aya sapasang salaki-pamajikan nu ngababakan alas muka pihumaeun, bari saterasna bumén-bumén tur tumetep di éta tempat. Anu istri damel-kasab sadidintenna tina ngebon sareng ngahuma ogé mulung pangpung pisuluheun, sedeng nu pamegetna kacatur tukang panyumpit sinareng ngeurad.

Nanging hawatos temen, sok sanaos parantos puluh-puluh taun ngambah sagara rumah tangga, éta salaki-pamajikan téh tacan waé dipaparin kasempetan migaduh putra. Dumugi manjing waktos tengah tuwuh, éta salaki-pamajikan téh janten aki-nini sepuh nu hapa turunan ilang rundayan.

Dina hiji dinten, Aki Panyumpit seja ngalalana alas. Mekelan diri ku pakarang tumbak watang kiara sarta bedog nu disorén, anjeuna nyorang leuweung geledegan.

Nuju anteng mapay-mapay alas, ujug-ujug Aki Panyumpit ngarenjag bari ngarandeg saheulaan. Hawar-hawar kadangu ku anjeuna aya sora nu ngagorowok bari ngocéak;

“Tuluuung….. tulung…. Aaarrrgghhh…..!!!!!”

Teu nganggé talangké, geuwat Aki Panyumpit ngabiur lumpat muru lebah sora.

Ana bréh téh, geuning aya hiji jalmi nuju dirogahala ku maung!

“tuluuung…. Tuluuung…. Aduhhhh…. Aaarrrgghhh!!!” éta jalmi téh ngocéak maratan jagad, ngajerit nahan kanyeri, jalaran tonggongna badawang raca balas digerih ku kuku maung

Aki Panyumpit dumasar pangalamanana puluh-puluh taun mapay alas, nyingray wewesén pinton jajatén rikat ngayonan tur meruhkeun sato galak. Siriwik…. Tumbak watang kiara nu dilempagkeun ku Aki Panyumpit nyiriwik tarik muru jajantung sang maung

Ceb nanceb parat ka tungtung jajantung maung, Gaurrrrrr…..gaurrrr… sakadang maung ngagaur, garapak…. Garapak…. Kerejet! Kulahék…. Katawis ku Aki Panyumpit maung ngagulahék teu empés-empés leungiteun bayu hirup.

“anak kula…. Anak kula….” Hawar-hawar kadangu sora, jalmi nu tadi dirogahala ku maung téa tutuduh kana dadana

Gebeg, Aki Panyumpit ngagebeg nalika ningal aya orok nu kaheumpik ku waruga sang jalmi. Geuwat anjeuna ngarorok éta orok bari teras diangkat jungjung disungsangkeun tur ditepak-tepak meueusan lebah tonggongna.

Keplak… keplak… kerejet, Éééaaaaaa….! Ééééaaaaa….!

“Alhamdulillah…..” Aki Panyumpit ngucap sukur ka Pangéran jalaran orok nu satadina teu empés-empés téh kapireng nyoara deui

“Séwu nuhun Aki…. Séwu nuhun……” ceuk éta jalmi

Aki Panyumpit hemeng saheulaan, ditilik tina raksukanana katingalna éta jalmi téh sanés jalma samanéa

“gamparan téh ti mana? Sareng baris jengkar ka mana?” walon Aki Panyumpit

“kula ti tatar wétan, dayeuh Caruban nu katelah. Miang ngabandaleut sakanca-warga jeung para ponggawa, ngalolos ti lemah sarakan muru wewengkon pakidulan. Kula kasingkir ku bangsa munding konéng, anu ngagempur kadatuan….” Sora éta jalma haroshos sahos-hoseun

“gamparan, tatu gamparan parna nataku, hiap ku Aki diakod seja lalandong di saung”

“séwu nuhun Aki…. Séwu nuhun, palias kula nampik kaasih Aki, ngan alangkara kula salamet tina tatu nu sakieu parna. Para ponggawa jeung kanca-warga kula geus palastra di béh tonggoh, para ponggawa nu kaceluk tanggoh ngayonan musuh, ilang katapisan ngayonan alam”

Aki Panyumpit ngahuleng saheulaan, lelembutanana ngabiur muru galur lalampahan éta jalmi. Tayohna, dayeuh karaton ieu jalmi téh dirurug perang ku bangsa Walanda. Anjeuna sakulawargi ngalolos diaping ku para ponggawa nu masih nyésa. Nanging duka ku kahéngkéran pangaweruh ngeunaan alam jeung leuleuweungan atanapi sieun katohyan ku nu ngudag, ieu rombongan téh narabas alas henteu bari tatakolan sabangsaning bendé pikeun nyingkahkeun sato galak. Jalaran numutkeun pangalaman Aki Panyumpit puluh-puluh taun ngalalana alas, upami hoyong aman saba alas gerot, upami bade ramé kedah ramé kacida, upami badé jempling kedah jempling ulah kapalang. Alatan ongkohna jalmi ngabring nanging sorana jarempling, antukna sato galak nambih wantun rerencepan nyaketan seja ngerekeb.

“Aki…. Aki…. Cék pangrasa, umur kula téh geus manjing mangsana. Kula baris nyusul kulawarga kula di alam kalanggengan. Ucap tamada ti anggangna, kula baris nitipkeun ieu inji kana pangaping jeung kaasih Aki. Tapi poma Aki, ieu inji nu kakasihna Ratna Inten Sekar Caruban, ku Aki genti ngaranna. Kula rempan aya nu wanoh atawa nyalusur mancakaki ka anak kula, sab mun katohyan ku munding konéng, mangka anak kula bakal cilaka. Aki, di tonggoh di tempat patulayahna layon kanca-warga kula, aya harta-banda nu lumayan loba, éta sakabéhna keur Aki, pikeun kula mulang tarima kana sugri kahadéan Aki. Séwu nuhun Aki…. Séwu nuhun….”

Kulahék, raga éta jalmi ngulahék taya nyawaan

“Inna lillahi wa inna ilaihi raji’un….” Sora Aki Panyumpit kakuping ngahelas

Singget carios, Aki Panyumpit geuwat mulih ka bumina nepangan bojona nya éta Nini Pangebon. Ku Aki didadarkeun sumakawis kajantenan di leuweung tadi.

Nini Pangebon bungah kacida ningali orok nu baris diangken putra ku duanana, nanging ogé anjeuna ngaraos ngangres ngadangu carios Aki ngeunaan kajantenan nu dialaman ku kanca-warga sang raja kalih para ponggawana. Ku kituna, nalika nguping Aki Panyumpit badé angkat deui ka leuweung kanggé mulasara layon-layon nu palastra, Nini Pangebon teu kantun calik nanging nyarengan tur ngabantosan Aki Panyumpit.

Perkawis harta-banda titinggal éta jalmi, leres pisan ayana rupaning pakakas emas tur inten-mustika seueurna dua gémbolan. Nanging ku Aki tur Nini teu aya sacécél-sapocél gé nu dicandak. Éta dua gémbol harta téh dikubur di lingkung pakuburan layon. Éstu jalaran kasaéan budi Aki-Nini duanana gé teu ngaraos silap ku harta barana.

Bulan-bulan bagentos taun, taun sinareng taun manjing ka windu. Teu karaos parantos dua windu éta orok nu digentos namina janten Nyi Mas Sekar Kinanti, nincak rumaja mangkak sawawa, salin rupi janten istri nu geulis kawanti

Nanging hanjakal, alatan diasuh ku kanyaah nu liwat saking, pangogo kamalinaan Aki Panyumpit sareng Nini Pangebon ngalantarankeun Sekar Kinanti migaduh watek olo-olo tur teuas haté. Sadaya kapalayna kedah cumpon saharita, upami henteu téh sok teras ngajanggilek bari pundung kakaburan ka pasir luhur. Sabada ditéang tur kénging hésé-capé dilelemu ku Aki Panyumpit, nembé wéh Sekar Kinanti kersaeun deui wangsul ka bumi.

Hiji dinten, Sekar Kinanti nuju dongkap panganggona. Anjeuna weléh teu kersa tuang ti énjing dumugi wanci sariak layung, pédah keukeuh palay tuang sareng daging uncal.

Aki Panyumpit anu tos maneuh ti wanci tunggang gunung ngadeluk wiridan ibadah muja-muji ka Gusti Nu Maha, ngecagkeun tasbéna seja ngelelemu Sekar Kinanti

“deudeuh nyai, kaasih apa, apa téh sanés alim ngalaksanakeun pamundut hidep. nanging kiwari mah apa téh tos teu jagjag deui, soca gé tos kirang awas, tos teu kaduga moro sato leuleuweungan. Pami hidep palay tuang daging mah, hiap urang meucit ingon-ingon….” Olo Aki Panyumpit

Na da éta mah Sekar Kinanti saharita geuwat ngajéngkat maksad kakaburan deui

“nyai mah keukeuh hayang daging uncal!!!” Jebréd, Sekar Kinanti ngajebrédkeun panto

“Nyai…. Nyai…. Ulah luluasan geulis, Nyai….!!!” Nini Pangebon sasambat, “Aki atuh Aki geuwat susul si Nyai, Nini mah melang saking, waktos tos manjing sareupna!” sora Nini Pangebon dareuda

“Eummm Nini, sanés Aki teu melang, nanging Aki bingung kapahung. Soca tos kirang awas, nganggé obor nambihan sérab….”

“teras kumaha atuh Ki, Nini mah melang….”

“Urang ngadu’a ka Allah Ta’ala Ni, danget ieu taya lian upaya nu tiasa ditarekahan ku Aki kajabi du’a Ka Nu Maha Kawasa, mugia Allah Ta’ala maparin rasa keueung ka si Nyai dumugi wangsul deui nyalira, atanapi Gusti Nu Maha Suci maparinan jalan nu langkung saé kanggé sadayana… “ saur Aki Panyumpit bari geuwat ngadegkeun solat sunah dua rokaat. Dina tungtung socana, katawis Aki Panyumpit ngaragragkeun cisoca

Sedeng di tempat nu sanes di luareun bumi, Sekar Kinanti ngasruk-ngasrukkeun diri ka leuweung teu puguh tempat nu dijugjug. Sabada amarah sirna tina dadana, kakara anjeuna sadar yén alam sabudeureunana katawis poék-mongkléng buta-rajin, méga ambara ngadingding kasaput ku pedemna peuting. Séak, rasa ringrang pagaliwota ngalingkung raga.

Geuwat Sekar Kinanti nyingkurkeun diri ka rungkun buni handapeun tangkal

Nalika kaayaan kitu, ujug-ujug Sekar Kinanti mireng sora tanpa wujud

“Anaking….. Anaking……”

Gebeg, Sekar Kinanti ngagebeg. Dumadak jajantungna ngageder ratug tutunggulan

“Anaking….. ulah keueung anaking…… ieu Ama…..” ceuk éta sora

“Saha!!! Saha éta???” Sekar Kinanti negerkeun diri ngajawab éta sora

“ieu Ama, Rama hidep, Rama teges hidep. Ama dipaparin widi ku Allah nu Maha Suci tiasa nepangan pikeun ngageuing hidep….”

“saha, bapa kuring??? Bapa kuring mah Aki Panyumpit. Lain, andika mah lain bapa kuring!”

“Nun Gusti Nu Maha Suci, sakumaha widi ti Gusti abdi iasa nepangan pun anak, mugia Gusti maparinan tanda kakawasaan supados pun anak iasa ningal nu saleresna….”

Dadak saharita, kaahéngan lumangsung. Alam sabudeureun malih rupi lir mundur waktu ka mangsa bihari. Sekar Kinanti ningali ku anjeun kumaha kajantenan mangsa kapungkur. Ti kawit anjeunna gumelar di karaton, karaton dirurug musuh, kulawargina tur para ponggawa ngalolos tur ditarajang ku gorombolan maung, tur dugi kajantenan ramana dirogahala maung sareng anjeunna dirorok ku Aki Panyumpit. Teu lami, lalaunan mangsa bihari majeng deui ka wanci kiwari

“Ama… Ama… Geuningan enya ama téh rama abdi” Segruk, Sekar Kinanti sumegruk nangis, “naha atuh Ama téh bet téga ngantunkeun abdi ka jalmi-jalmi nu sangsara, apan abdi téh turunan raja, nu sakedahna tiasa cumpon sadaya kahoyong. Malihan, éta harta barana titinggal Ama kalah dikubur sanésna dicandak pikeun kabutuh abdi….”

“Hisss anaking! Ucapan hidep kacida dorakana. Anjeun sakedahna misukur pinasti takdir dirorok ku sepuh nu luhung budi tur mulya jiwa. Nam, ayeuna kénéh geuwat hidep wangsul, geura sambat dampal éta dua sepuh mulya, piharep pangampura ti aranjeunna”

“ahhh Ama, doraka kumaha, pan aranjeuna mah sanés sepuh teges abdi….”

“Héh anaking! Regepkeun ku hidep! asih mah teu kasapih ku getih, nyaah teu kapisah ku darah. Sanajan aranjeuna teu sagetih jeung hidep, tapi di dunya mah aranjeuna téh harkat-darajatna sarua jeung ibu-rama teges hidep! geuwat mulang! Pénta pangampurana….!”

“moal Ama, abdi moal deuk mulang. Kajeun teuing kapungkur abdi dihakan maung, batan hirup kasangsara taya kabagja”

“HÉH MAHLUK DORAKA, AMA ÉRA BOGA TURUNAN JIGA ANJEUN!!!!”

Jlegér! Sora nu tan wujud tadi kadangu ngajelegér kana cepil Sekar Kinanti. Anjeuna ngagadak ngaraos keueung tan hinggana.

“Ama….. Ama…. Hapunten abdi…. Hapunten abdi, abdi rumaos lepat….”

“Lain ka kula anjeun kudu ménta dihampura, tapi ka dua éta sepuh mulya nu kacatur tadi!” sada sora lir gelap sayuta, “kulantaran haté anjeun teuas nataku lir batu, mangka anjeun disupata ku Ama, raga badag anjeun baris ngawujud batu di alam dunya. Sedeng raga lemes anjeun tilem moksha di alam bunian”

“ampun Ama…. ampun….” Sekar Kinanti ngalengis mundut pangapunten ramana

“upama anjeun hayang tilar sampurna, mangka di alam ditu anjeun kudu manekung tobat miharep dua pangampura. Kahiji, pangampura ti Pangéran Nu Maha Kawasa, sedeng nu kadua pangampura ti éta dua sepuh mulya. Upama nu dua geus kacangking ku anjeun, mugia Allah Ta’ala ngalungsurkan rohmatNa ka anjeun, dumugi urang tiasa ngahariji di alam kalanggengan, antawis hidep, Ama-Ibu, jeung Aki-Nini sepuh mulya. Pileuleuyan, anaking, mugia pareng patepang deui….” Hawar-hawar, éta jirim sora ilang musna tanpa karana

Dadak saharita, lalaunan-lalaunan raga Sekar Kinanti barobah janten batu nu wujudna panjang. Raga lemesna tilem ka alam bunian, seja ngalaksanakeun pancén pikeun ngaberesihan sukmana.

Saur ujaring carita, jalaran ridho Gusti téh aya dina ridho kadua sepuh, Sekar Kinanti dipaparin pituduh kanggé ngabakti ka dua sepuh Aki-Nini, dina raraga bakti ibadah ka Allah Ta’ala. Raga lemes Sekar Kinanti unggal janari sok nepangan si Aki jeung si Nini. Salian ti panyacap sono ka papada éta dua sepuh, raga lemes Sekar Kinanti ogé sok nyumponan kaperyogian tuang-leueut Aki-Nini, salaku wujud bakti dina raraga nebus kalepatan dirina. Ku kituna dina sésa yuswa éta dua sepuh téh, tiasa jongjon dianggé ibadah siang-wengi ka Allah Ta’ala, tug dumugi éta dua sepuh téh puput umur.

Kiwari, éta dua sepuh Aki-Nini tos teu aya di kieuna, makamna gé duka teuing lebah mana. Terasna, teu nutup kamungkinan Sekar Kinanti parantos tilar sampurna. Nanging hanjakalna, éta batu nu kiwari aya di Gunung Geulis téh sok aya nu maké pikeun hal-hal nu ngandung syirik jeung kamusyrikan. Kayaning narik pusaka, harta, pamujaan, jeung sajabana. Éstu écés nyatana éta sadaya téh teges-teges laku-lampah salah pituduh syétan.

Mugia urang sadayana ditebihkeun pisan tina laku lampah syirik nu pinuh ku kamusyrikan, aamiin.

Mung sakitu nu kapihatur, neda sih hapunten tina sumadaya kalepatan.

Wassalamu’alaikum wr.wb

 

Ciranjang, 26/02/2014

Iklan

Dongeng Farabel SKNR

SI KABAYAN NGALA ROAY

 

Dina hiji poe   Abah Ontohod ngajak ngala roay ka Si Kabayan,sanajan bari wegah sabab tunduh keneh,manehna teu wani mungpang kahayang mitohana lantaran sieun dipecat jadi minantu.Mangkaning ti lembur na ka kebon mitohana teh jauh,aya kana 5 kilona.

Satepina di kebon, si Abah ngasongkeun boboko kosong ka Si Kabayan bari nyarita ;

‘’Tah keur wadah metik roay,ke mun geus pinuh asupkeun kana karung ieu !” ceuk Abah bari memener karung gede keur wadah roay.Si Kabayan nampa boboko,tapi teu nyarita sakemek oge.

Si Abah mah sumanget metikan roayna teh,gancang pinuh boboko Abah mah terus diburulukeun kana karung,metik deui ,pinuh,asupkeun kana karung.Beda jeung si Kabayan nu katingali tunduh,ngala roayna kaleked pisan, bari meusmeus heuay.Barang ningali karung roay kaeusi sapertiluna, ujug-ujug ngabelenyeh seuri sorangan,bari ngadeukeutan karung manehna ngagerendeng ngomong .

“ Sigana ngeunah yeuh mun sare dina karung…” bari sup we kana karung,merenahkeun maneh sarta sirah ku manehna diteundeunan roay,jadi awak manehna katutupan.

Si Abah barang ngasupkeun roay deui kana karung,manehna kacida bungaheunana.

“Leuh…mani geus pinuh karung teh ning,alus gawena tah si borokokok teh !”kitu ceuk pikir Abah.

Terus eta karung teh ditalian,bari nyalukan si Kabayan.

“ Kabayan…Kabayan…hayu urang mulang,geus pinuh karungna ge,isukan we urang tuluykeun.”

Si Kabayan teu ngajawab da sare tea.Si Abah gogorowokan sababaraha kali ge teu nembalan.

“ Dasar mangkeluk lebokeun tetelo,aya mantuan ngalana,teu mantuan mawana,awas siah ku aing dibebek !” kitu gegelendengna Abah Ontohod.Antukna mah,dipanggul we ku sorangan eta karung teh.

“ Asa beurat – beurat teuing ieu roay teh….bakat ku baleuneur meureun..”pikir Abah .

Barang tepi ka imahna,gubrag atuh karung teh digubragkeun kana palupuh.Si Ambu norojol ti dapur.

“ Ya..Allah,Abah.Naha mani luut leet kesang kitu jeung siga nu ripuh pisan ?”omong si Ambu.

“Nya eta …cape jeung ripuh Abah teh,Ambu.Si Kabayan teu mantuan ngagotong .Kamana ayeuna tah mangkeluk teh ?”ceuk Abah.

“Haaaar…da taya si Kabayan ….apanan tadi bareng jeung Abah lain ?”si Ambu bingungeun bari karunya ningali Abah bangun nu ripuh teh.

“ Enya …eta ge metikna mah mantuan matak gancang pinuh ge karung…ngan basa digero-gero diajak balik rek diajak ngagotong…euweuh tah si borokokok teh,dilebok korod sugan!”si Abah semu nu keuheul pisan.

“ Ih..ari nanaon teh, keun we ku Ambu dipindahkeun tina karung mah atuh,bisi Abah rek kacai mah,can solat lohor meureun?”ceuk Ambu.

“Heueuh…atuh pek kadinya,kami rek kacai heula.” Tuluy Abah ngaleos.

Ambu tuluy muka tali karung rek ngaluarkeun roay.Kakara ge sababaraha rawu,kacabak aya sirah si Kabayan,bari ngarasa heran dibarung ku keuheul ,teu antaparahpeletok we diteke eta sirah.

“ Naaaaa…ari sia,Kabayan.paingan si Abah ripuh atuh…da nu dipanggul teh lain roay wae..tapi jeung sia !euweuh ka karunya ka kolot siah nya?dibejakeun ku aing geura !”Ambu wera ka si Kabayan.

“ Ampun…Ambu,ulah dibejakeun…isukan mah uing moal kieu…tuda tadi mah tunduh keneh!” ceuk si Kabayan bari ngusapan sirah urut diteke satakerna ku Ambu tadi.

Isukna si Kabayan diajak deui ka kebon ku si Abah.Si Abah teh teu nanya,teu nyarita naon-naon ka Si Kabayan.Tapi manehna surti yen Abah pasti apaleun kana kalakuan kamari ti Ambu.

Barang nepi ka kebon,si Kabayan teu nunggu dititah ku Abah,manehna merenahkeun karung gede sarta tuluy metik roay kana boboko,geus pinuh diasupkeun kana karung.Kitu deui Abah metik roayna sumanget pisan .Sabot balangah si Kabayan , Abah asup kana karung sarta munian awakna ku roay.

“Euleuh…geuning karung teh geus pinuh nya…”si Kabayan nyaritana rada tarik.Geus kabaca ku manehna pasti si Abah nurutan kalakuan manehna kamari.

“Aduh..roay,mangkaning batur maneh loba keneh tuh..hayangeun diala..”bari nepakan roay luhureun sirah si Abah,bari rada didedetkeun.Sanajan keuheul ka si Kabayan,si Abah teu nyarita .

Terus eta karung ditalian pageuh pisan,sarta si Kabayan nyarita deui ka roay bari nepakan karung.

“ Roay….maneh balik ti heula nya?da ceuk si Abah ge geus kolot mah kudu bisa balik sorangan.Maneh ku uing rek diancrubkeun ka wahangan,meungpeung caina keur ngagulidag nya…”

Gebeg,si Abah reuwaseun” Alah….atuh paeh aing di wahangan.”kitu pikir si Abah.

“tapiiiii….ah nangka ge teu bisaeun hanjat,roay.Moal ah,moal dika walungankeun bisi teu nepi ka imah Abah,karunya atuh ka si Abah moal bisa ngajual meureun.”siga nu heueuh nyaah ka mitoha.

“hanjakal kuring mah teu kuat manggul maneh,roay !urang bareng leumpang we nya..”si Abah bingung ngadenge si Kabayan teh,kumaha maksudna eta caritaan.

Sihoreng….eta karung teh….digusur !mana jalan rarenjul ku batu baradag,atuh sirah si Abah mindeng tidagor ,nepi ka baloboran getih.Geus nepi ka imah,si Kabayan ngagorowok ka Ambu.
“ Ambu….tah roay na karung !kuring hayang kacai…teu kuat mules..”cenah.padahal nyingkiran si Ambu pasti ngambek ,lantaran manehna yakin eta roay bakal ruksak jeung si Abah sieun mesat bedog.Ambu tuluy muka tali karung,barang ningali roay pinuh ku getih,si Ambu ngagoak…….

“Abaaaaaaaah………” lenggerek si Ambu kapiuhan.

Cag !

HURIP SUNDA !

 

 

 

Dongeng Sasakala Dalem Dicondre

DALEM DICONDRE

Nara Sumber: RD.TINA KARTINA H.S

Disarungsum Ku: DRA. TRIESYE RUSTINA S

Assalamualaikum Wr Wb

Sampurasun…..
Sim kuring Patandang No……… bade ngadongeng anu jejerna ‘’ DALEM DICONDRE “.

Numutkeun dongeng pun nini, anu janten Dalem munggaran di Cianjur nya eta Dalem Tarikolot, anu nampi gelar Pamarentah Walanda “Raden Ariawiratanudatar 1”. Anu kadua jenengan Ariawiratanudatar III kagungan landian “Dalem Dicondre“. Kieu dongengna, dangukeun nya….

Dina hiji dinten,p upuhu ponggawa ningal Kangjeng Dalem calik dina Singgasana semu ngungun. Teras anjeunna nyaketan Kangjeng Dalem lajeng tumaros:

“ Gusti…. kunaon salira semu aya nu diemutan? mangga wakca ka Mamang, manawi mamang tiasa maparin bongbolongan” kitu saur sesepuh

“ Bener Mamang… kuring teh liwung… sedih… asa taya batur pakumaha” Kangjeng Dalem ngageuri.

“ Ampun paralun… Gusti, kapan aya mamang saparakanca… naha naon atuh anu janten emutan?” taros ieu sepuh.

“Katarima eta oge pangbakti mamang saparakanca, sakur kahayang kaula taya nu dipungpang, sakur pangabutuh dicumponan… tapi ….” Kangjeng Dalem ngarandeg, matak panasaran sesepuh.

“ Nanging naon… Dalem? mangga wakca tong asa-asa, supados mamang jeung barudak tiasa ngemutan.” Sesepuh Gulang-gulang tatag pisan nyaritana.

“ Mamang… aya pangabutuh kaula anu pamohalan bisa ditedunan ku mamang.”saur dalem.

“ Gusti….. deudeuh teuing… naha naon atuh nya kapalay ?” sesepuh naros beuki bingung.

“ Kuring teh…. kuring teh… hemhhhh……” kangjeng dalem kalah ngarenghap panjang.

“ Gusti…na palay naon atuh…mangga ulah asa-asa wakcakeun…”

“ kaula teh… hayang boga rabi… Mamang “

“ Ampuuuun…teuing. Atuh eta mah cetek, gampil pisan, keun mamang jeung barudak seja ngider lembur, milari pigeureuhaeun anu cocog sareng salira “.

Harita keneh eta sepuh ngempelkeun para ponggawa. Teras maparin pancen ka anak buahna pikeun milari ka lembur saluyu jeung wilayahna. Sanggeus rengse dibagi-bagi, bur ber arangkat  ,sarta mariksa ka unggal imah rahayat, asal aya istri nu dianggap geulis enggal dipasrahkeun ka Kadaleman. Waktos harita,taya rahayat anu wantun mungpang naon nu dipikapalay ku Dalem, tong boro istri lengoh, dalah nu geus gaduh salaki ge, salakina kedah masrahkeun.

Seueur istri anu disanggakeun ka Dalem, tapi sadayana kedah dianteurkeun ka kulawargana.

“ Ah… Mamang… geuning can aya qodar kaula… tina sakitu lobana istri, taya saurang ge nu ngait kana hate..” Kanggjeng Dalem rumahuh.

“ Deudeuh teuing… Jimat mamang… ulah waka peunggas harepan… aya sarombongan deui nu can cunduk, mugia bae di nu ieu mah aya.” Sesepuh masihan harepan.

Keur kitu torojol rombangan tea, nyandak sababaraha istri. Kangjeng Dalem ngadeg tina pangcalikanana, teras nyampeurkeun istri – istri anu arandeprok bari tarungkul , ajrih ku Kangjeng Dalem. Kangjeng Dalem reg liren, teras anjeunna tepak deku sampeanna sabeulah sarta naros ka salahsawios istri.

“ Geulis… saha kakasih teh ?”

“ Abdi… Apun Gencay, Juragan.” Eta istri ngawaler semu ngadegdeg. Salajengna Apun Gencay dicandak tur dipigarwa ku Kangjeng Dalem.

Sababaraha sasih ti harita, ka Pendopo atanapi Kadaleman kadongkapan nonoman bari rebo ku hasil tatanen dina tanggungan.

Di lawang Kadaleman dijaga para ponggawa.

“ Sampurasun…. Nun !” Ceuk eta nonoman.

“ Rampes …. Ki Sanak.saha andika, timana asal sarta rek naon datang ka Kadaleman ?” tanya ponggawa .

“ Abdi pun Kirun, Juragan.Dipiwarang ku pun bapa nyanggakeun hasil tatanen haturan Kangjeng dalem sareng pun adi.”waler eta nonoman.

“ Ke lanan…dagoan sakeudeung.” Leos eta ponggawa teh ka lebet ,unjukan ka Kangjeng Dalem,yen aya rakana Juag Istri ti lembur.

Kangjeng Dalem miwarang eta nonoman dicandak ka lebet , malih Kangjeng Dalem oge lungsur tina pangcalikan mapagkeun ka payun.Barang tos paamprok,Kangjeng Dalem bari gumujeng someah ngasongkeun panangan ngajak salalaman ,niat sae ngabageakeun dahuan.

Eta nonoman lain narima panangan Kangjeng Dalem,tapi manehna nyabut condre tina cangkengna,kalawan teu nyarita sakecap,bari panon buringas,biwir kekerot semu nu ceuceub .

Ana….bres teh eta condre ditewekeun kana dada Kangjeng Dalem.

Kangjeng Dalem ngarumpuyuk,baloboran getih bari nyepeng condre.Ponggawa anu unjukkan tadi olohok ,tapi saparantos ningal Dalem teu empes- empes bari baloboran getih,sarta kadupak ku nu rek kabur,manehna sadar,tuluy gogorowokan….

“ Pegat…tah mangkeluk bangkawarah…Kangjeng Dalem tiwas ditelasan…”

Sakur ponggawa nu ngadangu kana gorowok baturna ting beretek lalumpatan .Najan si Kirun lumpatna tarik tur bisa kaluar ti kadaleman,terus diarudak ku para ponggawa nu sakitu lobana,tungtungna kacerek di Alun- Alun deukeut Gedong Asem palebah tangkal caringin.Si Kirun pada ngadek,dicacag diwalang-walang ku bedog para ponggawa,nepi ka ancur burakrakan ,daging ,getih ngahiji jeung taneuh.

Nyi Mas Apun Gencay,nguping nu ayeuh-ayeuhan,anjeunna kaluar ti pajuaran,laju ka tempat Kangjeng Dalem nu ngagoler baloboran getih sarta condre masih keneh nanceb dina dadana.Barang ret kana condre…anjeunna ngagebeg,sabab apal pisan kana condre beubeureuhna ,nu salawasna nyolegreng dina cangkengna.Di gigireun layon carogena ngagoler totopong,teras eta totopong ku anjeunna dicandak,keup diakeup,diteueulkeun kana dadana,teras anjeuna lumpat muru ka lebah tangkal caringin,anu masih keneh dirariung ku jalma bari ting tarunjuk kana taneuh anu pagalo jeung panyacagan awak Kirun.Nyi Mas Apun Gencay seselendep ,barang kareret ku rahayat aya Permessuri Kangjeng Dalem,bruk brek sarideku,sikep ngahormat rahayat ka Ratuna.Kedeprek anjeunna emok dina taneuh nu pinuh ku getih tea, bari nangkeup totopong sarta sasambat ka Kirun.

” Duh….engkang,hapunten abdi…sanes abdi jalir kana pasini, sanes abdi teu satia ka Engkang….tapi kapan Engkang ge uninga , urang mah ukur rahayat, moal mampuh mungpang kapalay pangagung…” sakur nu ngadangu sasambatna Nyi Mas Apun Gencay,carindakdak milu sedih.

“ Engkang …saleresna mah abdi gaduh angen- angen,upami Engkang ngantunkeun ieu dunya hayang dina lahunan abdi,dapon abdi tiasa neda dihampura,kiwari ukur mampuh nangkeup ieu totopong,wawakil jirim Engkang,wilujeng angkat …sugan jaga urang ditepungkeun di yaomil akhir.Da Engkang teh wantun ngalawan Pangagung ukur ngabela ajen diri” Kitu sasambatna.

Sabada layon Kangjeng Dalem dipulasara samistina,teras dikurebkeun,dina tetenggerna ditulis “ DALEM DICONDRE’’.Hartosna dalem anu tiwas jalaran ditewek ku condre.

Mung sakitu dongeng nu kasanggakeun.

Cag !

HURIP SUNDA !

 

 

 

 

 

Mikawanoh Kawih & Tembang

Tekad Erlangga Pangestu

Kawih jeung Tembang téh ayana dina widang seni jeung sastra. Dina widang seni, lantaran kawih jeung tembang téh mangrupa seni sora jeung seni karawitan, sedeng kaasup widang sastra lantaran rumpakana jadi bahan ulikan sastra. Sok sanajan aya dina widang nu sarua, kawih jeung tembang téh aya bédana, utamana tina wangun jenisna.

Numutkeun harti kamus, kawih téh nya éta; rakitan basa sabangsaning dangding nu teu maké patokan pupuh (LBSS, 1988:96). Sedengkeun tembang mah ngalagu nurutkeun aturan pupuh, anu salawasna kauger ku patokan-patokan guru gatra, guru wilangan, jeung  guru lagu, sarta nada ngahaleuangkeunana. Jalma nu sok maneuh ngalagukeun rumpaka kawih disebutna juru kawih atawa sindén, sedengkeun nu sok ngahariringkeun rumpaka tembang disebut juru tembang atawa juru mamaos.

Sawatara conto judul kawih di antarana: Tanah Sunda, Angkrék Japati, Angin Priyangan, Bulan Langlayang Peuting, Dina Jandéla, Hareupeun Kaca, Hariring Nu Kungsi Nyanding, Imut Malati, Malati Ti Gunung Guntur, Kembang Impian, Kembang Tanjung Panineungan, Longkéwang, Purnama Urang Nu boga, Sagagang Kembang Ros, Salam Manis, Salempay Sutra, Samoja, Sariak Layung, Wengi Énjing Tepang Deui, Panon Hideung, Mojang Priyangan, jsb

Nano S nétélakeun, yén rumpaka téh kekecapan dina lagu. Dina tembang sok disebut dangding, atawa guguritan. Dina lagu kapasindenan, sok disebut kata-kata. Dina lagu kawih sok disebut rumpaka. Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu. Pangpangna kana rumpaka karya para sastrawan. Wangun rumpaka téh rupa-rupa. Aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh jrrd. Malah dina perkembangan ayeuna, pangpangna dina lalaguan anyar, sok maké sajak bebas baé

Medar perkara guguritan, Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd dina tulisanana nétélakeun yén guguritan téh kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku patokan atawa pola anu tangtu, nya éta ngagunakeun patokan pupuh. Ku lantaran teu panjang tea biasana mah ukur ukur diwangun ku hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh cara dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratip). Dibacana biasana mah dihariringkeun maké lalaguan anu geus matok keur pupuh éta. Atawa ngahaja jadi rumpaka dina pagelaran seni tembang Cianjuran.

Sawatara ahli nétélakeun watesan ngeunaan guguritan. Yus Rusyana (1992:94) nyebutkeun yén guguritan nya éta karangan pondok anu disusun maké patokan pupuh. Iskandarwassid dina Kamus Istilah sastra (1992:46) nyebutkeun yén guguritan téh nya éta karangan puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang.

-Disarikeun tina sawatara sumber-

Wawacan Sulanjana

(tingkesan)

            Kacaritakeun, Batara Guru jeung Patih Narada rék nyieun atawa ngadegkeun Balé Pancawarna. Déwa Anta nu awakna oray teu bisa ngalaksanakeun tugas. Manéhna ngaragragkeun cimata awahing ku sedih teu bisa mantuan nyieun Balé Pancawarna. Tuluy, éta tilu keclak cimata Déwa Anta barobah jadi tilu siki endog. Éta endog-endog téh tuluy dibaheum seja rék dipasrahkeun ka Batara Guru. Di tengahing perjalanan, Déwa Anta ditanya ku manuk heulang. Manéhna teu bisa ngajawab pananya manuk heulang sabab keur ngabaheum endog. Ngarasa kasigeung ku sikep Déwa Anta, éta manuk heulang téh tuluy nyiriwik tarik bari nyamber ka Déwa Anta, nu ngabalukarkeun endog-endog nu aya dina sungutna ragrag. Dua endog téh ragrag, nu hii ragrag di Tegal Kapapan, sedeng nu hijina deui ragrag di Tanah Sabrang. Dua endog nu ragrag téh peupeus bari tuluy ngajanggelek jadi dua wujud mahluk, nu katelah ngaranna Sang Kala Buwat jeung Sang Budug Basu.

Di Tegal Kapapan, Idajil kiih. Tuluy aya munding bikang nu nginum éta cikiih Idajil. Éta munding téh tuluy reuneuh, tuluy ngajuru ngalahirkeun Sapi Gumarang nu kacida saktina. Sapi Gumarang ngarajaan sakum sasatoan. Manéhna ngangkat Kala Buwat jeung Budug Basu salaku anak. Hiji endog anu nyésa kénéh ku Déw Anta dipasrahkeun ka Batara Guru. Tuluy Déwa Anta ku Batara Guru ditugaskeun pikeun nyileungleuman éta endog nepikeun ka megar, nu nalika megar éta endog téh ngagelarkeun hiji dewi nu geulis nataku.

Éta dewi téh dipasrahkeun deui ka Batara Guru, nu satuluyna dibéré ngaran Pohaci Dangdayang Sri. Pohaci Dangdayang Sri (katelah Déwi Pohaci atawa Déwi Sri) disusuan ku Déwi Umah, pamajikan Batara Guru. Ku patih Narada geus kasawang yén beuki lila téh Déwi Pohaci baris beuki geulis kacida. Patih Narada boga kapaur palangsiang Batara Guru bakal ngawin Déwi Pohaci. Upama éta hal kajadian, mangka Batara Guru geus ngarempak aturan/hukum sabab Déwi Pohaci téh disusuan ku Déwi Umah, pamajikanna Batara Guru, nu hartina Déwi Pohaci téh anakna ogé Batara Guru.

Pikeun nyingkahan éta kajadian, mangka Déwi Pohaci dieureunkeun nyusuna, jeung salaku gantina dibéré buah Holdi. Nalika Déwi Pohaci teu dibéré deui buah holdi, geuninga manéhna jadi gering parna sabab geus katagihan jeung gumantung ka boah holdi. Antukna Déwi Pohaci téh tilar.

Layon Déwi Pohaci diurus ku Bagawat Sang Sri. Sabada dikurebkeun muncul mangpirang kaanéhan. Tina kuburan Déwi Pohaci mucunghul tangkal kalapa tina lebah sirahna Déwi Pohaci. Mucunghul kaluar rupaning bungbuahan warna héjo, konéng jeung beureum tina lebah ceulina. Kaluar rupaning paré ketan tina mata jeung buukna, tangkal kawung tina leungeunna,  rupaning wangun jambu tina ramo-ramona, rupaning tangkal nu nyaliara tina tali ari-arina, mangpirang-pirang rupa bubuahan tina pinareupna, jeung rupaning jujukutan tina buluna. Batara Guru tuluy mancénkeun Semar pikeun mawa éta sakabéh tutuwuhan ka Nagara Pakuan Pajajaran pikeun dipelakkeun jeung dirawat. Nagara Pakuan tambah subur-ma’mur.

Pamajikan Raja Pakuan, Prabu Siliwangi téh hiji widadari nu ngaranna Déwi Nawang Wulan, anakna Batara Guru. Nawang Wulan dipercayakeun pikeun nyangu paré pikeun rahayat Pakuan jeung ngajarkeun kumaha carana ka masarakat Pakuan. Prabu Siliwangi teu meunang ngaganggu atawa muka pasakan, jeung upama ngarempak jangjina mangka ragrag talak ka Déwi Nawang Wulan.

Budug Basu nu aya di Tegal Kapapan nénéangan Déwi Pohaci, dulurna. Para Déwa apal kaa maksud Budug Basu, ku kituna sakum panto di Suralaya (kahyangan) ditulak pageuh. Ngan ku kasaktian Budug Basu, éta sakabéh panto téh ancur-lebur diténjrag. Sanjan Budug Basu geus dikepung ku para déwa, manéhna bisa lolos mubus nepi ka puri Batara Guru. Ku Batara Guru dijelaskeun yén Déwi Pohaci dulurna téh geus tilar. Batara Guru tuluy nitah Kalamulah jeung Kalamuntir pikeun nganteurkeun Budug Basu ka makam Déwi Pohaci di Banyu Suci.

Di Banyu Suci, Budug Basu ngurilingan kuburan Déwi Pohaci tujuh kali, tuluy manéhna paragat nyawa. Batara Guru mancénkeun Kalamulah jeung Kalamuntir pikeun ngagotong layon Budug Basu sangkan dibawa nguriling dunya saloba tujuh kali, jeung saacan cacap tujuh kuriling dunya maranéhna teu meunang waka balik ka Suralaya. Nalika maranéhna keur istirahat di handapeun tangkal gebang, dahan tangkal gebang téh peunggas sarta nimpah tambela (peti mati) layon Budug Basu. Tina jero tambela tuluy kaluar mangpirang-pirang sato darat jeung laut. Kalamulah jeung Kalamuntir teu baralik deui ka Suralaya sabab sieun dihukum ku Batara Guru. Maranéhna nyieun babagian tugas, nu hiji tugasna ngajagaan sasatoan darat jeung nu hijina deui ngajaga sasatoan laut. Sedeng tambela layon mah barobah jadi badak.

Nalika Déwi Pohaci hirup kénéh, Batara Guru ngaluarkeun cahaya, nu satuluyna ragrag ka bumi. Ti dinya ngajanggélék jadi tilu manusa. Nu lalaki ngaranna Sulanjana, sedeng nu dua deui ngagelarkeun wanoja nu ngaranna Talimendang jeung Talimenir. Éta tilu manusa téh dititipkeun jeung diurus ku Déwi Pertiwi, nepikeun ka gedéna maranéhna tuluy dititah ka Suralaya pikeun nepungan bapana (Batara Guru). Di Suralaya, Batara Guru nitipkeun karajaan ka Sulanjana pikeun ngurus paré. Sabada karajaan Suralaya dicekel saheulaan ku Sulanjana, Batara Guru jeung Patih Narada turun ka bumi bari nyaru jadi manuk piit tur nyerang paré bumi. Maranéhna rék mentés Ki Semar, naha pancen pikeun ngajaga paré di bumi téh diésto dilaksanakeun atawa henteu. Nalika manuk piit samuran Batara Guru jeung Patih Narada katut balatentara nyerang paré bumi, Semar jeung palaputrana sigep malédogan éta manuk-manuk.

Dempu Awang ti Nagara Sabrang datang ka Pakuan niat rék meuli paré Pakuan. Ngan, ku Prabu Siliwangi teu dilayanan, sabab ceuk Prabu Siliwangi éta paré téh lain nu manéhna, tapi paré titipan ti Batara Guru. Dempu Awang ngarasa kasigeung jeung nyeri haté. Manéhna ménta tulung ka Sapi Gumarang pikeun ngaruksak paré. Sapi Gumarang, Kala Buwat, jeung Budug Basu (nu geus dihirupkeun deui) katut sakum anak buahna langsung nyerang paré Pakuan ku rupaning perkara. Aya nu ngaruksakna dina wangun sato hama, sato sawah, jeung sajabana. Batara Guru nu apal kana éta kajadian yén paré di Pakuan téh keur tumiba bahya nugaskeun Sulanjana, Talimendang jeung Talimenir pikeun nungkulan éta serangan tug nepikeun ka paré-paré téh sarehat deui.

Sapi Guwarang ambek kacida tur ngarasa éra ka Dempu Awang. Sababaraha kali paré diruksak, anggeur dicageurkeun deui ku Sulanjana. Tungtungna Sapi Gumarang ngajak perang tanding ka Sulanjana. Ngan geuningan Sapi Gumarang éléh, bari satuluyna manéhna ngucap jangji bakal ngabdi ka Sulanana jeung bakal ngajaga jeung miara paré, asal unggal rék ngamimitian melak paré, ngaran manéhna jeung dua anakna Kala Buwat jeung Budug Basu) kudu disambat boh sacara batin atawa boh ku cara ngucapkeun mantra ngamimitian melak paré. Sarta kudu disadiakeun daun paku dina pupuhunan salaku sarat nalika melak paré.

Hiji poé, Déwi Nawang Wulan keur nyangu paré. Prabu Siliwangi panasaran hayang apal eusi pasakan pamajikanna téh. Manéhna éta muka pasakan, tuluy ngarasa hemeng sabab ku saranggeuy paré bet bisa mahi pikeun jalma loba. Geus kitu, éta pasakan téh ditutup deui ku Prabu Siliwangi. Nalika Déwi Nawang Wulan datang tur muka pasakan téa téh, manéha reuwas sabab pasakanana masih mangrupa ranggeuyan paré. Manéhna surti kana kaayaan, tuluy nyarita yén manéhna kudu balik deui ka kahyangan, bari méré piwejang yén kudu disadiakeun lisung, dulang, hihid, bakul, jeung aseupan pikeun nyangu atawa masak paré. Lisung kudu panjang jeung diliangan buleud dua siki di sisina pikeun tempat Talimendang jeung Talimenir cicing pikeun mantuan masak paré. Sanggeus kitu, harita kénéh gé Déwi Nawang Wulan langsung ngahiang balik deui ka kahyangan

Kalawan sedih jeung hanjakal, Prabu Siliwagi indit ka Suralaya ngedeuheus ka Batara Guru ménta sangkan Déwi Nawang Wulan bisa balik deui ka bumi. Ngan ceuk Batara Guru, Déwi Nawang Wulan tetep teu bisa balik deui sakumaha aturan nu aya. Batara Guru tuluy ngajarkeun Prabu Siliwangi élmu-élmu pikeun melak jeung ngurus paré. Tamat.

Titimangsa ieu wawacan téh tanggal 17-5-1965, naskah ngahaja dipilih nu paling ngora sangka jadi gambaran yén sakitar waktu sakitu taun, ieu carita téh masih disakralkeun jeung dianggep ngabogaan daya magis sabab masih dipaké dina ritual melak paré.

(Ditransileterasikeun jeung diropéa ku Tekad Pangestu, tina parafrase Wawacan Sulanjana kenging Dr. Kalsum, Dosen Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda, Fakultas Sastra, Universitas Padjadjaran; Pupuhu Konsentrasi Filologi Program Ilmu Sastra, Pascasarjana UNPAD Bandung, Jawa Barat, Indonesia)

Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah

MUNDINGLAYA DI KUSUMAH

(tingkesan)

Prabu Siliwangi raja Pajajaran boga dua patih nu katelah Patih Kidang Pananjung jeung Patih Gelap Nyawang, pangawakanna pada-pada jangkung badag tur sakti. Dina hiji poé, prameswari Prabu Siliwangi nya éta Nyi Padmawati (turunan Pohaci Wiru Mananggay ti kahyangan) keur kakandungan sarta nyiram hayang honjé. Prabu Siliwangi nitah Ki Léngsér sangkan néangan honjé ka Nagara Kuta Pandek di Muara Berés. Ti Geger Maléla, putrana Rangga Maléla, Ki Léngsér meunang honjé dalapan siki nu ditukeur ku duit dalapan keton.

Di waktu harita, Nyi Gambir Wangi ti Muara Beres ogé keur kakandungan tur sarua nyiram honjé, ngan honjé di Muara Beres geus béak kabéh dijual ka utusan ti Pajajaran. Ki Léngsér Muara Beres tuluy malikkeun deui duit opat keton, nu maksudna hayang ditukeuran deui ku honjé opat siki. Ki Léngsér Pajajaran nampik paménta Ki Léngsér Muara Beres, antukna éta dua léngsér téh perang tanding marebutkeun honjé.

Keur meujeuhna perang ragot taya nu éléh, duanana dipisah ku Gajah Siluman. Ku Gajah Siluman honjé téh dibagi dua, sarta méré perjangjian yén dua jabang orok (orok Padmawati jeung Gambir Wangi) téh jaga kudu dikawinkeun, da dua jabang orok téh bakal gumelar sajodo. Ogé éta dua jabang orok disasmitakeun geus dijodokeun téh ku jalan Nyi Gambir Wangi babarengan jeung Nyi Padmawati ngadahar térong pait, éta térong téh dibeulah ku Patih Gelap Nyawang. Sauluyna masing-masing raja ngémbarkeun ka rahayat-rahayatna yén éta dua orok téh geus dijodokeun ti keur kakandungan kénéh.

Nyi Padmawati ti Gunung Gumuruh ngababarkeun orok lalaki nu dingaranan Mundinglaya Di Kusumah, sedeng Nyi Gambir Wangi ngababarkeun orok awéwé mu dingaranan Déwi Asri.

Prabu Guru Gantangan ti Nagara Kuta Barang salaku uwa Mundinglaya Di Kusumah ngangkat putra ka Mundinglaya Di Kusumah, alesanna pikeun diatik kasaktianana. Mundinglaya jadi sakti, ngan éta perkara téh kalah nyieun Guru Gantangan sieun, manéhna boga kasieun kakawasaanana bakal direbut ku Mundinglaya. Ku kituna Mundinglaya diasupkeun kana kurungan beusi nu tuluy diteuleumkeun ka Leuwi Sipatahunan. Mamang Mundinglaya, nya éta Jaksa Séda Kawasa, tuluy Aria Patih Sagara, jeung Patih Gelap Nyawang sarta Patih Kidang Pananjung boga kereteg teu hadé ngeunaan kasalametan Mundinglaya. Sabada disusul jeung apal kumaha nasib Mundinglaya, maranéhna tuluy nyararékan ka Guru Gantangan. Tapi sanggeus baradami, maranéhna sapuk yén kajadian ieu téh bisa jadi ujian laku prihatin Mundinglaya. Éta perkara téh teu ditepikeun ka Prabu Siliwangi.

Di kahyangan, Pohaci Wiru Mananggay nyerepkeun impian ka Padmawati, yén manéhna kudu meunang lalayang kancana milik Guriang Tujuh di Sorong Kancana. Padmawati nétélakeun éta perkara ka raja. Dina waktu disayémbarakeun, taya hiji gé putra jeung para ponggawa nagara nu sanggup néangan éta lalayang kancana. Alatan hal éta, Padmawati nu ngimpikeun hal éta kudu ngabuktikeun ku anjeuna sorangan yén lalayang kancana téh bener-bener aya, sabab upama teu bisa ngabuktikeun anjeuna bakal dihukum pati.

Nyi Padmawati inget ka putrana, Mundinglaya. Anjeuna nitah Patih Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung pikeun mawa Mundinglaya ti Kuta Barang. Mundinglaya dijait ti Leuwi Sipatahunan tuluy dibawa ka Pajajaran. Mundinglaya nyanggupan pikeun mawa lalayang kancana  ti Sorong Kancana ka Pajajaran. Mundinglaya indit diaping ku Patih Jaksa Séda Kawasa, Patih Gelap Nyawang, Patih Kidang Pananjung, Patih Ratna Jaya jeung Liman Sanjaya, ti Gunung Gumuruh teu poho jeung Ki Léngsér. Maké parahu kancana ciptaan Patih Kidang Pananjung, maranéhna balayar ngaliwatan Leuwi Sipatahunan jeung Bangawan Cihaliwung. Sanepina di Muara Beres, Mundinglaya nepungan Dewi Asri. Tuluy neruskeun deui lalampahan nepi di Sanghyang Cadas Patenggang, di dinya sadaya pangaping jeung pangiring ditinggalkeun dina parahu.

Satengahing lalampahan, di hiji leuweung geledegan nu kawéntar sanget, Mundinglaya papanggih jeung hiji buta nu katelah Yaksa Mayuta. Yaksa Mayuta neureuy buleud-buleud Mundinglaya, ngan di jero baham éta buta, Mundinglaya nyokot jimat Yaksa Mayuta di elak-elakanna. Sanggeus diteureuy, Mundinglaya beuki sakti, tur bisa ngéléhkeun buta Yaksa Mayuta. Mundinglaya neruskeun lalampahanana ka jabaning langit, nepungan ninina (Pohaci Wiru Mananggay) pikeun ménta lalayang kancana nu diimpikeun ibuna. Ku ninina, Pohaci Wiru Mananggai, Mundinglaya dititah jadi angin sangkan ngapungkeun lalayang kancana. Mundinglaya nu salin rupa jadi angin ngapungkeun lalayang kancana, Guriang Tujuh nyusul Mundinglaya bari ngepung tur mergasa Mundinglaya ku keris maranéhna. Sukma Mundinglaya kaluar ti raga wadagna, tuluy mapatkeun mantra sangkan hirup deui sabihari.

Prabu Guru Gantangan di Nagara Kuta Barang miboga putra-putra angkat saperti Sunten Jaya, Demang Rangga Kasonten, Aria Disonten jeung Dewi Aria Kancana. Sunten Jaya dititah ku bapa angkatna (Guru Gantangan) sangkan ngalamar Dewi Asri sabab ngadangu yén Mundinglaya geus palastra ku Guriang Tujuh. Sunten Jaya nu adigung tur goréng tabéat dibaturan ku dulur-dulur angkatna indit ka Muara Beres ngalamar Dewi Asri ka lanceukna Dewi Asri nya éta Radén Geger Maléla. Dewi Asri nampik panglamar Sunten Jaya sabab manéhna geus dijodokeun ka Mundinglaya, tur ngarasa yakin yén Mundinglaya téh salamet.

Ngan alatan disedek jeung dipaksa, Dewi Asri narima éta panglamar, kalawan hiji sarat yén Sunten Jaya kudu ngadegkeun hiji nagara katut eusina. Sunten Jaya ambek sabab manéhna ngarasa teu mampuh nyumponan paménta Dewi Asri, ngan Prabu Guru Gantangan nyanggupan paménta Dewi Asri. Dewi Asri nu dipaksa kawin ka Sunten Jaya nyieun rupaning hal kalawan tujuan sangkan kawinan manéhna téh gagal

Mundinglaya nu geus hirup deui tur sedeng tatapa boga kereteg goréng. Manéhna ngimpi keur lalayaran, sirah kapalna ditarajang ditarajang angin rosa. Tihangna peunggas, kapal buncah tur titeuleum di laut. Mundinglaya inget ka Dewi Asri. Sabada diimpleng, bréh katénjo yén Dewi Asri rék dikawinkeun ka Sunten Jaya. Mundinglaya buru-buru amitan ka ninina. Sanggeus dibéré piandel buli-buli eusi cikahuripan jeung keris pusaka, Mundinglaya turun ti jabaning langit mawa lalayang kancana dibaturan ku Munding Sangkala Wisésa, surupan Guriang Tujuh.

Sanepina di Sanghyang Cadas Patenggang dipapag ku mamangna nu ngadagoan dina parahu. Satuluyna Patih Kidang Pananjung mapatkeun mantra sarupa sirep sangkan Sangkala Wisésa saré pules. Dewi Asri meunang kereteg yén Mundinglaya aya di Sanghyang Cadas Patenggang, gancang-gancang manéhna mapatkeun ajian sangkan bantal-guling téh mangrupakeun manéhna. Dewi Asri tuluy indit nepi ka papanggihna jeung Mundinglaya. Dewi Asri jeung Mundinglaya tuluy balayar maké parahu kancana.

Munding Sangkala Wisésa dihudangkeun tina saréna, tuluy dititah ngaburak-barik Muara Beres. Sakumna perjurit, Patih Halang Barang jeung Prabu Guru Gantangan estu kagétna ningali aya nu ngamuk-ngamuk di Muara Beres. Ka Raden Geger Malaka, Sangkala Wisésa nétélakeun yén manéhna keur néangan dulurna nya éta Mundinglaya. Ku Geger Maléla, Munding Sangkala Wisésa dibawa ka karaton. Mundinglaya jeung Dewi Asri neruskeun lalampahan ka ka Muara Beres bari ngayakaeun arak-arakan. Sanepina di karaton, Mundinglaya jeung Dewi Asri naék ka papanggungan kancana jeung balakecrakan babarengan. Sunten Jaya ahirna apal yén manéhna ditipu tuluy naék ka papanggungan pikeun merangan Mundinglaya. Ngan sanggeus manéhna beunang ku ajian Mundinglaya, Sunten Jaya teu walakaya.

Mundinglaya jeung Dewi Asri resmi nikah. Keur kitu, Jaksa Pajajaran, Demang Patih Rangga Gading, Mamang Murugul Mantri Agung jeung Purwakalih datang ka Muara Beres, rék nyaksian pangantén bari nyapih nu paraséa. Sunten Jaya datang ménta dibalikkeun deui harta-bandana nu jumlahna 25 kapal. Rangga Gading nanya, saha nu mimitina ngalamar Dewi Asri? Rahayat Kuta Barang sakabéhna biluk ka Sunten Jaya, yén Sunten Jaya téh nu ngalamar mimiti ka Dewi Asri. Tapi Patih Gajah Siluman ti Karang Siluman nitah Léngsér Pajajaran nyaritakeun asal muasal hubungan éta dua putra-putri.

Ahirna sakabéhna nyaho yén Mundinglaya jeung Dewi Asri geus dijodokeun keur dina kandungan kénéh. Sunten Jaya kudu narima yén manéhna éléh. Tapi, Sunten Jaya kalahka ngamuk tur nangtang perang ka Mundinglaya. Sabada dilayanan perang ku Mundinglaya, Sunten Jaya jeung sakabéh pasukanna éléh tanding ngalawanan Munding Sangkala Wisésa. Mundinglaya jadi pangantén anyar baru naléndra ku rajakaya. Manéhna diangkat jadi raja muda nu boga dua prameswari, nya éta Dewi Asri jeung Anté Kancana, adi Sunten Jaya. Tur ngangkat Munding Sangkala Wisésa salaku patihna

(Transliterasi tur diropéa tina Struktur Cerita Pantun Sunda: Alur, karya Tini Kartini, dkk)

Oh….. NÉNÉNG RÉVI

Carpon Tekad Pangestu

Harita téh asana mah keur poé Salasa basa kuring jeung barudak sa kuliahan cararicing di Parterre Bumi Siliwangi ba’da kuliah lekasan. Keur ngeunah-ngeunahna ngalalobrol bari ningalian susuganan aya nu geulis, panon kuring mencerong ka hiji awéwé anu sarua pada keur ngalalobrol jeung baturna. Éta awéwé téh ari nilik kana waruga na mah jigana kuliah na téh saangkatan jeung kuring, sabab lamun papahareup mah kira-kira sa dadaeun kuring. Manéhna maké kaos warna beureum, maké calana jeans, terus maké tas warna hideung anu disorénkeun, jeung deuih, geulis! nyaan. Manéhna ngobrol jeung opat babaturanana. Duaan maké kurudung warna biru, nu dua deui na mah kaasup manéhna teu maké kurudung.

Sabot kitu, katingali ku kuring manéhna gé malik melong ka kuring, tayohna mah kuring katohyan ku manéhna keur curi-curi pandang lebah manéhna pisan, tuluy jigana mah meureunan manéhna téh ngabéjaan ka baturna yén aya lalaki nu maok teuteup ka manéhna, sabab lalaunan sirah babaturanana nu opatan maralik bari neuteup ka kuring, tapi buru-buru dihulag deui ku manéhna sangkan babaturanana ulah mencerong kuring. Kuring gé kitu deui, api-api ngobrol deui jeung babaturan api-api teu ningalikeun manéhna. Saliwat ku kuring katingali deui manéhna ngobrol jeung babaturanana téh jiga nu keur ngomongkeun kuring, sabab katangén yén panon éta lima awéwé téh maralik mencerong ka kuring. Beu….. paur wé jadi ngadat! Ceuk haté kuring ngagerentes.

Teu lila ti dinya, ujug-ujug katingali ku kuring manéhna téh nangtung bari ngalieuk heula ka babaturanana nyarita sakeudeung, tuluy ngaléngkah, bangun nu rék nyampeurkeun ka kuring pisan! Kila-kilana mah, alamat jadi masalah ieu mah …..

Kuring geus yakin yén manéhna nyampeurkeun kuring téh érék nyarékan atawa ngadat ka kuring, tapi da naon salahna pilakadar nempo beungeut mah? Haté kuring nyoba ngabéla raga. Kuring tuluy api-api teu apal yén manéhna rék nyampeurkeun kuring.

Barang manéhna nangtung hareupeun kuring, ujug-ujug;

ayang, ari ayang téh ke mana aja sih??? Évi tungguin dari kemarén ayang gak dateng-dateng, ayang udah gak sayang lagi ma Évi? Atau udah punya yang baru? Ya udah kalo ayang gak sayang lagi ke Évi mah!” manéhna poporongos nyarita ka kuring.

Puguh ari kuring mah bati ngahuleng teu ngarti (kitu deui barudak kuring nu satadina téh keur ngararobrol, ayeuna mah jadi cararicing teu kadangu sorana).

ké…ké…ké, aya naon?” ceuk kuring malik nanya ka manéna, teu ngarti.

“euhm…, euhm…, ari aa téh tos teu nyaah ka enéng? Ari aa téh tos teu bogoh deui ka enéng? Hah…? tos wé ari aa teu bogoh deui ka enéng mah, urang PUTUS! Enéng hoyong PUTUS!!!” ceuk manéhna bari tuluy ngaléos indit deui muru babaturanna.

Har…..? aya naon ieu téh? Haté kuring masih tetep teu ngarti. Jaba ayeuna mah manéhna téh nyarita jadi ku basa Sunda? Jaba angger nyarékan? Aya naon sih…? Kuring jadi ngarasa wirang ku dua ku tilu, éra dicarékan dihareupeun jelema réa bari jeung ku nu teu wawuh, wirang dicarékan di hareupeun babaturan sorangan (mangka harita téh batur kuring téh lain lalaki hungkul, awéwéna ogé aya), jaba batur-batur gé anu teu wawuh milu narempokeun. Koplok téh…..! haté jadi teu puguh rarasaan.

Sanggeus nyarékan kuring, éta awéwé téh nyampeurkeun babaturanana bari tuluy maranéhna ararindit ti Parterre. Tapi saliwat ku kuring katingali yén éta awéwé téh seuri heula ka babaturanana, kitu deui jeung batur manéhna ogé aya nu seuri bangun nu sugema. Jadol téh…., aing diheureuyan! Aing diulinkeun…. Kuring yakin éta kalakuan si awéwé téh ngan sakadar sandiwara pikeun kuring améh kena batu-nya. Jadol…..!!!

Sanggeusna kuring dicarékan ku éta awéwé, batur-batur kuring pada malik nanya

`           “aya naon, Kong?” ceuk si Ganjar nanya bari semu hemeng.

Kuring anu boga ngaran landihan si Engkong teu langsung ngajawab patalekan si Ganjar, kitu deui basa si Cepi, si Aja, Yopi, Nurdin, jeung si Asjo pada naranya ka kuring, kuring teu waka bisa ngajawab. Malah mah si Risma kalahka ngomong kieu

“matakna Kong, ulah sok ngaheureuykeun awéwé!”

Beu, kuring bati leuwih teu pararuguh rarasaan. Kuring harita ukur bisa ngajawab

“mémang…, mémang urang nu salah….!”

Éh…., ari di jawab kitu téh kalahka babaturan kuring nyangka yén éta awéwé téh mémang bener-bener kabogoh kuring! Atuh kuring beuki tambah baluweng. Geulis mah geuuuuulis, daék mah daaaaaék jadi kabogohna, tapi da tong kieu-kieu teuing atuh mimitina!!! awas hég…., hiji waktu rék dibales! Haté norowéco jiga nu gélo.

*****

            Saminggu saprak kajadian éta, poé Rebo sabada kuliah Pengantar Pendidikan, kuring niat gancang-gancang balik ka kossan. Teu ngilu heula ngararumpul arulin jeung babaturan da kuring mah ngarasa tunduh jeung asa cararapé kusabab peuting tadi tas begadang jeung si Diqi. Ari barudak mah taruluy ka UPI-nét, teuing rék mararuka naon.

Kuring balik ka kossan téh jalan ka Parterre. Barang kaluar tina torowongan leutik Parterre, kuring ningali awéwé nu harita nyieun sandiwara nyarékan teu pupuguh téa. Manéhna keur ngarobrol jeung pada baturna, tilu awéwé jeung lalaki saurang.

Kuring jadi teu langsung balik ka kossan, tapi ngadon melongkeun manéhna heula, kira-kira 6 méter hareupeun manéhna pisan kuring diuk dina bangku taman.

Barang manéhna teu kahaja ningali kuring, dadak saharita katingali manéhna bangun nu reuwas liwat naker, tuluy manéhna buru-buru api-api ngobrol deui jeung babaturanana ninggalkeun paneuteup kuring nu seukeut neuteup mencerong manéhna. Kusabab manéhna diteuteup kaleuleuwihi ku kuring, antukna manéhna jadi teu garenah cicing. Meus-meus nangtung, meus-meus diuk. Tungtungna manéhna téh ngabedol babaturanana anu lalaki teuing ngajak ka mana nu penting mah meureunan asal indit ti Parterre tapi bari aya nu ngabaturan, komo meureun ieu mah kasebutna gé lalaki. Marukan kuring sieun…? Ceuk haté kuring ngagerentes.

Tuluy si awéwé téa téh indit buru-buru ninggalkeun kuring bari manéhna inditna téh bari nyenyekel leungeun babaturan lalakina bangun nu ngahaja hayang katempo ku kuring. Ditinggalkeun kitu mah buru-buru kuring na gé indit nuturkeun manéhna. Éta awéwé inditna téh ka lebah Péntagon pisan, tuluy maranéhna asup ka jero gedung Péntagon. Tapi tetep manéhna téh dituturkeun ku kuring. Nepikeun ka lantai 2 manéhna tetep ditututur ku kuring. Lila-lila manéhna jigana mah keseleun ogé, ujug-ujug manéhna malik tuluy malik nyampeurkeun ka kuring.

“kunaon sih nuturkeun waé??? Résé…..” ceuk manéhna.

Harita di Péntagon lantai 2 téh keur lumayan loba jelema ogé, jeung jigana loba ogé babaturan si awéwé téh, sabab kuring ningali lalaki anu bareng jeung manéhna téh keur nyampeurkeun tuluy ngobrol jeung awéwé tiluan, encan deui awéwé-awéwé anu séjénna deui narempokeun ka kuring jeung si awéwé téa.

“Vi, hayu urang uih ka bumi….” Ujug-ujug kuring nyarita kitu bari jeung teu direncanakeun heula saméméhna.

“hah???” ceuk manéhna.

“hayu énggal urang uih, si Bapa jeung si Mamah melangeun ka Évi” laun-laun sora kuring beuki rada narikkan, ngahaja améh kadéngé ku babaturanana.

“émangna Révi kunaon bet kudu uih?” manéhna kerung bangun nu panasaran

“si Mamah jeung si Bapa tos ngahampura Évi, énggal urang uih….”

“émangna Révi kunaon!?!?” manéhna nyarita bari semu ngajorowok, puguh wéh babaturana beuki panasaran hayang apal keur aya kajadian naon ieu téh.

“aya naon, hah…?” deui-deui manéhna nyarita rada ngajorowok

“KANDUNGAN Évi! Év, Aa alim Évi ngalakukeun hal nu macem-macem!”

Dadak sakakala manéhna reuwas jiga nu ngadangu béntar tengah poé. Kitu deui babaturanana nu araya didinya teu éléh rareuwasna (jeung jigana mah babaturan éta awéwé téh Ragos alias ratu gosip, sabab sanggeusna maranéhna leupas tina kareuwas téh, maranéhna tuluy silinyarita haharéwosan jeung pada baturna, kabeneran pisan!!!)

Saméméh éta awéwé téa sadar tina kareuwas tur bisa némbalan deui, buru-buru kuring nyarita deui.

“si Mamah jeung si Bapa tos ngahampura ka urang duaan, mamah jeung bapa bakal narima deui urang, asal cenah éta janin nu aya dina kandungan Évi tong digugurkeun, da ari budak mah teu apal nanaon, urang nu salahna mah, yu atuh Vi ayeuna mah urang énggal-énggal uih, keun wé sadinten mah ulah kuliah heula”

Ngadangu omongan kuring kitu awak manéhha téh katingali ku kuring rada ngageter, kitu deui biwir katut panonna, ngagaleter bangun nahan piceurikeun. Komo basa manéhna sorangan ngadangu yén babaturanana keur papada ngomongkeun naon perkara nu ku manéhna karandapan. Pajarkeun si Révi hamil ceuk nu saurang, si Révi kabur dari rumahnya ceuk nu séjénna, itu pacarnya si Révi ceuk nu séjénna deui (heuheuy deuh… aing di sangka kabogohna!).

Tungtungna cimata kaluar tina sela-sela panonna bari saheulaan manéhna neuteup heula ka kuring bangun kacida ceuceub. Tuluy manéhna lumpat bari dua leungeunna nutupan beungeutna, tapi lain lumpat ka jero ruang kuliah, tapi lumpat ka tangga handap (jigana rék kaluar ti gedung Péntagon).

Ditinggalkeun lumpat ku si awéwé téa, kuring buru-buru nuluykeun hanca sasandiwaraan kuring api-api kuring ogé lumpat ka handap api-api rék ngudak si awéwé téa bari ngagorowok Révi….! (percis pisan film India!). ngahaja api-api ngudag téh ambéh bener-bener disangka ku babaturan si awéwé yén kjadian ieu téh bener-bener keur kajadian (komo tujuan utamana mah ambéh babaturan Révi anu bigos palercayaeun! Engké kan béjana té jadi nyebar, mana teuing leuwih wirang ti  sim aing)

Padahal mah kuring sarua lumpat ka handap téh lain rék ngudag si awéwé téa, tapi hayang buru-buru indit wé ti tempat éta.  Barang geus nepi ka luar gedung Péntagon mah, kuring bororaah ngudag si awéwé téa, bati ngahariring wéh kuring mah héhéotan muru ka tempat koss rék nuluykeun paniatan anu ka hanca nyaéta, héés!!!

*****

Lima poé ti éta basa kuring keur kuliah harita kuring keur didosénnan ku Pa Iskandarwassid. Ujug-ujug terrrt, hp kuring ngageter sakali, cicicirining aya és-ém-és asup. Cét tombol hp dipencét, bray! Monitor hp pinuh ku hurup-hurup laleutik.

“ieu sarng tkd, pmi lers ieu tkd, tabh 2 dintn ayn diants di partrr, kdh dtng nylr, bls sms ieu. R.V.I”

gebeg, kuring lumayan rada reuwas ogé nampa éta sms. Anyirrr…, ieu mah ti si Révi, manéhna ngajak papanggih poé ayeuna pisan jam 2 di Parterre, mangka aing kudu sorangan datangna, bakal paséa rongkah ieu mah… ah, kajeun! haté kuring ngagerentes.

Tuluy kuring ngabales sms-na si Révi

“muhn ieu tkd. Mngga tabh 2 tkd pasti dngkp k Parterre”

heup, cukup kuring ngabales sms teu papanjangan.

Sabenerna sababaraha poé ka tukang gé kuring nyadar yén kajadian ieu téh bakal manjang, kuring ogé sadar yé sabenerna kalakuan kuring ka Révi 5 poé ka tukang téh kaleuleuwihi pisan, leuwih sadis batan kalakuan manéhna ka kuring, tapi kuring ogé da teu ngahaja-haja arék nyieun peta kitu, éstu ngobrolkeun naon rupa nu harita keur di pikiran ku kuring (na enya kitu kuring keur mikiran rék ngagugurkeun kandungan? Kandungan saha, nu kuring? Teuing kétang…)

Ayeuna kuring yakin bakal aya kajadian “gedé” nu bakal ku kuring karandapan. Pikiran mah kumalayang boa-boa aing rék digarebugan ku babaturan si Révi? Lamun ku babaturan awéwéna mah moal nolak, tapi lamun ku babaturan lalakina? Mangka sakelas? Mening kénéh dikawinkeun aing mah…! (???)

Atawa mending kénéh bébéja kitu nya aing téh, bébéja ka pada batur kuliah kuring, ka si Erifa, si Anwar, si Cécép? Atawa aing kudu tetep indit sorangan? Pikiran kuring keukeuh teu pararuguh. Tapi tungtungna mah kuring mutuskeun yén ieu masalah kudu disanghareupan ku kuring sorangan.

Jam 2 kurang, kuring siap-siap rék ka Parterre. Kuring geus siap sagalana, kayaning siap lahir jeung batin katut siap lamun nyatana kuring kudu jadi layon (meni kaleuleuwihi!).

Barang gok nepi ka Parterre, kuring gura-giru néangan manéhna. Rét ujug-ujug katempo manéhna keur nantung sisi balong Parterre nyanghareup ka kuring, gugupay! Na teu salah kitu manéhna téh ngagupayan kuring? Bari jeung manéhna téh teu mawa balad-balad Kurawa, atawa arék nyugemakeun kuring heula saencan kuring ditelasan? Teu talangké, gedig kuring nyampeurkeun manéhna.

Barang nepi ka manéhna, Gusti….., manéhna imut! Aduh Gusti….. Ya Tuhan….. meni geulis-geulis teuing ieu mangkeluk téh, maké rok panjang tina buludru jeung kaluhurannana di kaméja bodas, buukna dibeungkeut, leungeunna nyenyekel dompét, aduh….  Geulis nyaan!

Tapi kuring masih tahan harga alias jaim, kuring ukur males imut saperluna.

“Tekad, nya?” manéhna nanya bari rada unggeuk

“muhun…”  ceuk kuring singget

Tuluy manéhna diuk na korsi taman Parterre. Kuring ogé lalaunan milu diuk.

“Kad, euh… euh…, Révi…. Révi…. badé…. badé nyuhunkeun hapunten…”

gebeg! Kuring reuwas lain wawadulan, hapunten? Ceuk pikir kuring.

“Révi nyuhunkeun hapunten pédah kamari Révi tos ngaheureuyan Tekad, Révi ngaku bahwa Révi keterlaluan, Révi…., Révi mau minta maaf!” ceuk manéhna

euleuh…, geuningan ménta hampura….! Tapi kuring masih kénéh ngabetem.

“dinten kamari waktu Révi dibikin malu ma Tekad di Péntagon, Révi énggal-énggal uih ka bumi, Révi uih ka bumi masih kénéh nangis karena Révi malu sama temen-temen Révi, di rumah Révi bilang ke si Mamah ke si Papah, Papah kebetulan nuju aya di rumah. Tapi pas Révi ngobrolin kejadian Révi sareng Tekad dari pertama kejadiannya, Révi kalahka dimarahin ku si Papah, kata si Papah téh cenah da itu mah salah Révi! Révi ngaheureuykeun Tekad di depan umum! Révi yang salah….” Ceuk manéhna bari maka basa Sunda nu tidak baik dan benar.

“terus……” ceuk kuring mimiti nyoara

“iya…, Révi dipiwarang minta maaf ku si Papah, katanya percumah Révi ngajelaskeun kajadian Révi nu kemarén ka anak-anak, pasti moal palercayaeun, kecuali Tekad sendiri nu nyarios ke anak-anak, bahwa kemarén itu téh salah paham….”

“janten…, Révi saatosna minta maaf ke Tekad, Révi hoyong Tekad ngajelaskeun ka barudak Révi, bahwa nu kamari téh salah paham, kitu sanés?” ceuk kuring anu ayeuna mah jadi saruana teu maké basa Sunda yang baik dan benar. Manéhna lalaunan unggeuk bari tetep tungkul teu wani melong ka kuring. Sabot keur kitu, kuring maok-maok teuteup ka rarayna Révi. Gusti…. Bener-bener geulis….nyaan!

            “cuman sama Tekad anak-anak Révi bakal percaya” manéhna nyarita bari ngadadak melong kana beungeut kuring. Ayeuna giliran kuring nu éra dipelong ku manéhna.

Kusabab manéhna tuluy-tuluyan melong beungeut kuring bari terus ngadadagoan jawaban ti kuring, tungtungna kuring maksakeun sarua neuteup ka manéhna (geuningan ari geus neuteup manéhna mah, ngeunah! Sabab ari melong nu geulis mah, éndah!). ti dinya kuring jeung manéhna jadi leuwih akrab dana nyarita téh, kuring nyaritana sakapeung ku basa Indonesia sabab watir manéhna maksakeun nyarita ku Sunda.

Paguneman jadi panjang mancawura, Révi ménta dihampura jalaran sikep manéhna tiheula di hareupeun barudak kuring, kuring ogé kitu deui ménta dihampura tina sikep kuring nu kamalinaan. Manéhna nyarita, mun seug harita euweuh bapana, tangtu ayeunana téh manéhna masih ngadat kénéh ka kuring, da manéhna gé ngarasa yén sikep kuring nu kamari mémang kaleuleuwihi. Atuh meureun si “Aa” Révi ngambek ka Tekad ceuk kuring ngaheureuyan manéhna, ana dijawab téh, Révi mah baru putus dua bulan kemarén. Kantenan wé sim aing atoh kabangetan ngadanguna. Mun seug taya si bapa  da…, malah mah cenah ceuk si bapa lamun kuringna daék ka imah manéhna, bapana rék ngahaja sasadu ménta hampura ka kuring, puguh wéh kuring sumanget basa Révi ngondang kuring ka imahna.

Ehm…. Gusti, aya ku pengertian éta bapa si Révi, kuring jadi ngarasa asa boga cukang lantaran kuring nganjang ka imah Révi, komo ieu mah nya bapa nya anakna nu ngondang, komo si nénéng téh karék anyar putus, komo budakna téh geulis, komo kuringna hayang budak bapana si Révi, wahhhh, lengkep kabungah téh. Meni asa aya dina carita atawa dina dongéng.

Poé Sabtu kuring rék ka imahna Révi, ngahaja ngawadul kuliah nepikeun ka Jumaah, padahal ngan nepikeun ka Kemis, améh jadina poé Sabtu! Kapan geus pada ararapal ari poé Sabtu téh peutingna sok diparaké wakuncar, kuring gé kitu, malah ari harepan kuring mah leuwih ti éta, kuring mah ngarepkeun yén, susuganan wé kuring balik kapeutingan, tuluy bapana Révi melangeun kuring balik peuting-peuting da cenah bisi aya culik, tuluy dititah ngéndong, tuluy dititah ngabaturan Révi da cenah paur ari Révi saré sorangan mah, paur dibawa ku beurit! Engké hésé néanganana kudu ka luhur para……..

 

Sersan Surip, 14.05.04

Kahatur,

Nénéng Jérman

“Tukang Asahan” – Bagian II

(2)

KALUAR TINA PANTO IMAH SUDAGAR AYA AWÉWÉ NU DIIRING KU BADÉGANA.

NYONYA SUDAGAR (KA BADÉGA): Bibi, kami téh nyonya sudagar, lain?

BADÉGA: Leres Juragan. Juragan teh istri sudagar nu teu kinten beungharna.

NYONYA SUDAGAR: Ho-oh, bibi.

BADÉGA: Pangbeungharna saalam dunya.

MAHASISWA: Étah, geus nyebut-nyebut deui alam dunya.

NYONYA SUDAGAR: Ho-oh. Salaki kami mah pangjegudna, jeung pangbeungharna saalam

dunya. Kitu, teu pindo gawé, Bibi.

BADÉGA: Leres, leres pisan, Nyimas.

NYONYA SUDAGAR (NGAHULEUNG HEULA SAKEUDEUNG): Tapi (NGARENGHIK) éhé,

Bibi, étaeun Bibi.

BADÉGA (NGADEUKEUTAN SARTA NYEKELAN DUNUNGANANA): Ku naon, Nyimas? Naon

anu dimanahan?

NYONYA SUDAGAR: Éta Bibi, panutan kami teh taeun …

BADÉGA: Kirang kumaha juragan pameget? Sakitu beungharna, sakitu bageurna, sakitu

gandangna, sakitu salangitna… Wah badé milarian nu kumaha deui? Sawahna

upluk-aplak dugi ka suku langit itu, leuitna tingjalegir parentul kawas suung

rampak. Atuh emas, berlian, permata, widuri, mutiara, batu akik, batu wulung,

batu kinyang, batu asahan…

NYONYA SUDAGAR: (NGAGEBÉS) Hus! Naon? Batu asahan?

BADÉGA (REUWASEUN): Aduh punten Nyimas … Naha bet Bibi téh teu pupuguh teuing make

los-los kana batu asahan sagala?

NYONYA SUDAGAR: Heuheuh Si Bibi mah ngacapruk. Keur naon batu asahan?

MAHASISWA: Héh? Maranéhna, dédéngéan téh ngobrolkeun batu asahan, nya Mang?

TUKANG ASAHAN: Sumuhun. Janten kateuteu-ari nawiskeun ogé. Mending urang milarian deui

sugan aya nu badé ngagaleuh palih ditu.

MAHASISWA: Is, engké heula. Saha nu nyaho…

BADÉGA (KA NYONYA SUDAGAR): Janten kitu, nya Nyimas?

NYONYA SUDAGAR: Enya kitu, Bibi. Mun angger kieu mah tangtu moal nambahan. Sanajan

enya geus loba hasilna, tapi apan urang téh kudu usaha sangkan leuwih. Nyaho,

sabenerna kakayaan salaki kami téh kurang kénéh upama dibandingkeun jeung

Sudagar Mustafa mah.

BADÉGA: Ah, moal enya Nyimas?

NYONYA SUDAGAR: Enyaan Bibi. Ngan éta keuheulna téh salaki kami mah jiga nu geus

sugemaeun ku sakieu. Padahal kudu terus usaha sangkan bisa nyaruaan. Malah

kudu ngaleuwihan. Nyao teuing atuh. (MELONG KANA PANTO IMAHNA)

Tuh kabeneran salaki kami ka dieu.

KALUAR TINA PANTO IMAH SUDAGAR, SUDAGAR JEUNG BADÉGA LALAKI.

NYONYA SUDAGAR: Aduh Kangmas, bagja kumayangan teuing. Sumangga lenggah, kaleresan

abdi aya pisanggemeun, kaulanun.

SAUDAGAR: Naon téa Rayimas? Kumaha ti sabarang dipihukum ku pun Kakang aya dina

kamarasan?

NYONYA SUDAGAR: Berekah pisan Kangmas, abdi teu kirang sawios-wios, sagala rupi

kacumponan. Nanging (NYONYA SUDAGAR UJUG-UJUG CEURIK), éta

Kangmas.

SUDAGAR (REUWASEUN): Ku naon Rayimas? (NYONYA SUDAGAR BEUKI KANYEYERIAN

CEURIKNA ) Ké teu ngarti Kakang mah, Rayimas. ( KA BADÉGA AWÉWÉ)

Manéh, Bibi, ku naon dunungan manéh?

BADÉGA: (RAMPANG-REUMPEUNG) Du-du duka, Jagan.

SUDAGAR: Sugan tadi ku naon?

BADÉGA (ASA-ASA): Éta, Jagan…

SUDAGAR: Kumaha ?

BADÉGA: Ah, saéna mah dipariksa baé ku Juragan nyalira.

SUDAGAR NUYUN PAMAJIKANANA KA JERO IMAH.

BADÉGA LALAKI: Ku naon karah Juragan Istri?

BADÉGA AWÉWÉ: Ceurik nu beunghar, hayang leuwih beunghar.

BADÉGA LALAKI (SATENGAH NGOMONG SORANGAN): Nu beunghar hayang leuwih

beunghar? Nepi ka ceurik?

BADÉGA AWÉWÉ: Heueuh, nu miskin beuki miskin, ceurik deui.

BADÉGA LALAKI: Sarua ceurik mah.

BADÉGA AWEWE: Nu béda naonana?

BADÉGA LALAKI: Nu béda mah lantaranana.

DI JERO IMAH SUDAGAR, SUDAGAR NGUPAHAN PAMAJIKANANA.

SUDAGAR: Meugeus Rayimas, ulah kateterusan. Pok caritakeun naon anu dipikahayang

téh. Ku Kakang pasti ditedunan.

NYONYA SUDAGAR: Sumuhun éta, Kakang mas.

SUDAGAR: Naon, Rayimas ?

NYONYA SUDAGAR: Sumuhun, Kakangmas, katingalna ku Rayimas, memang leres urang téh

teu kirang nanaon. Kitu sotéh upami urang teu ninggal nu sanés.

SUDAGAR: Saha nu sanés téh, Rayi.

NYONYA SUDAGAR: Tingali atuh ku Rakamas tuh Sudagar Mustafa. Ku paningal Rayi,

manéhna téh langkung beunghar ti batan urang.

SUDAGAR: Ah, moal enya.

NYONYA SUDAGAR: Leres, Kangmas. Cobi geura, sabaraha bau tanah urang?

SUDAGAR (NGINGET-NGINGET): Dua rébu lima ratus genep puluh dalapan satengah bau.

NYONYA SUDAGAR: Sumuhun Sudagar Mustafa mah dua rébu lima ratus genep puluh salapan

bau saparapat.

SUDAGAR: Wah, wah, wah, beda tilu parapat bau.

NYONYA SUDAGAR: Bénten tilu parapat bau ogé, hartosna itu langkung beunghar.

SUDAGAR (NGAHULEUNG SAKEUDEUNG): Memang enya, Rayimas.

NYONYA SUDAGAR: Cobi, emas urang nu aya sabaraha?

SUDAGAR (NGINGET-NGINGET): Aya dua pikul lima puluh dalapan kati punjul salapan tail.

NYONYA SUDAGAR: Tah Sudagar Mustafa mah punjulna téh lima belas tail. Jadi itu leuwih

beunghar.

SUDAGAR (PANAS): Nu bener Rayimas? Si Mustafa leuwih beunghar manan Kakang?

NYONYA SUDAGAR: Teu pindo damel Kangmas. Kakang Mustafa langkung beunghar batan di

dieu.

SUDAGAR (BEUKI PANAS): Hah? Éta Rayimas maké nyebut ka Si Mustafa kakang?

NYONYA SUDAGAR (SEURI): Leres Kakang Mustafa anu langkung beunghar téa.

SUDAGAR (BEUKI NGÉNTAB HATÉNA): Kurang ajar! Piraku aing maké kudu kéok ku pantar

Si Mustafa? (NGAGEROAN) Badéga!

BADÉGA LALAKI (NYAMPEURKEUN KA DUNUNGANANA): Kaulan. Aya pikersaeun naon

Juragan téh?

SUDAGAR: Gancang calukan Si Kohar kapala jagal aing!

BADÉGA LALAKI: Timbalan. Sumangga. (INDIT TI DINYA).

BADÉGA AWÉWÉ: Juragan pameget bendu.

BADÉGA LALAKI (BARI RURUSUHAN): Top lebok!

MAHASISWA: Wah suasanana gawat, Mang. Ulah dagang asahan ka dinya. Kuriak baé.

TUKANG ASAHAN: Éta tuda pamajikan Sudagar. Dasar awéwé. Tingali tuh Dén, salakina jadi

ambek kitu. Lalakina panasan, awéwéna bisaan mapanasna.

MAHASISWA: Jegur baé, nya Mang.

TUKANG ASAHAN: Ngabeledug.

SUDAGAR KATUT PAMAJIKANANA, KITU DEUI BADÉGA AWEWE ARINDIT TI DINYA.

….

(Dicutat tina Lir Cahya Nyorot Eunteung, 2008)

Naskah Drama “Tukang Asahan”

TUKANG ASAHAN – Bagian I

: Wahyu Wibisana

Nu maranggung:

Mahasiswa

Tukang Asahan

Sudagar

Nyonya Sudagar

Badéga Sudagar, awéwé jeung lalaki

Jagal

Si Kabayan

Nyi Itok, pamajikan Si Kabayan

Mitoha Si Kabayan, lalaki

Kangjeng Raja

Putri

Satria/Raja Putra

Léngsér

Gulang-gulang

Logojo

Pangiring Raja

Pangiring Putri

Setting: imah mahasiswa, imah tukang asahan, imah Si Kabayan, imah Sudagar, jeung

karaton raja.

Naskah disusun nurutkeun gaya drama modéren (tukang asahan jeung mahasiswa), gaya longsér

(Si Kabayan), gaya sandiwara (Sudagar), jeung gaya gending karesmén (di karajaan).

DINA PANGGUNG PAGELARAN AYA LIMA PANTO: IMAH MAHASISWA, IMAH

TUKANG ASAHAN, IMAH SI KABAYAN, IMAH SUDAGAR, JEUNG KARATON

KANGJENG RAJA.

(1)

KATÉMBONG KALUAR HIJI MAHASISWA TI IMAHNA. SAKEUDEUNG MANÉHNA

MACA BUKU SAKU.

MAHASISWA: Cenah, alam dunya téh lir saupama bal. Bal bunder, hésé diterkana kitu cek urang

olahraga.

Hese diteguhna. Jadi, alam dunya teh teu beda ti tatarucingan nu matak

ngahuleng. Matak koleng. Huh !

Tapi, cek astronom, sanajan éta dunya téh bunder, cenah mah puguh

aturanana. Muter dina rotasina, ngurilingan panon poé, 365 kali jero sataun.

Jadi ku kitu téh kabéh gé bisa katerka. Bisa diitung. Iraha rék aya samagaha

bulan, samagaha panon poé, rék aya béntang kukus ngaliwat, Vénus rék

ngadeukeutan, jeung sajabana.

Heh? Ana kitu, naon atuh nu hésé diterkana di ieu alam dunya téh?

(NGAHULENG SAWATARA JONGJONGAN) Euh enya! Lantaran nu

ngeusianana. Manusa!

KALUAR TUKANG ASAHAN TI IMAHNA. NANGGUNG DALAPAN BATU ASAHAN.

MAHASISWA: Tah, saperti nu muncengis ieu nu disebut jelema téh. Tukang asahan.

TUKANG ASAHAN: Sumuhun manawi, abdi téh urang Cihéa. Nuju dagang batu asahan héh-héh.

Sok leres, batu asahan wedalan Cihéa mah teu aya dua di alam dunya …..

MAHASISWA: Manéhnaa nyebut-nyebut alam dunya deuih …

TUKANG ASAHAN: Leres saalam dunya mah panghébatna, pangistiméwana, nya kulan.

Ngawartosan baé abdi mah. Upami kagungan bedog weuteuh, gobang atanapi

samurey ogé sami, weuteuh tur saé, nanging diasahna teu ku batu asahan

Cihéa, modél ieu, wah lapur. Moal tiasa seukeut. Bakal mentud baé, leres.

Keur naon kagungan bedog ogé ari mintul mah, sami baé sareng teu

kagungan.

Sumuhun leres ieu téh. Sing percanten ka abdi.

MAHASISWA: Kudu percaya cenah ka manéhna. Percaya kana omonganana.

TUKANG ASAHAN (NAWARKEUN ASAHANANA): Han… asahan! Han… Asahan! Péso, bedog,

kampak di dapur, bilih marintul! Baliung, rimbas, sugu nu biasa diasah. Han…

asahan! Han, asahan!

TUKANG ASAHAN TUMPA-TEMPO KANA PANTO-PANTO TÉA SUGAN AYA NU

KALUAR RÉK MEULI BATU ASAHAN.

MAHASISWA: Kaasup kana golongan ékonomi lemah. Lain PMA lain PMDN, ieu mah PMKD:

Penanaman Modal Késang Doang. Bangsa manéhna kudu dibantu, kudu

diprotéksi. Tuluy dididik jadi wiraswasta. Ha!

TUKANG ASAHAN TERUS NAWARKEUN ASAHANANA. TAPI TINA PANTO-PANTO

TÉH TEU KATÉMBONG AYA NU KALUAR RÉK MEULI.

TUKANG ASAHAN: Sepi… Sumuhun sanés jéngkol nu raos téa. Tapi nuju tiiseun, kulan.

Dagangan teu acan pajeng.

Na di saalam dunya parantos teu aya nu butuheun batu asahan kitu?

MAHASISWA: Geus pok deui alam dunya éta manéhna…

TUKANG ASAHAN: Atanapi parantos teu jaman ayeuna mah. Rupina parantos aya mesin

asahan. Uluh, batu asahan digentos ku mesin asahan. Atuh kumaha abdi, hi!

Sabar … nasib!

Da rumaos abdi mah jalma nu leutik,

ngan tukang asahan,

susuganan aya milik,

keur dahareun nu di imah.

MAHASISWA: Maskumambang. Haténa Maskumambang…

TUKANG ASAHAN: Sumuhun, sering saleresna abdi téh aral. Terus terang baé. Aral kana nasib

sorangan. Nganaha-naha ka Gusti Allah.

Mun kieu mah Allah téh ngawilah-wilah,

majar rahman jeung rahim,

ka kabéh mahlukna,

tapi kumaha buktina,

bangsa kuring anu leutik,

teu karopéa,

asahan euweuh nu meuli.

MAHASISWA: Deuleu éta sora durma. Manéhna ambek ka Gusti Allah. Kumaha geus kieu?

(NYARITA KA TUKANG ASAHAN) Damang, Mang ?

TUKANG ASAHAN: Ah, sadamang-damangna baé.

MAHASISWA : Dagang naon éta téh?

TUKANG ASAHAN: Dagang ieu kulan, batu asahan. Nanging parantos sataun satengah teu aya

nu mésér-mésér.

MAHASISWA: Sataun satengah mah atuh …

TUKANG ASAHAN: Numawi, sataun satengah mah upami di sawah mah tilu pamotong. Upami

padamel negri dalapan welas kali gajihan, hé-hé.

MAHASISWA: Kumaha atuh kulawarga?

TUKANG ASAHAN: Ah, ulah naros éta, Dén. Ieu bilih Emang ngelepek.

MAHASISWA (NGAHULEUNG SAKEUDEUNG RET KA TUKANG ASAHAN): Kumaha upami

abdi mantuan?

TUKANG ASAHAN: Kulan? Mantuan? Mantuan kumaha ari Adén?

MAHASISWA: Mantuan Emang dagang batu asahan.

TUKANG ASAHAN: Mantuan Emang dagang asahan? Ah, moal enya Dén. Piraku Adén kersa

jadi tukang asahan kawas Emang?

MAHASISWA: Teu kitu Mang. (NGAJAK TUKANG ASAHAN ) Hayu.

MAHASISWA JEUNG TUKANG ASAHAN (NAWARKEUN BATU ASAHAN): Han… asahan.

Han… asahan. Aya asaheun? Aya asaheun? Sah … asah! Sah… Asah!

TUKANG ASAHAN JEUNG MAHASISWA TUMPA-TEMPO KANA PANTO SUGAN AYA

NU REK MEULI ASAHAN. TAPI TAYA NU KALUAR.

RINGKESAN CARITA MAHABARATA

Pandawa jeung Kurawa

Prabu Pandu Dewanata téh hiji raja ti karajaan Astina. Anjeuna boga putra lima sadulur anu baris katelah Pandawa Lima, anu dilahirkeun ti dua istrina nya eta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Éta Pandawa Lima ti nu panggedéna nepi ka pangleutikna téh nya éta; Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa. Yudistira boga ngaran kanyaah atawa ngaran leutikna nya éta Puntadewa, Bima ngaran leutikna nya éta Séna, Arjuna ngaran leutikna téh Permadi, dilahirkeun ti ibu Déwi Kunti. Sedeng Nakula nu boga ngaran leutik Punten,  jeung Sadéwa nu boga ngaran leutikna Tangsen dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim.

Hanjakal Pandu Déwanata tilar keur ngora kénéh, sarta barudakna masih laleutik. Alatan barudakna tacan bisa nyarekel kadali pamaréntahan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara karajaan Astinapura, korsi pamaréntahan pikeun saheulaan dipasrahkeun ka Déstarata salaku lanceuk Pandu Déwanata. Jaga lamun palaputra Pandawa Lima geus sawawa, mangka Astinapura baris dipasrahkeun ka aranjeuna salaku pawaris hak tahta anu sah.

Déstarata téh pisikna teu sampurna, dua panonna teu ningali alias lolong. Salian ti éta, pamadeganana kurang kuat, gampang robah, gampang dihasut tur gampang diolo ku barudakna anu jumlahna saratus, katelah palaputra Kurawa. Ampir sakum palaputra Kurawa miboga watek goréng kayaning, hasud, sirik-pidik, sarakah, tukang bohong, tukang fitnah, jeung lian-lianna.

Rencana pamasrahan tahta Astinapura ka palaputra Pandawa putra Pandu kahalang ku Déwi Gandari salaku pamajikan Déstarata jeung salaku indung palaputra Kurawa. Déwi Gandari satekah polah lumaku kumaha carana sangkan tahta Astinapura téh jaga teu ragrag ka palaputra Pandawa salaku pawaris sah, tapi ragrag ka pihak Kurawa salaku palaputra manéhna. Ambisi Déwi Gandari dirojong ku adina nu ngaranna Harya Suman nu katelahna Patih Sangkuni, hiji patih di karajaan Astinapura. Patih Sangkuni boga pikiran yén sangkan tahta Astinapura bisa dicekel ku pihak Kurawa, mangka Pandawa Lima kudu disingkirkeun ti Karajan Astinapura.

Ti baheulana, Pandawa Lima sok leuwih punjul ti batan Kurawa. Boh tina kaparigelan maénkeun pakarang, kapunjulan kapribadian, tur élmu pangaweruh boh kabatinan atawa kanagaraan. Hal ieu ngalatarankeun mumusuhan di antara maranéhna leuwih ngebebela. Puntadéwa atawa Yudistira unggul dina widang sastra jeung kanagaraan, Bima punjul dina widang maénkeun gada, Arjuna punjul dina widang manah jeung élmu perang, sedeng Nakula-Sadéwa sanajan can sawawa punjul dina prilaku jeung kapribadian.

Bima nu dedeg pangadegna jangkung badag tur bedas tanagana, mindeng kelibet masalah jeung pihak Kurawa. Duryudhana jeung adina Dursasana ti pihak Kurawa pernah digampleng ku Bima alatan maranéhna nyieun gara-gara ka pihak Pandawa. Sok sanajan digulung dirempug dikoroyok ku duaan, tapi dina éta tarung téh angger Bima nu unggul. Ti harita Bima sok jadi sasaran kaceuceub-kageuleuh pihak Kurawa.

Hiji waktu, Bima nu pohara rampus daharna dibéré racun ku Kurawa dina kadaharannana. Sanggeus Bima kapiuhan, awakna tuluy dipiceun ka sumur Jalatunda anu eusina pinuh ku mangpirang oray nu matih peurahna. Ngan ku pitulungna Batara Dadungnala, Bima salamet tina bahaya pati. Malah, ti saprak harita Bima jadi kebal ku mangpirang baruang (racun) nu sakumaha matihna gé.

Sadar usahana nyingkahkeun Bima téh gagal, pihak Kurawa nyieun deui tarekah nyingkahkeun pihak Pandawa ku jalan ngaduruk balé Sigala-gala tempat sararé Pandawa sarta Ibu Déwi Kunti. Ngan éta tarekah gé gagal deui alatan Pandawa ditulungan ku Batara Naradha, Sang Hyang Antaboga, jeung Yama Widura.

Sangkan pacogrégan antara Kurawa jeung Pandawa teu terus lumangsung, para kokolot nu diluluguan ku Resi Bisma jeung Yama Widura méré tarekah ka Déstrarata sangkan Pandawa Lima dibéré leuweung geledegan nu katelah Wanamarta (Wana = Leuweung, Amarta = Ngaran éta leuweung). Éta bongbolongan téh disapukan atawa disatujuan ku Déstrarata, nya antukna Wanamarta dipasrahkeun ka Pandawa.

Alatan palaputra Pandawa mah punjul pisan dina sagala widang –kaasup widang Tata Nagara-, tur dibantuan ogé ku sawatara Déwa jeung sobat-sobat Pandawa, dina waktu nu singget maranéhna bisa ngarobah Wanamarta nu asalna leuweung geledegan jadi hiji nagara atawa karajaan kalawan dibéré ngaran karajaan Amarta, tur boga puseur dayeuh atawa ibukota nu dibéré ngaran Indraprasta. Beuki lila Amarta beuki maju. Karajaanna beuki gedé jeung kuat, sabab loba karajaan-karajaan leutik nu garabung ka Amarta.

Hal ieu ngabalukarkeun rasa ceuceub Kurawa ka Pandawa beuki mahabu. Antukna, pacogrégan dua pihak nu beuki gedé jaga di carita satuluyna bakal bubuara jadi perang rongkah antara Pandawa Lima jeung Kurawa, katelah Perang Bharatayuda di padang Kurusétra.

(Tekad  Pangestu, tina sawatara sumber)

Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

Urang Sunda - Kenali Leluhur, Sejarah, Bahasa dan Budaya Asli Urang Sunda

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

raudya's

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

Biografiparasufi's Blog

Just another WordPress.com weblog

Keajaiban Dunia

Aneka Keajaiban Dunia dalam Berita, Gambar, Foto dan Video

Metafisis

Membongkar Hakikat Tenaga Dalam, Ilmu Metafisika, dan Ilmu Hikmah

Chye Retty Isnendes Blog

Iman, Ilmu, Amal, Sastra