Kamus Basa Sunda – A1

Aa, nènèhna tina akang atawa aang

Abab, hawa ambekan (napas) anu kaluar tina irung atawa sungut:

Abad, 1. Itungan mangsa 100 taun : Bangsa Walanda ngajajah Indonesia tèh tilu satengah abad (3,5 abad = 350 taun)

abadi, lana, langgeng: Mugia hidep pinanggih kabagjaan nu abadi.

Abah, 1. bapa, 2. sesebutan ka nu pantes dipibapa/dipikolot

Abang at. bang, 1. akang, kaka, (sesebutan ka urang Jakarta) : Abang Sabeni téh asli urang Betawi, ngan ayeuna matuh di Cianjur; abang-abang lambé (bbs), beureum biwirna (alus basana) wungkul, ukur keur ngageunahkeun hatè nu sèjèn: Ah, bubuhan nyarita kitu téh abang-abang lambè wungkul.

Abar, sinar, èndah : kosokan geura ali téh sangkan alus abarna! Ngabar, ngamangkeun, mesat, ngacung-ngacung : Basa nènjo Mang Karta ngabar-ngabar bedog, Apud kacida gimir; pangabaran, kakuatan gaib anu kasiatna matak pikaajriheun, pikasèrabeun gedé komara : Kawasna waè Mama Anu mah kagungan aji pangabaran.

Abdas, lemes tina wudu (beberesih saacan solat.

Abdi (Ar.), lemes tina kuring : paraabdi, ra’yat, abdi nagara; pajabat nagara, ngabdi, ngawula.

Abèh, at. Ambèh, supaya, sangkan : Makè sabun mandi tèh abèh beresih!

Aben, lemes tina adu.

Aber, ulin, nyaba. aber-aberan, nyanyabaan atawa ulin ka nu jarauh: Éta mah Si Sanud, gawéna téh ngan aber-aberan baé

Abèwara, il. bèwara.

Abiasa, Bagawan Abiasa, salah sahiji luluhur Pandawa jeung Kurawa.

Abid (Ar.), budak belian.

Abig, ampig, bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa imah bapang.

Abir, pèso abir, pèso ipis, ilaharna dipaké saksak-siksik di dapur.

Abjad, pèrèlèan aksara Arab: alif, ba, ta, tsa, jim, ha, jst.

Ablag, ngablag; ngemplong, muka waè : Cik panto téh ulah sina ngablag atuh! Ublug-ablag, lega : Di Kalimantan mah tanah tèh ublug-ablag kènèh.

Ablu, ngablu, ulin ka mana-mana atawa teu puguh gawe (taya gadag) 

Abon, daging meunang ngulub disuiran, disambaraan, terus digoreng nepi ka garing

Abong, abong-abong, abong deui, abong kena, sok dikedalkeun lamun aya hal anu karasana teu merenah, teu pantes atawa teu hade : Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan (bbs), jelema anu ngomongna sakarepna (ngomong teu jeung rarasaan): abong-abong dunungan, nyarita téh meni sangeunahna baé.

Abot, lemes tina beurat.

Abrag, kasar (kana barang); abragan-abragan, ajrug-ajrugan; Budak téh dibawa ka Kebon Binatang meni ajrag-ajragan bawaning atoh.

Abreg, ambreg, ngambreg, daratang babarengan

Abrét, ngabrét, abrét-abrétan, lumpat bari ajrét-ajrétan

Abring, ngabring, ngabrul atawa leumpang babarengan; diabring-abring, diiring-iring ku jelema loba

Abrug, abrug-abrugan, teu daék cicing sakapeung bari ajrug-ajrugan: Paingan atuh abrug-abrugan domba teh, da tiporos.

Abrul, ngabrul, ka luar atawa indit babarengan: Barudak meni ngabrul kaluar sakola; abrulan, aleutan nu ngabring: Abrulan nu tadi teh sihoreng anu rék démo di kabupatén;  abrul-abrulan, laleumpang babarengan teu puguh nu dijugjug.

Abu, (Ar.) abuya, bapa kuring, sesebutan ka jalma kadua atawa ulama nu dipikolot: Dupi abuya parantos yuswa sabaraha taun?

Abur, diabur, dikencarkeun sina néangan hakaneun sorangan (sato): Ulah diabur domba teh, bisi ngaranjah kebon batur.  abur-aburan, nyingkah jauh bari pipindahan tempat: Lantaran sieun katangkep, manéhna abur-aburan.

Abus, asup. Keur jam diajar, Jang Kosim kalahka cicing di kantin, lainna abus ka kelas.

Acay, leuleueur sungut anu ngaley ka luar; ngacay, ngaluarkeun acay.

Acak, ngacak, ngalakukeun pagawean teu nurutkeun aturan, balukarna, jadi teu beres : Ulah ngacak macul teh ! Ulah ngacak kahadaharan ! : acak-acakan, teu beres; ngacak-ngebur, kokomoan, koroohan, mangpang-meungpeung :, Deudeuh, abong kéna hirupna salieuk béh, sakalina di kariaan téh meni ngacak-ngebur.

Acan, tacan, encan, kp. nu nuduhkeun kaayaan saméméh kajadian.

Acar, ng. kaolahan nu sambara luluguna cuka.

Aced, Sirit ngaced, tina leuleus jadi heuras; leumpang ucad-aced, leumpang semu gejed.

Aceng, ngaceng, ngacung nyerong (tumerap kana barang leutik. Up. Daun taleus anu ngora keneh, pucuk cau jsb.).

Acéh, 1. rambutan acéh, rambutan nu nyoplok. amis jeung tuhur. 2. batu acéh, batu asahan nu lemes, sok dipaké ogé nguji karat emas; ngucah-ngacehkeun rusiah, ngabéja-béjakeun rusiah.

Aceh, wewengkon Sumatra tungtung kalér.

Acer, ngacer, nyelereng, mancer (cai)

Acép, robahan tina kasép, sesebutan ka budak lalaki.

Aceuk, robahan ka lanceuk awewe at. Ka awewe nu saluhureun umurna.

Aci, tipung ngajadina ku diperesl; Aci sampeu, aci kawung, aci konéng, jst. ; pangacian, 1. tempat ngaci, 2. lelembutan : Bawaning ku reuwas, mani asa kabur pangacian; aci-acining, sari sajati (kk.) Kangjeng Nabi Muhammad s.a.w. sok disebat aci-acining manusa; manusa sajati.

Acir, ngacir, 1. ngaceng (tumerep ka barang leutik saperti buntut, curuk jsb), 2. Jicir, lumpat tarik lantaran kecing atawa sieun.

Aclék, ngaclék, euweuh, indit ninggalkeun: Éta Jang Agus, geus ngaclek deui baé ari pareng waktuns diajar téh

Acleng, ngacleng, 1. luncat, (tumerap ka sato leutik, sap. beunteur, simeut); 2. Mecleng, ngajol meueusan.

Aclog/aclok, ngaclog/ngaclok, luncat (tumerap ka sato nu sok ajol-ajolan, saperti bangkong jsb).

Aco, ngaco, ngomong teu puguh jujutan atawa alang-ujurna.

Acos, ucas-acos, peta nyolokkeun (ngasupkeun) barang nu mencos-mencos sababaraha kali sabab teu meneran sakali ngasupkeun: abong panon geus lamur, teu maké kaca panon mah, ngasupkeun bola kana liang jarum teh, sok ucas-acos kamana baé.

Acuk (bh), il. Baju.

Acung, 1. ng. beubeutian anu kembangna bau bangke, saperti ileus; 2. ngacung, nanjeurkeun leungeun bari nunjuk.

Acreug, acreug-acreugan, peta kawas ajrug-ajrugan ngan teu pati luhur (il. Ajrug):

Adab, hormat, sopan, ta’dim : budak téh éstu pikayungyuneun, keur mah kasép, katambah meni adab.  adab-biada (kkc.), babadamian : Para pangagung nagara adab-biada nyawalakeun kawijakan pajeg.

Ab’ad, asa-asa : Upama ad’ah kénéh mah, ulah dijadikeun ayeuna jual-beuli téh.

Adam, manusa anu mimiti (il. Hawa ); Adam lali tapel (par.), poho ka baraya; tapel adam, 1. bibit buit, beuti pamelaran : Ki Anu téh sanés terah Sumedang, nanging tapel adam Bandung pituin; 2. papastén, titis tulis; Abong geus tapel adamna, sanajan geus ati-ati gé angger baé cilaka.

Adan, uaran pangajak salat; Sora adan meni réang saban waktu salat datang; sok dipaké ogé dina kasempetan séjén, saperti dina hujan angin, singlar demit jsb; ngadanan mayit, adan méméh mayit dipadungan; ngadanan orok, adan dina gubragna orok dilahirkeun.

Adang, robahan tina Dadang, sesebutan ka putra ménak baheula

Adat (Ar.), 1. kabiasaan : Adat bangsa urang, kacida soméahna ka sémah,  adatna, biasana, jamakna : Adatna ari jeung dulur mah sok aya baé pacengkadan; 2. tabéat mah hésé dipiceunna (dirobahna);  ngadat, ngamuk atawa boga adat-goreng: Teu pira pédah teu dibéré duit, Sadun meni ngadat ceurik teu eureun-eureun.

Aday, elay; tadah aday, sabangsa lamak dina harigu budak paranti panadah elay.

Adeg, 1. pandé, wanda, dedegan : adeg kitu mah moal aya nu nyangka jalma jahat; 2. sikep mimiti bari ngadeg arek ngigel; adegan, 1. wawangunan: adegan sakitu tohagana, piraku teu mahal; 2. raka’at: Salat subuh mah ngan dua adegan. 3. Babak (Malayu). ngadeg, (lemes) il. nangtung;  pamadeg, tangtungan: Pamadegan unggal jalma tangtu béda-béda; adeg-adeg, 1. ciri jajaran anyar dina aksara, Sunda, 2. Ciri atawa tanda.

Adek, antel, keuna: Mun paadek jeung lain muhrimna mah tangtu batal wudu téh

Adén, robahan tina radén; adén-adén, maung nu ngarupakeun jelema.

Adep, adep-adep, kuéh pangantén; adep-hidep, kumawula (ka salaki); Enggoning adep-hidep ka salaki poma enung masing-gumati;  madep, nyanghareup: Mun rék salat kudu madep ka kiblat: ngadep, ngadeuheusan: Pageto kuring rek ngadep ka kantor pulisi; ngadepan, il. hadep.

Adeuh, 1. wiwaha 2. robahan tina kecap aduh.

Adi, 1. Rai, dulur sahandapeun; adi beuteung, adi salaki atawa pamajikan; kalapa saadi, manggaran nu pangkolotna; munding  saadi, karek boga adi hiji. 2. sesebutan ka nu umurna sahadapeun.

Adigung, takabur, boga rasa punjul ti batur, boh kapinteran boh kabeungharan jste.: adigung-adiguna (kkt.), adigung kacida.

Adil (Ar.), merenah, dina tempatna, teu beurat sabeulah : Pantes we rek sisirikan oge da teu adil; pangadilan, tempat mariksa, nimbang jeung mutuskeun perkara.

Adipati (Skr.), gelaran bupati (baheula), sabada meunang gelaran aria.

Admiral (Wal.), laksamana, kapala atawa lulugu angkatan laut.

Adol, atah adol (bbs.), kurang ajar: Dasar jalma atah adol, diampihan téh kalahka maling!

Adon, ngadon, ngalakukeun hiji hal di tempat séjén : Mun ngadon dahar di Kebon Binatang, di sawah di sisi walungan jste, sok ni’mat; Titirah ngadon kanceuh (par.), niat néangan kasenangan, tapi kalah meunang kasusah.

Ador, ngador atawa udar-ador, indit-inditan ka nu jauh, teu puguh nu dijugjug :  Silaing mah gawé téh ngan udar-ador baé, lainna mantuan nu di imah !

Adu, kuda adu, kuda nu sok dibalapkeun; domba adu, hayam adu, domba jeung hayam nu sok digelutkeun;  adu-teuteup, silih teuteup (pateuteup-teuteup); adu-manis, disusurup ngarah sieup; adu-renyom, paréa-rea omong parebut bebeneran; adu-regeng, sataker tanaga : Sanajan adu-regeng oge moal karabut, da jero akar pancerna: aduan, 1. Comél, jelema nu resep ngabéja-béja: Ulah aduan teuing atuh euy! Sagala téh meni diwawar-wawar ka guru 2. nu diunggulkeun; aduan dewek mah itu tuh nu awakna sambada!;  adu-aduan, 1. kalakuan ngadu-ngadukeun sasatoan: adu-aduan teh apan dipahing ku nagara; 2. permaénan, saperti ngalung ngelang, ngalung bal, kartu jste, : Paingan ngarariung, da keur adu-aduan kartu; ngadu, 1. maen (judi) : Mang Apud mah boga rajakaya téh kalah béak dipaké ngadu, 2. Ngadahar kadu, tukang ngadu, tukang maen; pangaduan, tempat ngadu; ngadu angklung (bbs.), papaduan, pahereng-hereng, parea-rea omong nu taya gunana, ngadu-ngadu raja wisuna (par.), ngahudang amarah dua jelema sina paraséa bengkah;

Adug, adug-adugan, babadug, ngagerak-gerakeun awak: Najan adug-adugan oge moal bisa lesot silaing!; adug-lajer, adug-songkoi, adug-adugan awahing ku nyeri : Buru-buru téang dokter! itu nu gering mani adug lajer kitu.

Aduh, kant. nuduhkeun nyeri, reuwas. Jste.; aduh-aduhan, teterusan nyebut aduh.

Aduy, meh ajur, ayud : Kulub sampeu mani aduy lila teuing ngulubna.

Aduk, 1. campuran apu, keusik, jeung semen pikeun némbok; 2. galo; ngaduk, ngagalokeun : Mang Karman keur ngaduk semén; 3. ngaduk-ngaduk, ngawut-ngawut (il. awut); campur-aduk (il. campur).

Adus (Jw.), mandi pikeun ngaleungitkeun hadas gede.

Aéb, nista, hina, hal atawa laku goréng anu matak wirang saupama dipikanyaho ku batur.

Aéh, 1. kant. sandi-rasa (kecap panganteur nu patali jeung rasa), mun poho, kagét, reuwas atawa héran : aéh, na poho-poho teuing; kaget; aeh, naha bet kalah poporongos ditanya téh?, héran; aeh, enya kitu manéhna téh lulugu gorombolan? aeh-aeh. Leuwih anteb batan aeh; aeh-aeh ari sugan téh saha, geuningan baraya kénéh nu natamu téh, ngaeh, teu eureun ménta saméméh dibéré atawa dilaksanakeun: Néng Nani ngan ngaéh baé ti isuk hayangeun dipangmeulikeun cocoan; diuah-aéh, dibageakeun: Barang datang manehna langsung diuah-aéh ku balaréa.

Aen (Ar.), fardu aen, kawajiban agama anu dilakonan ku dirina pribadi (il. Fardu kipayah); keuna ku aen atawa lara aen, meunang cocoba lantaran ku “panenjo” batur (loba teuing nu muji): Ari aya nu muji kudu nyebut alhamdulillah, supaya teu keuna ku aen, aenul yakin, (il. Yakin)

Aér, at. ér, cai; aér emas, sabangsa pulas nu hérang siga emas;  aer keras, barang éncér nu sok dipaké ngeraskeun barang, ilaharna dipaké ku tukang patri supaya patrina pageuh; nu sok dipaké ngeueum naon bae supaya ulah buruk, oge sok disebut aer keras (formalin); aer mawar, 1. sarupaning kembang eros; 2. minyak seungit tina kembang eros; aér pérak, logam éncér siga pérak, sok dipaké ngeusian termométer;  jambu aér, jambu nu loba caina.

Aés, 1. papaés: Kancing leungeun baju potongan aés wungkul; 2. laga, peta ngarah meunang pamuji: Jadi anggota déwan téh ulang ngan aés wungkul.

Aeuk, aeuk-aeukan, ceurik bedas: Kanyenyerian ku naon Nyi Isah téh mani aeuk-aeukan kitu ?

Afdol (Ar.), leuwih utama : Ngarah afdol mah, béas keur pitrah téh leuwihan baé ti 3 léter.

 ‘Afiat (Ar.), il. sehat,

Aga, gelaran ménak atawa panglima di Turki; aga-eugeu, il. Eugeu

Agag, agag-agagan, asa-asa ngalampahkeunana : Entong agag-agagan, bek bae teunggeul!

Agama (Skr.) kapercayaan ku nu Maha Suci katut aturan-aturan ibadahna.

Agan, wancahan tina juragan, 1. gelaran : agan Sariningsih, agan Sumantri, 2. sesebutan pikeun ngahormat: Badé angkat ka mana agan téh ?

Agé, agé-agé, geuwat atawa buru-buru : agé-agé leumpang téh atuh, bisi katinggaleun karéta api; agé-agé digawé téh, ulah diselang ngobrol!

Agéh, agéhan, disesakeun sawaréh keur nu séjén : Ulah dibéakeun kabéh liwet téh agéhan kuring;  diageh-ageh, disésakeun keur nu pandeuri : Buah sasiki ogé diagéh-agéh baé, da inget ka Ujang; ngagéhan, nyésakeun keur batur: Jalma hawek mah tara ngagéhan.

Agel, tali tina pucuk gebang.

Agem, 1. tumerap kana sora anu gedé: Tah geuning sora goong meni agem. 2. komaraan : Paroman wadana Anu meni agem; ngagem, nganut, nyekel: di Indonesia lolobana ngagem agama Islam; Tentara ngagem senjata (il. Genggem); ageman, cecekelan, nu dipuhit: ageman Babah Acong mah kong-hu-cu;  piagem, surat katerangan anu kacida pentingna, upamana ijazah, surat putusan, jsté.

Agén (Wal.), 1. wakil salah sahiji pausahaan (parusahaan): agén suratkabar; agén toko Anu; 2. pangkat pulisi : agen pulisi nyetop oplét.

Agénda (Wal.), buku catetan : girang serat nuliskeun daptar pamilon dina agénda; 2. nu dibahas dina kumpulan atawa acara: Dina surat ondangan rapat kudu ditulis agénda acarana; 3. daptar kaluar-asupna surat-surat; 4. acara lalajoaneun jste. : Nurutkeun agénda dina surat kabar, peuting isuk rék aya wayang golék.

Ageng, lem. Il. gedé

Ager, olahan kadaharan tina jukut laut: barudak jarajan ager di warung; ager-ageran, saleuseurian tarik : Nu lalajo meni ningali bodor Si Cepot, diager-ager, diseungseurikeun ku jalma réa: Nu gelo teh diager-ager ku barudak.

Ageung, lem. il. gede,

Agni (Skr.), Dewa Seuneu; il. geni,

Agraria (Lat.), urusan tanah; Undang-undang agraria, undang-undang nu ngatur urusan tanah.

Agrési (Wal.), panarajang, pangrurug: Indonesia geus sayaga pikeun nolak agrési ti pihak mana baé;  agrésif, ngandung sipat leuwih ti aktip.

Agul, resep nembongkeun atawa nyaritakeun pangabisa, kaboga atawa darajat : Urang Bogor agul ku Kebon Rayana: agul ku payung butut (par.), tumerap ka jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun baheula mangsa jugala; agul-agul, nguar-nguar kapunjulan sorangan, bisa jadi ngabohong: Manehna agul-agul di Jakarta boga sababaraha imah

Agung, gedé, mulya, luhur: salat Jumaah di masjid-agung, Nu Maha Agung, pangeran; pangagung, gegedén, nu pangkatna luhur, ngagungkeun, ngamulyakeun; ngagungkeun weweton kangjeng Nabi Muhammad S.a.w : kaagungan, kamulyaan: kaagungan raja-raja baheula, dianggap sarua jeung kaagungan déwa-déwa, kumagungan, hayang dihormat-hormat: nu kumagungan mah tara aya nu mikaresep.

Agus, wancahan tina bagus, sesebutan sari deudeuh ka lalaki nu umurna sahandapeun : Hiap ka dieu Agus!

Agustus, ngaran bulan ka-dalapan dina itungan taun Maséhi

Agréng, gedé tur alus, tumerap kana wawangunan : Gedong Balé Kota agréng pisang katénjona.

Ah, kant. nuduhkeun rasa teu panuju atawa teu hayang : ah embung ari kitu mah!; ah-ih-eh, tumerap ka jalma nu sarumpeg, loba karisi, kamelang jste, : gibrigkeun kasusah téh, entong ah-ih-eh waé, uh-ah, sababaraha kali nyebut ah, ditawaran sagala rupa embung waé, Na hayang naon atuh, uh-ah wae!

Ahad, (Ar.), 1. Ngaran poé kahiji; 2. Tunggal, sawiji; Gusti Allah mah ahad, teu mungkin dina hiji dunya aya dua gusti.

Ahéng, matak helok, matak hémeng: Baheula mah radio teh dianggep ahéng,

Ahérat, (Ar.), alam sabada maot, alam langgeng: Jaga di ahéérat urang sararéa bakal dihisab

Ahir, (Ar.) 1. Pandeuri, tungtung, sabalikna tina awal : Lalampahan téh dicaritakeun ti awal nepi ka akhir, 2. Leuir, elat: Salat Asar wayah kieu mah geus ahir atuh: Ahir jaman, jaman téréh kiamat: Dasar geus ahir jaman usum hujan gé teu puguh waktuna; ahirulkalam, kecap pamungkas, kecap panutup: ahirulkalam sim kuring sih hapunten bilih aya kalepatan: yaomil ahir, poé kiamat: jaga di yaomil ahir sakabéh umat bakal dihisab; ahir-ahir, 1. Wuri-wuri: Magar rek mikarunya ahir-ahir nganyenyeri; 2. Ka-behdieukeun : ahir-ahir ieu manehna pindah pileumpangan.

Ahlak (Ar.), budi : pangajaran agama téh perlu pikeun ngarumat akhlak.

Ahli (Ar.) 1. Nu luhung élmuna tina hiji hal: ahli falak, ahli sastra, ahli sajarah, jste.; 2. baraya; eyang repot teu damangna parantos diriung-riung waé ku ahlina; ahli waris, nu boga hak nampa warisan; kakayaan almarhum Haji Abdul geus ragrag ka ahli warisna, ahli kubur, sakur nu geus pisah ti dunya: lamun ka makam kudu maca du’a ka ahli kubur

Ai, ayi, lemes tina adi, nu sahandapeun umurna: iraha ai dongkap?

Aing, il. kuring, paaing-aing, 1. ngabasakeun aing : padungdengannana rongkah nepi ka paaing-aing, 2. Papada mawa karep sorangan; ari hirup rumah tangga mah ulah paaing-aing, kudu bisa sauyunan, ieu aing, degig, adigung: ulah ieu aing uyah kidul (par). Asa jadi pangpujulna, pangalusna

Ais, ngais, ngagandong di gigir: ngais boboko, ngais budak; pangais, paranti ngais; ais pangampih, baraya nu mantu-mantu rumah tangga; landung kandungan laer aisan (par.), gede tinimbangan; pangais bungsu, anak kadualanceuk pisan si bungsu; ngais lamping, meulit lamping: jalan di puncak ngarah ulah netek teuing sina ngais lamping. Tali aisan, dipakéna ku nu keur nyadap kawung ngawed kana cangkéngna saperti nu diais ku tangkal.

Ajag, anjing leuweung; ngajag, boga kalakuan kawas ajag, udar-ador; cing atuh sakalieun kolot keur gering mah, cicing di imah, ulah sok ngajag baé.

Ajah, pujian, pamuji : Gadag-gigig sotéh manehna mah bané ngarah ajah baé.

Ajaib (Ar.), anéh, pikaheraneun matak ahéng; Jaman ayeuna mah loba pisan barang-barang anu ajaib.

Ajak, ngajak, sina milu, ngahaturanan (lemes): sakalian ajak dahar wé sémah teh, meumpeung sanguna haneut keneh; ajak Jawa, tawar gatra, ngajak teu terus jeung haté; Si Kardun mah ari nawaran téh ngan ajak jawa hungkul; ujuk-ajak, daék ngajak; silaing mah tara ujuk-ajak mun aya proyék téh; pangajak, panarik: ulah ngagugu pangajak napsu, teu hadé; uar-pangajak, pangajak ka jalma rea.

Ajal, waktu maot.

Ajali (Ar.), ti ajalina, ti lohmahpudna, titis tulisna; Geus kitu ti ajalina, kudu cilaka di lembur batur.

Ajam, ngajam, aya maksud, aya niat: Kuring geus ngajam rék ka Jakarta; ajaman, pamaksudan, niat: Ku ajaman mah budak teh rek sina masantrén.

Ajam, Tanah Ajam, Persi, Iran kuna.

Ajang, pikeun, keur, bagian : Engké gé moal ajang saha deui: lem. Haturan.

Ajar, Resi, pandita, wiku, bagawan, guru dipatapaan : Ajar Sukaresi weruh sadurung-winarah; ngajar, méré pangarti, lem. miwuruk, mitutur, miwejang, miwulang, ngawejang, kurang ajar, kurang pangwarah, teu nyaho dikasopanan atawa tatakrama: dasar jalma kurang ajar, dipinyaah téh malik nyilakakeun;: ngajaranmecak, nyoba-nyoba: Ngajaran baju anyar, pangajaran, sakur nu diajarkeun; malajar, ngawarah sasatoan.

Aja-wa-jala,  (Ar.) Mahakawasa tur Maha mulya, Gusti Allah; Muji sukur ka Allah aja-wa-jalla.

Ajén, pangaji, harga: Gelas nu geus peupeus mah dijual gé taya ajén sapérak-pérak acan,  ngajenan, ngahormat, ngahargaan, méré pangajén: boh ka sasama atawa ka sahandapeun urang kudu bisa ngajénan, sumawonna ka saluhureun mah

Ajéng, wawangunan tempat gamelan.

Ajeg, 1. teu condong, teu nyérong: Nantung sing ajeg! 2. teu rubuh: Éta imah ajeg kénéh sakitu katebak ku angin puyuh rongkah; 3. teu luak-leok (hi.) : Pamadeganana tetep ajeg, teu kapangaruhan ku batur.

Ajeng, (lem.) il. Arep; ayu (J. Lem.): Raden Ajeng Kartini;  ajengan, sebutan ka kiai nu luhung élmuna, biasana nu kagungan pasantren.

Aji, 1. élmu gaib: Ku lantaran boga aji halimunan. Kresna mah bisa ngaleungit. 2. raja: Ceuk dongéng, nu nyieun cacarakan Jawa téh Aji Saka. ajian, bacaan (mantra) élmu gaib: Lutung Kasarung mapatkeun ajianana;  ngaji, maca Qur’an: Budak nu umurna geus 7 taun, kudu mimiti diajar ngaji; (lem.) ngaos.

Ajir,  patok leutik pikeun ciri: Ngarah lempeng méméh nyieun lombang keur bibit jeruk téh cirian heula ku ajir.

Ajlé, ajlé-ajléan, Éngklé, luluncatan ku suku hiji: Néng Nani keur ajlé-ajléan maén sondah.

Ajleng, ngajleng, luncat: Ngajleng waé ka dinyah ari euweuh cukang mah! ajleng-ajlengan, luluncatan.

Ajol, ngajol, luncat at. ngajleng ngadadak: Barang rék ditéwak, lauk téh ngajol mantén; ajol-ajolan, ngajol sababaraha kali hayang lésot: Anjing nu dicangcang ajol-ajolan nénjo ucing.

Ajrag, ajragan, ajrug-ajrugan bawaning ku atoh: Barang dombana meunang; Mang Sadip ajrag-ajragan poho kaéra.

Ajrét, ajrét-arjrétan, luluncatan cara anak embé.

Ajrih, lem. tina éra; ajrihing gawe, (kkc.) sieun ku gawé kedul.

Ajrug, ngajrug, luncat lempeng ka luhur: Ari handap mah dahanna. Ajrug we ngala buah téh.

Ajrut, ngajrut, luncat ka handap: Ngajrut we kadinyah teu kudu mapay tarajé turun téh, da geus handap ieuh.

Ajug, damar jangkung; elmu ajug (par.) tumerap ka jalma nu bisa mapatahan kahadéan ka batur, tapi manéhna sorangan teu ngajalankeun papatahna.

Ajul, ngajul, ngala bubuahan maké gantar. Ngajul buah kadinyah meunang dua tilu siki mah;  Ngajul bentang ku asiwung (par.), hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun.

Ajun (Wal.) ngaran pangkat; ajun inspektur, satingkat sahandapeun Inspektrur.

Ajur, ancur jadi bubuk: Gedang asak murag nepi ka ajur.

Akad (Ar.) kayid, jangji: Akad nikahna pukul salapan isuk-isuk: ngajual akad, ngajual maké kayid: upama ku nu meulina rék dijual ti heula.

Aka, sesebutan ka lalaki nu leuwih kolot ti nu nyarita, tapi harkatna teu leuwih luhur; lem. engkang.

Akal (Ar.) 1. pikiran: Ceuk jalma alam baheula baheula mah nyaba ka bulan téh teu katepi ku akal; 2. tarekah; Rék néangan akal heula sugan wé hasil maksud. owah akal, teu jejeg pikiranana, teu éling: Kudu dima’lum wé Si Éta mah jelema owah akal; Ngakal, 1. metakeun akal, usaha: Kudu ngakal atuh, apan hidep teh geus sawawa; Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék (par.), lamun teu usaha at. teu digawé moal bisa dahar atawa moal boga dahareun..

Akang, sesebutan ka dulur lalaki saluhureun, ka salaki at. ka lalaki séjén nu leuwih kolot; ngakangkeun, ngabasakeun akang ka dirina sorangan: Mang Caca mah sok ngaakangkeun baé mun nyarita jeung kuring mah, bubuhan anjeuna téh leuwih kolot; engkang, leuwih hormat jeung anteb batan akang; sesebutan leuwih lomana kakang at. kaka.

Akar, 1. bagian tutuwuhan nu aya di jero taneuh, akar pancer, akar tengah nu terus ka handap; akar mayang, akar tutuwuhan nu tara aya akar pancerna. Ka luhur henteu sirungan, ka handap henteu akaran (pat.), dilarapkeun ka jelema nu teu jamuga; nété akar, ngeumbing jangkar (bbs.), sésélékét, nyorang jalan rumpit, 2. istilah élmu pasti.

Dicutat ku Tekad Pangestu tina:

Kamus Umum Basa Sunda, LBSS-1976

Gaya Basa dina Basa Sunda

Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia)

Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.

Papasingan Gaya Basa di antarana:

  1. NGUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik wandana, aya dua rupa:
    1. Babandingan Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)

Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh deui teu make kecap babandingan

Conto-conto nu make kecap babandingan:

–          Angkat cara macan teu nangan

–          Jiga bueuk meunang mabuk

–          Kawas kapuk kaibunan

–          Siga careuh bulan

–          Asa dina pangimpian

Nu geus teu make kecap babandingan

–          Pipina kadu sapasi

–          Ambekna sakulit bawang

–          Nyaliksik ka bubuk leutik

    1. Babandingan Jaman Ayeuna

–          Gancangna kawas pesawat jét

–          Kawas Roméo jeung Juliét

Sawaréhna deui tina basa serepan:

–          Babadamian téh manggih jalan buntu

–          Waktu téh sarua jeung duit

–          Angin subuh ngeharéwos

  1. MIJALMA (personifikasi) = Barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan, diupamakeun boga polah kawas manusa (jalma). Contona:

–          Gunung siga milu nguyung, lebak siga milu susah

–          Sang Surya lumungsur ti marcapada

–          Bulan ngintip tina sela-sela méga

–          Sora tarawangsa ngabangingik katebak angin

  1. LALANDIHAN (métafora) = Nganganti sesebutan. Ieu aya dua rupa:

A. Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu). Contona:

– Srikandi           (awéwé nu wanian)

– Arjuna              (lalaki nu kasép)

– Si Gégép          (kiper nu hésé kaasupan gulna)

B. Ocon (ngalandi pikeun ngaheureuyan). Contona:

– Ujang Gembru            (budak nu gendut)

– Wayang Pangsisina     (gédé, tapi taya gawé)

– Bujangga Mikung       (nu kakara diajar ngarang)

4.         SINDIR ( alégori) = Omongan anu teu togmol, dibalibirkeun (teu poksang).

Contona: “Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas pikawayeun téh”

(maksudna mah: “Entong éta, pikeun potongan gateuw kitu mah”)

“ahhh da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan, atos wé damai”

(maksudna mah: teu wani maju ka hukum, da hukum mah  sok rajeun lolong ku pangkat-darajat)

5.         MOYOK (spot) = Nyawad, nyempad, nyepét, atawa ngawada, tapi teu ku kasar.

Aya tilu rupa:

A. Ngomong Dua (ironi):

“Profésor”                                    (nyebut ka budak nu dianggep bodo)

“Ajengan”                                    (moyok ka nu kakara santri tapi adigung)

“ Subuh-subuh teuing”                (nyebut ka nu datang kabeurangan)

B. Meupeuh Lemes (sarkasmeu)

Contona: “Mun hayang téréh dikubur, ulah mamawa tiwas kabatur!”

(ceuk pulisi ka supir nu ngajalankeun mobilna tarik teuing)

C. Ngomong seukeut (sinis) = Moyok nu leuwih rosa/jero teurakna. Sanajan, bisa jadi ari basana mah lemes. Contona:

“titingalan téh aya ucing bulu hiris (cacah/somah), sugan téh candramawat (turunan ménak/ningrat) sadayana”

“mangga wé sadérék nu salaku sarjana nu mingpin deui, da ari abdi mah aki-aki bodo taya kanyaho”

6.  KADALON (pleonasmeu)

Kadalon = tina kecap dalu = leuwih. Kadalon = leuwih makéna kecap (saenyana cukup sakali/sakecap, tapi dina susastra dileuwihan téh pikeun nambahan sari/ jadi mamanis basa). Contona:

Ngupat ngawada, naék ka luhur, turun ka handap, teuleum ka jero cai, ngomong ngawangkong, ningali ku panon, déngé ku ceuli, jsb.

7. RARAHULAN (hiperbul/hiperbola)

Di dieu mah nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana (sagala digedékeun).

Contona: Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu dijieun suku, jsb.

Dina sastra Pantun kacida digegedékeunana:

Kumisna mani ngajebug sagedé sapu injuk. Kumis pacorok jeung janggot, sok matak mintul baliung, matak rompang karia kujang.

Bulu irung digelungan siga bangbara ngaliang. Bulu kélék dilélépé siga nu nyoréndang koja. Bulu taktak digulungan siga nu manggul heurap

8. NGASOR (litotés)

Sabalikna tina rarahulan, ngasor mah sagala dileutikkeun, dihandapkeun (sakapeung dipaké pikeun ngahandapkeun diri/handap asor). Contona:

Tuangna gé karo uyah, teu aya naon-naon

Calik heula ka saung butut

Hatur lumayan, sasieureun sabeunyeureun.

Émutan cek abdi nu bodo, asa piraku…………

9. RAGUMAN (syneodoche)

= anu loba dihijikeun, atawa sabalikna, nu hiji/sawaréh dianggap kabéh

Aya dua rupa:

  1. Hurunan (totem pro parte) = nyebut sakumna, padahal nyatana ngan saurang, sahiji, sawaréh, atawa sabagian. Contona:

–          cau téh geus arasak dina tangkalna

–          mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding

–          Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand

  1. Tunggalan (pars pro toto) = nyebut sabagian pikeun sajumlahna/sakabéhna.

–          Si Amud ti isuk mula teu katingali irungna

–          Jatah BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu

–          “alatan cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!”

10. RAUTAN (euphemisme) = iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih halon, pédah karasana cohag upama diucapkeun sahinasna. Contona:

– Badé ka pengker heula/badé ka cai heula.    (hayang kiih/kahampangan)

– Asep Irama teu awas socana (lolong)

– Saéna dilereskeun deui (lepat)

– “sareng anjeuna mah nyarios téh kedah rada tarik, margi anjeuna kirag ngadangu”   (torék)

Kecap Rajékan

KECAP RAJEKAN

Diédit  Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Kecap rajekan nya eta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti dirajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya oge nu ditambahan ku rarangken, boh rarangken hareup atawa rarangken tukang.

Kecap Rajekan dibagi jadi dua pasingan, nya éta Rajékan Dwilingga jeung Rajékan Trilingga.

.

Nu kaasup kana Rajékan Dwilingga di antarana:

1. Rajekan Dwipurwa. Rajekan dwipurwa asalna tina dua kecap nya eta “dwi” nu hartina “dua” jeung “purwa” nu hartina “mimiti atawa awal“. Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engang atawa suku kecap mimitina.

contona: Tajong jadi Tatajong, Sépak jadi SésépakTeunggeul jadi Teuteunggeul, Dupak jadi Dudupak, Ténjrag jadi Téténjrag, Pacok jadi Papacok, Takol jadi Tatakol,  jsb

2. Rajekan Dwimadya. Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nya eta “dwi” nu hartina “dua” jeung “madya” nu hartina “tengah“. jadi rajekan dwimadya nya eta kecap anu dirajek engang tengahna (engang nu kadua).

contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoé jadi sapopoé, Salembur jadi Salelembur, Saimah jadi Saiimah, Sajalan jadi Sajajalan,

3. Rajekan Dwimurni.  Rajekan dwimurni nya éta kecap anu dirajek sagemblengna (teu ngalaman parobahan).

Contona: Bapa jadi bapa-bapa, guru jadi guru-guru, jalma jadi jalma-jalma, jsb

4. Rajékan Dwiréka. Rajékan Dwiréka nya éta kecap nu dirajék nu ngalaman parobahan wangun jeung sorana.

conto kecap rajékan dwiréka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel, tukal-takol, tuak-taék, puak-paok, tunggal-teunggeul,  jrd.

.

Sedeng Rajekan Trilingga, nya éta kecap anu dirajék atawa disebut tilu kali wangun dasarna. ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4 hurup.

Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung, prat-prét-prot, crat-crét-crot, clang-cling-cleung,  dag-dig-dug, clak-clik-cluk, bak-bik-buk, plak-plik-pluk, hah-héh-hoh, sat-sit-set, dar-dér-dor, pang-ping-peng, jrrd

Kecap Barang

KECAP BARANG

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Kecap barang nyaéta kecap anu bisa nyicingan tempat jejer atawa obyék (pangrandap) dina kalimah. Contona dina kalimah Arip keur maca buku, kecap Arip (jejer) jeung buku (obyék) dina éta kalimah mangrupa kecap barang.

Ari ciri-ciri kecap barang diantarana:

  1. kecap barang bisa nuturkeun kecap bilangan: lima jalma, dua imah, saratus tangkal;
  2. kecap barang bisa dituturkeun ku kecap gaganti diri: buku kuring, imah manéhna, lancingan anjeunna;
  3. kecap barang bisa dipiheulaan ku frasa “nu + kecap sipat”: awéwé nu geulis, imah nu alus, buku nu kandel, baju nu bodas;
  4. kecap barang bisa dipiheulaan ku kecap pangantét: di Banjar, dina méja, ti Garut, kana mobil.

Nurutkeun hartina kecap barang téh nyaéta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu dianggap barang. Terus baé aya istilah kecap barang kongkrit (nyata) jeung kecap barang abstrak (ciciptan).

Rujukan

  1. Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, Pustaka Setia, Bandung, 1999.

Kandaga Kabeungharan Basa

1. SESEBATAN KA JALMA
Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta:
a) Ngabantun tina benten yuswa,
b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana,
c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng
d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.
.
A. SESEBATAN KA JALMA, NGABANTUN TINA BENTEN YUSWA
Jabang bayi = orok nu masih keneh dina lebet kandungan.
Orok = Ti ngawitan dilahirkeun, dugi ka tiasa calik.
Budak/murangkalih = Ti ngawitan tiasa calik, dugi ka bade rumaja.
Lelengkah halu = Budak nuju diajar leumpang.
Kembang buruan = Budak nuju sesedengna pikayungyuneun.
Bilatung dulang = Budak sesedengna resep barangtuang.
Parawan,cawene,mojang = Istri nu nincak rumaja (tacan nikah).
Jajaka, bujangan = pameget, nincak rumaja (tacan nikah).
Parawan jekekan = Parawan sesedengna rumaja.
Bujang jenglengan = pameget sesedengna rumaja.
Beger = mangkat birahi, pameget ngawitan resep ka istri, ngawitan istri resep ka pameget.
Baleg tampele = Beger(pameget), binarung rasa isin/sieun.
Galak Sinongnong = Beger(istri), ti katebihan wanton, tos caket, isin.
Turun Amis Cau = Rumaja putrid, nu nembe kaluar rambut lemes/bulu, tina luhureun taar. Cirina, soanten halimpu, resep dangdos/ngageulis.
Sengserang panon = Parawan/rumaja sesedengna resep ka pameget.
Ngemboan = Rumaja/pameget, nu soantenna ngawitan ngaageungan, salira sembada, ngawitan bijil kumis lemes.
Bujang tarangna = Pameget, nu tos kawin, tapi tacan nikah.
Parawan kolot = Istri nu yuswana tos langkung ti 28 taun, tacan nikah.
Bujang kolot = Pameget nu tos yuswa 40 taun, tacan nikah.
Randa = Istri nu tos dipirak/ditalaq.
Randa bengsrat = Istri nu tos, dipirak, tapi tacan kulem sagebrug( parawan keneh).
Randa maesan = Istri nu dikantun maot ku pamegetna.
Duda maesan = Pameget nu dikantun maot, ku istrina.
Turun karanjang= Pameget nu dikantun maot ku istrina, nikah ka adi-beuteung.
Gulangkep = Nikah ka wargi/pamili.
Beger mindo = Beger ka dua (yuswa 30 taunan).
Umuran/Meunang umur = Yuswa 40 taun.
Tengah tuwuh = Yuswa 50 taun.
Cueut ka hareup = Yuswa langkung ti 50 taun.
Tunggang gunung = Yuswa langkung ti 60 taun.
Sengserang padung = Tos sepuh pisan.
Tawehwoh = Tos sepuh pisan, waosna tos arompong.
Tokroh-tokroh = Tos sepuh pisan, mapahna nganggo teteken/iteuk.
Pikun = Tos sepuh pisan, emutanana tos mulih deui sapertos murangkalih.
Pancakaki = Rundayan turunan. Conto: Nini/aki- indung/bapa – anak – incu – buyut – bao – janggawareng – udeg-udeg – kait/gantung siwur – laer. Pancakaki sanesna: Lanceuk – adi – paman – bibi – ua/toa – alo – suan – lanceuk misan – lanceuk sabrayna – adi misan – adi sabrayna.
Dulur/Dulu pet ku hinis = Adi/lanceuk saibu-sarama.
Dulur saindung = Ibuna sami, ramana benten.
Dulur sabapa = Ramana sami,ibuna benten.
Dulur pateterean = Istri/pameget, nikah, pada gaduh/nyandak putra ti nu tipayun.
Dulur sasusu = Nu nyusuna ka ibu nu sami.
Dulur sabrayna/Dulur misan = Putra rayi, atanapi putra raka.
Dulur mindo =Putra dulur misan.
Kulawarga = Ibu,rama,putra.
Pamili = Anu saturunan atanapi sakocoran ti ibu/rama.
Baraya = Anu sami sarundayan dina pancakaki.
Deungeun-deungeun = Batur, taya patula-patalina sareng pancakaki.
Baris wali = pameget turunan ti rama.
Panganten =Istri/pameget nu ditikahkeun.
Bebene = Kabogoh (istr)/piistrieun.
Beubeureuh= Kabogoh (pameget) /pisalakieun.
Beubeureuh maneuh = Caroge/salaki.
Patih goah = istri/pamajikan.
Batur sakasur =istri-pameget/salaki-pamajikan.
.
B. SESEBATAN KA JALMA NGABANTUN TINA RUPA/WANDA/KAAYAANANA
Montok = awakna seseg tur sehat.
Bongsor = Haloghog=Enggal ngaageungan.
Kutet = salirana alit wae.
Belekesenteng = Buta-tulang,buta-daging,meujeuhna gede wawanen, rosa tanaga.
Geulis = istri nu gaduh rupa sae.
Kasep = Pameget nu gaduh rupa sae.
Bahenol = istri geulis taya cawadeun, pikabitaeun pameget.
Songgeng = Bujurna nonjol ka pengker, cangkengna dengkeng.
Telebeng =Bebeng/rada lintuh, teu aya cangkengan.
Budayut = Bureuteu, patuangan nyemplu.
Gembru = Budak lintuh.
Lenggik = Istri nu cangkengna alit.
Ceking = salirana alit/begang.
Bayuhyuh = Pameget nu lintuh.
Bucitreuk = Patuangan ageung/nonjol, salira alit.
Pacer = Bitisna alit.
Gembil = Pipina lintuh.
Bongkok = Tonggongna bengkung.
Bongkok meongeun = Bengkung palebah punduk.
Jebleh = lambey handap ngampleh.
Jeding = Lambey luhur nyudik.
Denggol = Tarangna nongnong.
Deleng = panempona/panenjona = menceng.
Ciriwis = rambutna carang.
Beke = salirana pendek.
Peang = salirana kuru, teu saimbang sareng jangkungna.
Pincang = sampeanana alit sapalih.
Pinced = Tetepokanana(Sakedik luhureun pingping/caket birit), luhur sapalih.
Rijep = socana sering ngerejep/keukeureuceuman.
Ngohngor = Waosna nonjol ka payun.
Tonggar = waos luhur nonjol ka payun.
Deog-pengkor = Ngagepor teu tiasa mapah.
Bedegul = Salirana besekel.
Bopeng = Dina damis (pipi) seueur ceda tilas cacar.
Pecak = socana teu ningal sapalih (sabeulah).
Bewosan = Pipi sareng gado pinuh ku bulu.
Sipit = Siki socana ali (sapertos soca Cina/Jepang).
Bolotot = siki socana ageing.
Rebing = Daun cepil (ceuli)na rubak.
Lolong = socana teu ningal, duanana.
Rejeh = biwir socana beureum tur caian wae.
Pengkeh = Sampeanana leter 0.
Teklok = sampeanana leter x .
Egang = mapahna ngageang, sapertos murangkalih nu nembe disepitan.
Ponges = pangambungna cacad.
Suwing = Lambey luhurna mung sapalih/cacad.
Butak = Rambutna teu janten/murudul/dugul semu herang.
Pireu = Teu tiasa nyarios.
Torek = Teu tiasa ngadangu/nguping.
Cadel = Nyariosna teu bentes, lebah nyebat huruf R.
Candael = nyariosna anca.
Gehgeran = Sok nurutan cariosan atanapi gerak batur/latah.
Saliwang/liwar = sering lepat nguping/sapertos nu kirang dangu.
Sumbiar = Upami ningal, teu anteb, kamana karep.
Mikung = Cepilna alit, daun cepilna kewung(semu murungkut).
Cameuh = Gadona nyueut ka payun.
Kampeng = Sirahna penjol.
Buntet = Salirana pondok.
Jebrag = Dampal sampeanana meber ka gigir.
Kiting = Rema/Ramona merengkel.
Kempreng = pananganana paeh teu tiasa diobahkeun.
Cenggsehan = Remana aya nu dempet.
Keueuseun = Waos murangkalih aya teu janten sapalih, dugi ka siga ompong.
Karehol = Waosna teu beres.
Galing = rambutna merengkel.
Galing muntang = Galing tungtungna wungkul.
Kempot = Damis/Pipina ngalewo upami imut, sapertos liang undur-undur. bIasana istri. Sok nambihan geulis.
Bule = Kulit sareng rambutna sapertos Walanda.
Hideung santen = Semu hideung, mulus sareng beresih.
Gondok = panyawat dina tenggek (beuheung), ngagayot.
Gondok-laki = bagian tulang genggerong/tikoro nu nonjol(dina tenggek pameget).
Sengkek = Tenggekna/beuheungna pondok.
Ompong = waosna parunglak.
Harigu-manukkeun = Dadana rada nonjol ka payun.
Taktak-korangeun = Taktakna mudun (teu simetris), sapertos korang.
Hulu-peutieun = Sirahna alit, teu saimbang sareng salirana.
Beuteung-anjingeun = Patuanganana neros ageung ka luhur, sapertos beuteung anjing.
Beuteung-bangkongeun = Patuanganana rubak ka gigir.
Bengo = Baham/sungutna menyon ka kiwa/tengen. Biasana akibat struk, incok, atanapi nyabut waos lalawora.
.
C. SESEBATAN KA JALMA NGABANTUN TINA PATOKAN TINGKAH-LAKU
Kokoro -nyoso = malarat,
Getas – harupateun = Mutuskeun hiji perkara tara dipikir heula.
Gereges -gedebug = gurunggusuh, Lesang – kuras = teu bias nyekel/nyimpen rejeki.
Pareumeun – obor = teu apal jujutan turunan.
Heuras – genggerong = embung eleh.
Heuras – beuheung = idem.
Tiis – pikir = tenang hate.
Paeh – baseuh = paeh ditandasa.
Goreng – sungut = resep ngagorengkeun batur.
Anak – emas = kakasih, anu leuwih dipikanyaah.
Anak bulu taneuh = turunan bapa tani.
Kurang- saeundan = kurang ingetan.
Belang – bayah = hade diluarna dijero na mah goreng.
Handap asor, handap lanyap = sopan santun.
Siksik – melik = belikan.
Buntut – kasiran = medit.
Alus kukulinciranana = gede milik.
Hejo – tihang = anu resep pundah-pindah imah/digawe.
Ceplak-pahang = ngomongna matak pinyerieun batur.
Geledug – ces = jangjina mulek tapi teu tulus.
Maliding sanak = pilih kasih.
Goong nabeh karia = Ngagulkeun sorangan.
Batur – sakasur = pamajikan atawa salaki.
Dulang – tinande = pasrah ka salaki.
Neneh – bonteng = ngan nyaah kana dahareunana wungkul.
Hampang – birit = daekan.
Hampang – leungeun = sok resep tunggal-teunggeul.
Panjang – leungeun = resep ceceremed,
Leutik – hate = kurang wawanen/kawani.
Ceuli – lentaheun = teu kaop ngadenge sora tuluy hudang.
Murag bulu bitis = teu beutah cicing di imah.
Peujit – koreseun = teu kuat nahan lapar.
Kokolot – begog = nyanyahoanan/budak anu pipilueun kana urusan kolot.

http://www.salaka.net/?page=ContactUs

Basa

Basa
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Nepi ka danget ayeuna aya sawatara tarékah manusa pikeun nyieun wates wangen nu disebut basa tina sawatara jihat, nya éta:
1. hiji sistim keur ngawakilan banda, tindakan, gagasan jeung kaayaan.
2. hiji alat nu dipaké keur nepikeun konsép riil maranéhannana kana pikiran manusa séjén
3. hiji kesatuan sistim harti
4. hiji kode nu digunakeun ku pakar linguistik keur ngabédakeun antara wangun jeung harti.
5. hiji ucapan nu cocog jeung tata basa nu geus ditetepkeun (conto: kecap, kalimah, jeung séjén-séjénna.)
6. hiji sistim ngecapkeun nu bakal dipikaharti ku masarakat linguistik.
Basa manusa mangrupakeun wangun nu patali jeung “basa”. Élmu nu neuleuman basa disebut linguistik.
Netepkeun perbedaan utama antara basa manusa nu hiji jeung nu séjénna sering kacida . Chomsky (1986) ngabuktikeun yén sabagéan dialék Jérman ampir sawanda jeung basa Walanda tur teu pati béda sahingga henteu gampang pikeun dipikawanoh minangka basa séjén, hususna Jérman.
Aya sawatara basa artifisial (jijieunan) nu dipikawanoh, salah sahijina nya éta bahasa Esperanto. Basa nu dijieun ku L. L. Zamenhof ieu téh nyaéta basa nu mangrupakeun campuran tina sababaraha unsur basa, hususna basa-basa Roman nu dicampurkeun jeung unsur-unsur Basa Slavia jeung basa-basa Éropa lianna, sarta dipaké pikeun ngagampangkeun diajarna basa marga lantaran tata basana nu basajan.
Basa artifisial séjénna nu mangrupakeun conlang (constructed language) diantarana nyaéta Basa Interlingua jeung Basa Lojban.
Sawatara pakar kabasaan, kayaning J.R.R. Tolkien, geus nyiptakeun basa rékaan, pikeun tujuan dina widang sastra. Salah sahijina basa Quenya, nyaéta hiji wangun basa nu digunakeun ku kaom Elvish. Quenya mibanda abjad jeung istilah husus sarta bisa digunakeun ku manusa. Di sagédéngeun basa Quenya, ogé diciptakeun basa Klingon nu kungsi digunakeun dina film Star Trek.
Basa unggal jalma nu rinéka nyababkeun manusa narékahan pikeun nepikeun éta basa ku sagala rupa cara. Salah sahijina ku cara ngagunakeun komputer pikeun narjamahkeun hiji basa ka basa séjénna. Perangkat kawas kieu téh biasa disebut Mesin Panarjamah.
Mesin Panarjamah mangrupa hal nu kalintang diarep-arepna ku para pakar komputer salila ieu. Mimitina mah maranéhna ngiker-ngiker, yén hal sarupa kitu téh bisa dilakonan kalawan babari. Tapi, tétéla karasa hésé dina prak-prakanna mah, nepi ka para pakar komputer téh ngarasa peunggas harepan. Sanajan kitu, kabéhdieunakeun, dina mangsa kiwari perangkat-perangkat panarjamah geus sumebar di pasaran, samalah sawaréhna mah aya nu dikomérsilkeun.

Golongan Harti Kecap

Nilik golongan hartina kecap-kecap asal téh bisa dibédakeun kieu :

1. KECAP HOMONIM ( kecap anu ngan ngabogaan hiji harti ): hihid, paré, katél,jsb

2. KECAP HOMONIM ( kecap nu ngandung leuwih ti hiji harti ):

Palay           = a. lemesna tina hayang

b. lemesna tina tunduh

c. lemesna tina capé

Pati               = a. kapala ( bupati, sénapati )

b. paéh ( bélapati, rajapati )

c. sabaraha ( teu pati = teu sabaraha/rada )

Barang           = a. banda, harta

b. waktu ( barang datang….. )

c. rarangken hareup ( barang beuli, barangdahar )

Karang          = a. sabangsa batu ( karangboleng, karanghawu )

b. tempat ( banjar karang pamidangan,karangsétra )

c. susun/anggit ( karangan, ngarang lagu )

d. tanda dina awak ( aya karang dina gado )

3. KECAP SAJANGKAR ( kecap-kecap nu ngabogaan jangkar kecap sarua ngandung harti-dasar nu sarua ) contona:

lar        : galar, elar, gelar, kelar, kular ( kukular ), jsb ( = panjang )

ton       : katon, pinton, panen, salaton, tongton, jsb. ( = tenjo )

tas        : getas, peuntas, reuntas, tutas, jsb. ( = potong/pegat )

long     : celong, colong, lolong, boleng, cangkolong, jsb. ( = kurang )

ay        : ambay, reumbay, elay, acay, yayay, jsb. ( = panjang )

4. KECAP SAWANDA ( kecap nu méh saru atawa sarimbang tulisan/ucapanana harti-dasar anu sarua ). Conto:

geutah-getih, suku-soko, tanggah-tonggoh, tanah-taneuh, hurung-herang, borok-buruk, geulang-gelung, terah-teureuh, repeh-rapih, géléng-galing

5. KECAP SAHARTI ( sinonim ), nya éta kecap-kecap nu sarua atawa méh sarua hartina:kawas = cara = siga = lir = kadya, jauh = anggang = adoh, salamet = rahayu =

waluya = mulus, miskin = malarat, deukeut = parek, réa = loba, singer = hideng.

6. KECAP LALAWANAN ( antonim ), nya éta kecap-kecap nu ngandung harti      sabalikna ). Contona :

jauh x deukeut, gede x leutik, kolot x budak, undur x datang.

 

B. KECAP RAJÉKAN, nya éta kecap asal anu diucapkeun dua kali atawa leuwih. Kecap rajékan tea aya 4 rupa :

a. Dwipurwa

b. Dwilingga ( ieu aya 2 rupa: 1. Dwimurni, 2. Dwiréka )

c. Dwiwasana

d. Trilingga

a. Dwipurwa ( kecap nu rajékan engang mimiti ). Ku dirajék kitu téh timbul

kecap-kecap rékaan nu ngandung harti:

  1. migawé leuwih ti sakali: tutunjuk, sésépak, tatajong, jsb.
  2. lila milampahna: babanda, bibilintik, buburuh, jsb.
  3. rupa-rupa nu dipigawéna: babantu, bebenah, popolah, jsb.
  4. ngawangun kecap barang: hihideung, mamanis, seuseukeut, jsb.
  5. nuduhkeun siga: bubuntut, sisiku, mamata, babantal, jsb.
  6. nu geus leungit kecap asalna: pipiti, pépéték, momonot, jsb.
  7. pangwangun kecap barang tina kecap pagawéan: cacapék, kakait, guguling, cocolok, kakali, jsb.
  8. kedap barang niskala ( abstrak ): papayung, bébénténg, kokojo, jsb.

 

Dwipurwa + rarangkén “an”, ngandung harti:

  1. lila atawa leuwih tisakali: susurakan, seuseurian, jsb.
  2. barang tiruan: kukudaan, gugunungan, jejelemaan, jsb.
  3. rupa-rupa: kekembangan, bubuahan, pepelekan, jsb.
  4. babagian badan: mumuncangan, peupeuteuyan, cacariuan, jsb.
  5. mindeng/lila makéna: momobilan, bébécaan, papayungan, jsb.

 

Dwipurwa + rarangkén “eun”, nuduhkeun harti:

  1. rasa: singsireumeun, seuseuneuan, deungdeuleuan, jsb.
  2. kasakit: kékéongan, jeungjeuriheun, kokoloteun, jsb.
  3. adat/bakat/watek: pupujieun, beubeulieun, bubudakeun, jsb.

 

b. Dwilingga ( kecap asal nu diucapkeun/ditulis dua kali sagamblangna ). Dwi

lingga, aya dua rupa:

  1. Dwimurni ( dwilingga nu teu robah sorana ), nuduhkeun harti:

– loba: buku-buku, jalma-jalma, gunung-gunung, jsb.

– siga: kuda-kuda, siku-siku, tangan-tangan, jsb.

– ngantebkeun: enya-enya, jongjon-jongjon, ngeunah-ngeunah, jsb.

– padahal/sanajan/ongkoh: Beunghar-beunghar tara mére jakat, jsb.

– lila: mikir-mikir, milih-milih, jsb.

– rupa-rupa barang nu sasipat: amis-amis, haseum-haseum, jsb.

– nuluy/teu pegat: turun-temurun, teras-tumeras, jsb.

– silih: tulung-tinulungan, jsb.

– nu jadi: asal-muasal, sabab-musabab, jsb.

– urusan/hal-ihwal: serat-sinerat, ajén-inajén, jsb.

– geus leungit/teu kapapay harti asalna: alun-alun, eureup-eureup, jsb.

2. Dwiréka ( dwilingga nu dirobah sorana ), nuduhkeun harti:

– rupa-rupa/loba: tulang-taléng, babak-babuk, cuacai, jsb.

– leuwih ti sakali: tulas-tulis, luntang-lantung, jsb.

-teu puguh/teu saenyana: tuwur-tawar, tunyu-tanya, udar-ider, jsb.

 

c. Dwiwasana ( dwiwekas ), nya éta kecap-kecap nu dirajék engang

tungtungna; ieu bisa ngandung harti:

–          lila/mindeng: cakakak, cikikik, ketéténg, kéwéwéng, jsb.

–          Kaayaan: pudigdig, pudugdug, mutiktrik, jsb.

–          Geus teu kapapay harti asalna: kadongdong, butiti, nastiti, jsb.

d. Trilingga, nya éta kecap nu dirajék tilu kali. Biasana bari robah sorana;

hartina umumna nuduhkeun mindeng atawa rupa-rupa: dar-der-dor,

dag-dég-dog, blag-blig-blug, brang-bréng-brong, jsb.

C. KECAP KANTÉTAN ( kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih nu mangrupa gabungan kecap). Bisa ngandung harti:

1.   Nuduhkeun sagamblengna/ sajumlahna: indung-bapa, kolot-budak,

beurang-peuting, jsb.

    1. Nuduhkeun harti mandiri: karéta api, méja tulis, rumah sakit, jsb.
    2. Ngantebkeun: mérré-mawéh, paksa-pirusa, sabar-darana, jsb.
    3. Nuduhkeun sasipat: bongkok-méongan, sentak-badakeun, jsb.
    4. Geus awor pisan: parahulu, amismata, panonpoé, hulubalang, jsb.
    5. Nuduhkeun titikelan atawa tingkatan : dua puluh, tilu ratus, opat rébu,

(iwal: sapuluh, sawelas, salikur, sarébu, jsb. Nulisna dihijikeun)

 

Catetan: a. Kecap kantétan Sunda umumna maké hukum DN, iwal kantétan nu ngandung harti injeuman saperti: panjang-leungeun, beurat-birit, jsb.

b. Kecap kantétan kosta aya nu maké hukum DN, saperti: hajar aswad, sahbandar, idul fitri, sétraganda, jsb. Réa ogé nu maké hukum ND: prameswari, maharaja, poswésel, jsb.

 

D. KECAP WANCAHAN, nya éta kecap anu dipondokkeun atawa ditugel, boh tina sakecap boh tina sababaraha kecap nu mangrupa kalimah (Ind:akronim).

Gelarna wancahan bisa ku rupa-rupa sabab/maksud:

  1. Rasa deudeuh atawa loma pisan:

Sumarni, bisa diwancahkeun jadi: Sum, Cum, Encum, jsb.

Radén, jadi: Adén, Dén, Endén, Ndén, jsb.

  1. Rusuh teuing: atuda, kumadinya, dékah, urangah, nyao (tina: teu nyaho), jsb.
  2. Mangrupa singgetan: Jabar, Jatim, PSSI, LBSS, jsb.
  3. Ngaran samaran (sandiasma/pseudoniem): MAS, Kis WS, Sursa, jsb.
  4. Karasa panjang teuing dina tulisan:

Jst. = jeung saterusna

Jsté.           = jeung sajaba ti éta

Jspp.          = jeung sapapadana

Jrrd.           = jeung réa-réana deui

a.s  .           = alaihi wasalam

k.a.                        = kalayan asmana

 

  1. Aworna dua aksara sora (sandi):

a – a jadi a       : kawadanaan – kawadanan.   Kasusastraan – kasusastran

i – a jadi é        : kabupatian – kabupatén        kasaktian – kasaktén

a – i jadi é        : kaider – kéder           saiwu – séwu

u – a jadi o      : karatuan – karaton    paguruan – paguron

a – u jadi o      : kaunjuk – konjuk      kaucap – kocap

a – o jadi o      : kaondangan – kondangan

 

E. KECAP MEMET, nya éta kecap nu asalna mangrupa kalimah/omongan nu dipondokkeun ku jalan nyokot bagian/engang/aksara nu dipentingkeun tuluy dihijikeun nepi jadi hiji kecap anyar. Contona:

Comro : tina oncom di jero

Misro   : tina amis di jero

Sukro   : tina suuk di jero

 

Catetan: kadé pahili jeung basa kirata (dikira-kira sugan nyata), basa kirata mah basa heuheureuyan (dikira-kira sugan luyu jeung nyatana). Contona:

Korsi – cokor di sisi                                        calana – dipancal salilana

Rantang – paragi nganteur nu teu datang       bedog – dibebed supaya ngajedog

 

F. KECAP RUNDAYAN, nya éta kecap asal nu geus dirarangkénan.

a. Rarangkén hareup: m, n,  ny, ng, mi, pa, pi, pang, sa, si, ti, ting, di, ka, mang, ba, nyang, pada, para, silih, barang, pra, pri, per.

Ku dirarangkénan, harti atawa pungsi kecap jadi robah:

  1. Rarangkén “aksara irung”, umumna nuduhkeun pagawéan/kalakuan aktip:

Napi, naheur, mawa, maca, nyokot, nyundut, ngasuh, ngadék, jsb.

Sawaréh hartina, bisa nuduhkeun sipat/kaayaan: nogél, melong, ngaleut, jsb.

  1. Rarangkén “pa”, hartina nuduhkeun:

– jalma tukang/ahli             : patani, padagang, paninggaran, jsb.

– usum                                           : patépok, pagebug, pakewuh, jsb.

– hal teu dihaja                              : paamprok, pakétrok, paténjo, jsb.

– kumpulan                                    : pasawahan, pagunungan, pakebonan, jsb.

– tempat                                         : padumukan, pameuntasan, paniisan, jsb.

– urut/sésa                                      : panyuguan, panatahan, pamilihan, jsb.

– kecap barang niskala                   : pakasaban, pausahaan, parurugi, jsb.

– kaayaan/waktu                            : pakokolot, pasosoré, pabuburit, jsb.

(kiwari gelar rarangkén anyar nu sarimbag jeung rarangkén “pa”, nya éta rarangkén “per”: pertanian, perkebunan, perikanan, perguruan (nuduhkeun: urusan atawa organisasi/lambaga)

  1. Rarangkén “pi”, hartina pikeun nuduhkeun:

– kecap barang tina kecap séjén                 : piandel, piwelas, piwulang, jsb.

– kacida resepna/apét                                 : piduit, piistri, piindung, jsb.

– tempat/kumpulan                                    : pilemburan, pikampungan, jsb.

– bakal jadi                                                            : piimaheun, pijodoeun, pialuseun, jsb.

– bahan                                                      : pikorsieun, pibajueun, pialieun, jsb.

5. Rarangkén “pang”, nuduhkeun:

– parabot atawa jelema                              : panghulu, panglayar, pangrojok, jsb.

– leuwih ti nu séjén                                    : pangpinterna, pangkasépna, jsb.

– Nitah                                                       : pangnuliskeun, pangmaculkeun, jsb.

– tempat                                                     : pangulinan, pangguyangan, jsb.

Kecap

KECAP

 

I. WANGUNAN KECAP

Unggal kecap diangun ku engang( hiji,dua atawa, leuwih ), ari engang diwangun ku aksara ( sawatara aksara ) minangka gambaran sora.

Ceuk para ahli basa, kecap-kecap Sunda jeung basa-basa séjéna di Indonesia kecap asalna réréana diwangun ku dua engang. Nu tilu atawa leuwih, réréana kecap nu asalna tina basa asing ( kosta ) atawa kecap nu geus maké engang panambah. Conto-conto kecap kosta:             1.Basa Sangsakerta: agama, sawarga, naraka, prameswari,

Maharaja, guru, santri, widadari, éka, dwa, tri, catur, panca,

Sad, sapta, asta, sanga, dasa.

2. Basa Kawi: pohara, uninga, merenah, kawasa, karana,

kuriling, jatukrami, carita, pahugi.

3. Basa Arab: mupakat, sajarah, salamet, sidekah, ahérat,

alamat, alketip, walurat, kalimah, kalipah, masigit, sajadah,

dunya, pikir.

4. Basa Ajam ( Persi ): sudagar, sahbandar, kalasi, pahlawan.

5. Basa Portugis: kaméja, calana, bandéra, garéja, almari,

armada, lantéra, mantéga, tarigu, sapatu, minggu.

6. Basa Cina: tauco, taoji, takoah, taocang, tapékong, kelenténg.

7. Basa Walanda: pangsiun, pulisi, soldadu, kumpeni, residén,

kumetir, patlot, bangku, erloji, dasi.

8. Basa Inggris: botol, piano, buku, pinsil, bal, kiper, setop,

garasi, gudang, kornét, gelas.

9. Basa Latin: radio, televisi, répolusi, telepon, telegram.

Kecap-kecap wedalan asing téa réa nu dirobah, diluyukeun kana wanda basa Sunda. Perobahan kitu teh sok disebut “gejala basa”. Diantarana nyaeta:

Gejala “Swarabakti” ( nambahan sora/aksara ) aya 3 rupa:

  1. Praswarabakti ( awal/prothesis ): stri-istri, kool-engkol, thee-entéh, rém-erém
  2. Madyaswarabakti ( tengah/spenthesis ):spoed-seput, grendel-géréndél
  3. Antaswarabakti ( ahir/paragege ): boek-buku, lamp-lampu, das-dasi, pat-péci

Gejala “sirnaswara” ( sora/aksara nu dileungitkeun ) aya 3 rupa:

  1. Sirnapurwa ( aphaeresis ): examen-samen, ksatrya-satria, ksetra-setra
  2. Sinarmadya ( syncope ): suksma-sukma, officier-opsir, banderol-banrel
  3. Sirnawekas ( apecope ): benzine-bénsin, band-ban, ons-on, complex-komplék

Eta kecap-kecap saterusna bisa dirobah-robahdeui ku dirarangkénan, dirajék, dikantétkeun, dipondokkeun, jsb. Ku kituna kecap-kecap teh bisa digolongkeun jadi dua golongan badag, nya éta:

A. Kecap Asal, nya éta kecap anu tacan diropéa, tacan dirobah wangunanana. Contona: jalma, budak, sato, batu, beuli, tulis, bodas, wani.

Kecap-kecap anu robah tapi teu leungit harti atawa pungsina, kaasup kana kecap asal kénéh, upamana robahna téh keuna ku gejala-gejala:

a. Swarabakti

b. sirnaswara

c. métatésis ( pindah/patukeur sora ): aduy-ayud, dalu-ladu, uyek-ukey, rontal-lontar

d. Asimilasi ( dua wianjana anu awor jadi hiji ): sambara-samara, kandaga-kanaga

e. Disimilasi ( dua wianjana nu sarua jadi béda ): sel-sol – sengsol, ruy-ruy – ruhruy

f. Robah wianjana:

1. r-d : arék-adék,jsb.

2. r-l : raris-laris, riung-liung, sarira-salira, rentang-lentang, perong-perang, para-

pala, jsb.

3. d-l : duhur-lohor, duwur-luhur, rido-réla, wudu-wulu, jsb.

4. b-w : belas-welas, réba-réwu, belang-welang, wuri-buri, wanawasa-banawasa                  , jsb.

5. r-b : rabut-babut, rahayu-bahayu, ruhun-buhun, regeng-begeng, rantay-bantay,

, jsb.

  1. h-s : hieng-sieng, hang-sang, hieum-sieum, hiji-siji, hiling-siling, jsb.
  2. m-w : medal-wedal, wedi-medi, jsb.
  3. c-w : caringin-waringin, ranca-rawa, caduk-waduk, jsb.
  4. g-k : gendang-kendang, gudang-kudang, pakupon-pagupon, kumasep-gumasep              papakon-papagon, jsb.
  5. p-k/t : palipuh-talupuh, parupuyan-parukuyan, pulisi-kulisi, pabrik-tabrik, jsb

g. Robah aksara sora ( vokal ): taker-takir, langséng-langseng, parik-parek, jsb.

h. Nasalering, nya éta aksara irung ( nasal = sora irung/ngirung ) nu ditambahkeun atawa diselapkeun kana kecap asal primer, ambéh luyu kadéngéna ( aksara irung teh: n, m, ny, ng ). Contona : sakuni-sangkuni, kapak-kampak, peting-penting, sajak-sanjak, sisireumeun-singsireumeun, pacuran-pancuran, matak-mantak, tepian-tampian

ÉJAHAN

ÉJAHAN

  1. Aksara sora (vokal) : a. Di Sunda aya aksara sora “ eu “ ( seuneu, peuteuy, jsb)

b. aksara sora e ( pepet) jeung é ( néléng ) dibédakeun nulisna, nya éta sora é ( néléng ) dicirian ku …′… kitu ogé dipakena téh utamana mah ngan dina pangajaran bae, ari dina karya tulis umum mah teu dikudukeun. Ari sababna pédah dina basa Sunda mah réa pisan kecap anu ditulisna sarua tapi ucapanana jeung hartina béda.

Contona : kecap       –    kécap             cengeng    –      cengéng

sela          –    séla                 bebek       –       bébék

jeger        –    jegér               bénten      –       bentén

pepet       –    pépét              centang    –       céntang

kenteng   –    kenténg           teger        –       tegér

gedeg      –    gedég             pecak       –       pécak

c. Sora rangkap ( diphtong ) , dina basa Sunda mah teu aya, sok robah jadi “ey” , “ ay” , “ow” , atawa maké vokal nu deukeut sorana kana sora diphtong téa.

Contona : partai    –    partéy

rantai     –    rantay ( ranté )

satai       –    saté

kacau     –    kacow

2. Wianjana (konsonan)

a. Sakabéh wianjana anu ditulis, diucapkeun kalayan écés :

tedak, dibacana tedak, lain teda

tihang, dibacana tihang, lain tiang

b. Wianjana rangkep “kh” diganti ku “k” atawa ku “h” : khabar   –   kabar

akhir      –   ahir

“ sy” diganti ku “s” : masyarakat  –  masarakat ( masrakat )

sifat              –  sipat

revolusi        –  repolusi

c. Wianjana “f” jadi “p” : fungsi   –   pungsi

sifat   –   sipat

revolusi – répolusi

( Katangtuan dina “b” jeung “o” digunakeun upama éta kecap geus dianggap basa               Sunda. Pikeun nuliskeun kecap-kecap anu masih kénéh dianggap basa asing, istilah,                                    atawa ngaran macakal mah nuliskeunana angger baé sakumaha aslina )

3. Rucatan kecap asal :

tali                              ta – li

katimang                    ka – ti – mang

bulukusutun               bu – lu – ku – su – tun

kembang                     kem -bang

angklung                    ang – klung

4. Rucapan kecap rundayan :

kembangan                  kem-bang-an

angeuneun                  a-ngeun-eun

kaleuleuwihi               ka-leu-leu-wih-i

saréhing                      sa-ré-hing

limaanana                   li-ma-an-a-na

manggalakeun            mang-ga-la-keun

panggadékkeun          pang-nga-dék-keun

leungeuna                   leu-ngeun-na

éstuning                     és-tu-ning

Rucatan kacap rundayan nu maké rarngkén tengah mah kieu :

laleutik                        la-leu-tik          ( lain: l-al-eu-tik )

sararé               sa-ra-ré            ( lain: s-ar-a-re )

alakur              a-la-kur            ( lain: al-a-kur )

umaku             u-ma-ku           ( lain: um-a-ku )

Kecap-kecap : walungan, pisitan, lantaran, rancatan, rambutan ( = ngaran   tutuwuhan, jsb, geus dianggap kecap asal baé, jadi rucatanana :

Wa-lu-ngan, pi-si-tan, lan-ta-ran, ran-ca-tan, ram-bu-tan

5. Rarangkén ( Sakumaha rarngkén ditulisna dikantétkeun kana kecap asal nu dirarangkénkeun téa. )

a. Rarangkén hareup

    n                  + tanya                        nanya               pa        + hili                pahili

m                 + bawa                        mawa               pi         + wuruk           piwuruk

    ny                + cokot            nyokot             pang    + layad                        panglayad

ng                + kait               ngait                sa         + dulur                        sadulur

mi                + bapa             mibapa             si          + beungeut      sibeungeut

    ti                  + balik             tibalik                     silih    + tonjok    silihtonjok

ting              + arudat           tingarudat               para    + tamu      paratamu

    di                 + baca              dibaca                     pada   + wani       padawani

ka                + cugak           kacugak                  nyang + hareup   nyanghareup

mang           + ngaitkeun     manggaitkeun         ba      + rempug    barempug

barang        + beuli             barangbeuli

patingkurunyung                                                pri-pribumi

dipasieup                                                             per-perjurit

kapimilik                                                             pra-prasaran,prabupati, jsb.

dipanggalakeun

saparakanea

disakalikeun

pangdipikanyaahna

b. Kecap nu dimimitian ku aksara gedé, mun dirarangkénan, saperti conto dihandap ieu, ditulis ku aksara leutik baé :

Sunda              -nyundakeun, disundakeun, kasundaan, nyunda

Inggris             -ngainggriskeun, inggrisan, diinggriskeun

Walanda          -diwalandakeun, wawalandaan, ngawalandaan

Dorna              -didornakeun, dodornaan, ngadornakeun

Cina                 -cicinaan, dicinakeun

c. Rarangkén tengah jeung rarangkén tukang

Rarangkén tengah (-Ar-, -Al-, -Um-, -In-):

ar         + amis              -aramis;            alus – aralus

seungit          -sareungit

al         + akur              -alakur;            udur – aludur

lega              -lalega

um       + aku               -umaku;           amis – umamis

geulis            -gumeulis

in         + ajén              -inajén

pasti              -pinasti

Rarangkén tukang (An, Eun, Keun, Na, Ning, Ing):

an        + leutik            -leutikan

gula              -gulaan

eun      + bawa                        -bawaeun

kotok            -kotokeun

keun    + dua               -duakeun

sampak        -sampakkeun

na        + baju              -bajuna

panen            -panenna

ing       + bakat                        -bakating

cegah            -cegahing

ning     + bawa                        -bawaning

wantu           -wantuning

6. Kecap Rajékan

a. Kecap rajékan dwimurni, dwireka, jeung trilingga, ditulis maké geret :

Contona: 1) kuda-kuda                                       sajalan-jalan

sahiji-sahiji                                      nganyar-nganyari

sakahayangna-sakahayangna          mangpuluh-puluh

2) jul-jol                                               kalana-kulunu

plas-plus                                          balucat-balicet

bubat-babet                                     malangmang-mulungmung

3) a-i-u                                                 nang-néng-nong

dar-dér-dor                                      hah-héh-hoh

dad-dig-dug                                                war-wér-wor

b. Kecap rajékan dwipurwa jeung dwiwasana ditulisna dikantétkeun:

1) buburuh                                                       2) rambasbas

kokolot                                                            tingcikikik

beubeureuh                                                      bayuhyuh

singsireumeun

c. Rajékan kalimah, ditulisna maké ‘koma’:

datang deui, datang deui                                lieuk lain, lieuk lain

7. Kecap Kantétan

a. Nu ditulisna misah: méja tulis, karéta api, rumah sakit, buku gambar, jsb.

b. Nu ditulisna maké geret: indung-bapa, kolot-budak, beurang peuting, peureum-beunta, ceuli-léntaheun

c. Nu ditulisna dihijikeun: parahulu, amismata, panonpoé, mahasiswa, kacapiring, pancasila, dasawarsa, caturwulan, jsb.

Catetan: Kecap-kecap kantétan anu mangrupa ngaran tempat, umumna ditulisna dihijikeun (Sukanagara, Indramayu, Kadupandak, Salakopi, jsb)

8. Aksara Gedé

Aksara gedé dipaké pikeun:

  1.                                                               i.      Nuliskeun aksara awal kecap nu ngamimitian kalimah.
    1. Dina awal alinéa (alinéa anyar)
    2. Sabada peun (titik), sanajan di tengah jajaran
    3. Sabada tanda penyeluk (!) atawa pananya (?)
  2.                                                             ii.      Nuliskeun aksara mimiti ngaran macakal (kaasup gelar, kecap sandangna, singgetanana):

Sutisna Sanjaya                    Si Kabayan

Kartawijaya                          Sang Wisnu

Radén (Rd.) Danu               Sang Hyang Tunggal

Nabi Adam                          Kéan Santang

Drs. Suryana                                    Mang Ganda

Catetan:

  1. Nuliskeun gelar di tukangeun ngaran macakal kudu diheuleutan ku koma, bisi pahili jeung singgetan ngaran:

Muh. Yamin, S.H.

Sukarja, Bc.Hk.

Wargana, M.A.

  1. Nuliskeun singgetan ngaran lembaga teu maké titik:

SD, TK, SPG, DPR, KUD, DPA.

3. Nuliskeun akronim:

Kanwil                        Kodim             Radar

Hansip             Kandep           Rudal

4. Nuliskeun judul (buku, karangan, bab, pasal, lagu, sajak, jsb). Mun diwangun ku sababaraha kecap, unggal awal kecap ditulis ku aksara gedé. Iwal, kecap nu lain kecap poko atawa partikel:

Déwa Ruci               Banjir di Ciamis

Lain Éta                   Karatagan Pahlawan

(dina ahir judul teu maké titik)

Basa Kasar, Loma, jeung Lemes

BASA KASAR, LOMA (SEDENG), JEUNG LEMES.

            Kasar                                      Loma                                      Lemes

Abus, asup                              lebet                                        lebet

Ajang, keur                             kanggo/e                               haturan

Aki                                              pun aki                                   tuang éyang

Alo                                              pun alo                                  kapiputra

Anak                                        pun anak                                  putra

Anggel                                   bantal                                      kajang mastaka

Baju                                         raksukan                                  kaway

Balik                                        wangsul                                   mulih

Bapa                                        pun bapa                                  tuang rama

Baraya                                     wargi                                       réréhan

Basa, waktu                            nalika, waktos                         nalika, waktos

Bawa                                       bantun                                     candak

Bébéja                                     popoyan                                  wawartos

Begang                                    kuru                                         lansip/langsip

Beuteung                                 padaharan                                patuangan

Beuli                                        pésér                                        galeuh

Boga                                        gaduh                                      kagungan

Bujur                                       birit                                          imbit

Cageur                                     damang                                   pangésto

Carita, nyarita                         nyanggem                                nyarios

Carék, dicarék                         dicaram, diwagel                     diseuseul

Cokot                                      bantun                                     candak

Cumpon, nyumponan              nedunan                                  nyaosan

Daék                                        purun                                       kersa

Dahar                                      neda                                        tuang

Datang                                                dongkap                                  sumping

Déngé, kadéngé                      kakuping                                 kadangu

Embung                                   narah                                       teu kersa

Éra                                           isin                                           lingsem

Gering                                     udur                                         teu damang

Gero                                        nyaur                                       ngagentraan

Goréng                                                awon                                       teu/kirang saé

Hayang                                    hoyong                                    palay

Heuay                                      heuay                                       angob

Hirup                                       hirup                                        jumeneng

Imah                                        rorompok                                 bumi

Indit                                        mios                                         angkat

Indung                                                pun biang                                ibu

Jawab, ngajawab                     ngawalon                                 ngawaler

Jeung                                       sareng                                      miwah

Jual, ngajual                            ngical                                       ngagingsirkeun

Kapilih                                                kapeto                                     kaselir

Keur                                        kanggo/e                                  haturan

Kuku                                       tanggay                                   tanggay

Lalajo                                      nongton                                   ningali

Lanceuk                                  pun lanceuk                             tuang raka

Maot                                        tilar                                          pupus

Ngaran                                                wasta, nami                             jenengan, kakasih

Ngajuru                                   ngalahirkeun                            babar

Ngéndong                               mondok                                   ngawengi

Ngising                                    miceun                                     kabeuratan

Nyaho                                     terang                                      uninga

Pamajikan                                pun bojo                                  geureuha

Panggih                                   pendak                                                tepang

Papatah                                   papagah                                   piwejang, piwuruk

Pénta, ménta                           neda, nyuhunkeun                   mundut

Poho                                        hilap                                        lali

Reuneuh                                  kakandungan                           bobot

Salaki                                      pun lancuk                               carogé, tuang raka

Sanggup                                  sanggem                                  kersa

Saré                                         mondok                                   kulem

Seubeuh                                  wareg                                      sesek

Surat                                        serat                                         tetesan

Susu                                        pinareup                                  pinareup

Tanya                                      taros                                        pariksa

Téang, néang                           ngalongok nu                          ngalayad nu

Teundeun                                simpen                                     simpen

Tincak                                     dampal                                                dampal

Titah                                        jurung                                      piwarang

Torék                                       teu nguping                             teu ngadangu

Tukang                                    pungkur                                   pengker

Tulus                                       cios                                          cios

Tumpak                                   tunggang                                 tunggang

Turut                                       tumut                                       tumut

Udud                                       ngaroko                                   nyesep, ngalelet

Upama                                     upami                                      upami

Urut                                         tilas                                          tilas

Wawuh                                    kenal                                        wanoh

Wani                                        wantun                                    wantun

Wedak                                     pupur                                       pupur

Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

Urang Sunda - Kenali Leluhur, Sejarah, Bahasa dan Budaya Asli Urang Sunda

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

raudya's

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

Biografiparasufi's Blog

Just another WordPress.com weblog

Keajaiban Dunia

Aneka Keajaiban Dunia dalam Berita, Gambar, Foto dan Video

Metafisis

Membongkar Hakikat Tenaga Dalam, Ilmu Metafisika, dan Ilmu Hikmah

Chye Retty Isnendes Blog

Iman, Ilmu, Amal, Sastra