Naskah Lomba Dongeng

Di handap ieu aya conto naskah lomba dongeng pikeun murangkalih:

.

HAJI ALIT PRAWATASARI

Ku : Tekad Pangestu

            Assalamu’alaikum wr. wb

Sampurasun…..

Girang pangajén nu ku abdi dipihormat. Juru gentra miwah panata calagara nu ku abdi dipihormat. Nepangkeun, nami abdi …………… kelas ………… SD ……, badé nyobi ngadongéngkeun hiji tokoh pahlawan ti Cianjur nu jenenganana Haji Alit Prawatasari. Pamugi, urang sadayana tiasa miwanoh anjeunna sanés tina namina hungkul nu diabadikeun janten nami hiji lapang di Joglo, nanging ogé tina raratan sajarah sareng yasa-yasa perjoangan anjeuna ngabéla rahayat pribumi tina katideresaan penjajah kumpeni.

Wilujeng nyakséni……

Dina sasih Oktober taun 1677, tatar Cianjur ragrag kana kakawasaan pamaréntah kumpeni. Dina mangsa pamaréntahan Dalem Aria Wiratanu Datar II, dilaksanakeun “Tanam Paksa” sareng “Wajib Setor” pepelakan-pepelakan dina jumlah nu tangtu ka pihak kumpeni.

Lami-lami rahayat ngangluh, jalaran waktos sareng tanagina séép kanggé ngurus pepelakan wajib, sedeng pakasaban sadidinten kabolér.

Haji Alit Prawatasari, hiji ulama pajoang ti Jampang ngajurung utusan ka bupati Cianjur kanggé ngalirénkeun “Tanam Paksa”. Namung, ku bupati ditampik, jalaran kaayaan anjeuna salaku bupati Cianjur bisa-bisa diecagkeun kalungguhanana ku kumpeni.

Alatan ngangres manah ningal katideresaan rahayat Cianjur nu mangtaun-taun sangsara tina “Tanam Paksa” sareng teu ayana pangbéla ti para pajabat pribumi kana nasib rahayatna, dina taun 1702 Haji Prawatasari ngagedurkeun perjoangan pisik ngalawan katelengesan pamaréntahan kumpeni.

Jalaran pamaréntahan pribumi aya dina cangkingan pamaréntahan kumpeni, jantenna Haji Prawatasari ngayonan perjoangan téh sanés hungkul ka pihak kumpeni, namung ogé ngayonan kana panglawanna para bupati priangan nu seuseueurna biluk ka kumpeni.

Dina sasih Maret 1703, prajurit kumpeni nu dipingpin ku Pieter Scorpoi ngagempur daérah Jampang kanggé ngancurkeun basis kakuatan prajurit Prawatasari. Nanging tarekah kumpeni gagal, Haji Prawatasari iasa nyalametkeun diri ngalolos ka Citarum.

Ahir taun 1704, Haji Prawatasari mulih deui ka Jampang kanggé ngumpulkeun kakuatan nu langkung ageung. Teras dina taun 1705 Haji Prawatasari ngalaksanakeun perjoangan di daérah Bogor, tug dugi bajoang nepi ka daérah Sumedang, nu ahirna dina sasih Agustus taun 1705 Haji Prawatasari kalih wadya-baladna cacap ngancurkeun pasukan kumpeni di Sumedang.

Perjoangan Haji Prawatasari nu tos lumangsung langkung ti tilu taun ngajantenkeun pihak kumpeni ngalaman karugian nu kacida ageungna. Dugikeun ka pangawasa tinggi Hindia Belanda nu namina Gubernur Jendral Joan van Hoorn turun langsung kanggé ngarurug prajurit Prawatasari.

Para bupati ti tatar Jawa Barat dikomando langsung ku Gubernur Jendral Joan van Hoorn kanggé ngayonan sareng néwak Haji Prawatasari.

Ti pasukan Haji Prawatasari, saatosna ngalaksanakeun perjoangan ngalawan penjajahan kumpeni di Tanggerang dina taun 1706, anjeuna kalih wadya-baladna kapaksa nyingkur ka daérah Banyumas, Jawa Tengah, jalaran tekenan ti golongan pajabat pribumi nu biluk ka kumpeni langkung rosa. Para prajurit kalih anjeuna remen ngalaman kalaparan alatan perjoanganana teu dirojong ku para pajabat nu hianat.

Tungtungna, sabada bajoang langkung ti lima taun, alatan kakuatan gabungan antawis kumpeni sareng para pajabat pribumi nu jahat, dina tanggal 12 Juli 1707 Haji Prawatasari katéwak tur ngalakonan hukuman pati di Kartasura. Teras, layon anjeuna saurna dikurebkeun di daérah Dayeuh Luhur, Cilacap, Jawa Tengah, dumugi kiwari.

Deudeuh, hawatos temen ka Haji Prawatasari, bajoang ngabéla rahayat namung teu kénging pangrojong ti pajabat pribumi. Bajoang nandonkeun nyawa, dumugi nemahan pati, nanging kiwari diapilain.

Mugia Allah Swt ngawales kalih maparin rohmat-maghfirohNa ka Haji Prawatasari kalih prajurit-prajuritna, sareng urang sadayana teu ngahihilapkeun kana yasa-yasa aranjeunna nu tékad buméla ka rahayat nu katideresa. Amin.

Girang pangajén nu dipihurmat, mung sakitu dongéng nu tiasa kapihatur, abdi mungkas sasanggem ku neda sih hapunten tina sumakawis kalepatan boh tina basa sareng sikepna, nutup catur mungkas carita, wa billahi taufik wal hidayah,

Wassalamu’alaikum wr.wb

            Cianjur, 06022014

Iklan

Komik Sangkuriang – 2

legend_of_sangkuriang_07_by_kevinandreant-d33sggs

legend_of_sangkuriang_08_by_kevinandreant-d33sgv3

legend_of_sangkuriang_09_by_kevinandreant-d33sh9z

legend_of_sangkuriang_10_by_kevinandreant-d33shsp

legend_of_sngkuriang_11_by_kevinandreant-d33sjdr

legend_of_sangkuriang_12_by_kevinandreant-d33sk5d

Ngeunaan pangarang ieu karya, dina web Deviantart:

Kevin Andrean
Artist | Professional | Digital Art

Indonesia

“clumsy kid tries to climb”

Graphic Designer and Illustrator
Loves to draw, loves to sing, love movies
Game of Thrones addict

kevinandreant_by_kevinandreant-d32p31p

Komik Sangkuriang – 1

Di handap ieu aya komik ilustrasi ngeunaan Sangkuriang karyana Kevin Andrean, hiji professional digital art nu karya-karyana dipidangkeun dina web deviantart. Sim kuring kacida kataji ku karya anjeuna nu ngailustrasikeun carita Sangkuriang. Sumangga disakseni:

legend_of_sangkuriang_01_by_kevinandreant-d32qhq1

legend_of_sangkuriang_02_by_kevinandreant-d32qhzy

legend_of_sangkuriang_03_by_kevinandreant-d32qi86

legend_of_sangkuriang_04_by_kevinandreant-d33sfu7

legend_of_sangkuriang_05_by_kevinandreant-d33sfz8

legend_of_sangkuriang_06_by_kevinandreant-d33sgb8

 

Sasakala Kampung Buniwangi

GANTUNG JAMARUN

(SASAKALA KAMPUNG BUNIWANGI)

Ku       : Dra. Triesye Rustina S

Nara Sumber   : Dra. Tina Kartina S

Jaman baheula di hiji lembur di wewengkon Cianjur aya hiji kulawarga nu kahirupanana kacida waluratna. Sok sanajan cicing di lembur anu upluk-aplak pasawahan tur  subur pepelakan, tapi pikeun manéhna mah taya hartina, da kahirupanana sagala teu boga. Ari pupuhu éta kulawarga téh ngaranna Mang Jamarun. Mang Jamarun, sok sanajan hirupna kékéréhét lieuk euweuh ragap teu aya, tapi éstu tumampi ka nasib diri tumamprak kana puraga. Ihlas narima cocoba ka kulawargana, hirup jujur, tara miboga nu batur, sanajan kebon sayur batur keur salubur. Manéhna tara mipit teu amit ngala teu ménta, sabab ceuk pangrasana lain hak nu manéhna. Keur khirupan anak-pamajikan téh cukup tina kula-kuli ka tatangga atawa buburuh macul.

Kacaritakeun dina hiji poé Jamarun teu meunang pagawéan. Ahirna Jamarun mapay-mapay susukan, susuganan aya pirejekieun bawaeun ka imah pikeun dahareun anak jeung pamajikan. Bakat ku anteng mapay-mapay susukan, teu karasa geuning manéhna nepi ka walungan Cianjur.

Gog….. Jamarun nagog, niat rék nguseup di dinya. Merenahkeun manéh, Jamarun diuk dina batu nu rada gedé. Lung….! Jamarun ngalungkeun eupan tina jeujeurna, tuluy panonna anteng ningali kukumbul.

Sabot keur kitu, katingali ku manéhna aya jelema siga nu palid, nangkuban bari diangkleung cai walungan. Jamarun teu mikir heula, ujug-ujug jleng! Manéhna ngajleng ka walungan Cianjur, maksudna rék nulungan nu kabawa palid. Gancang éta awak jelema téh ditangkeup, dibawa hanjat ka darat, tuluy digolérkeun dina taneuh bari gogorowokan, “Tulung! Aya jelema palid! …… aya jelema palid! Euy, aya jelema palid….!!!”

Antukna, réa jalma nu ngadaréngéeun, bari tuluy patinggorowok,

“Aya jelema palid euy! Aya jelema palid…!” jul-jol jelema datang ka sisi walungan

“Saha éta téh euy?” Ceuk nu saurang

“Saha…?  Saha….?  Saha euy….?  Saha…?” raong anu nanya

“Pariksa geura! Geuning teu empés-empés kacirina mah!” ceuk nu lain. Tuluy éta nu ngagolér téh dipariksa, aya nu nyabak pigeulangna, aya ogé nu mawa eunteung leutik hég dideukeutkeun kana irung éta jalma

“wahhh….. maot geuning euy!” ceuk nu mariksa

Ujug-ujug aya hiji jalma nyentak ka Jamarun,

“Ku manéh siah nyah ieu jelema dipaéhan!” éta jalma molotot

“Aduh…. Teu pisan-pisan Kang, abdi mah seja  nulungan, ngangkat nu palid ti walungan…” Jamarun ngajawab bari ngadégdég

“wah…. Bohong… bohong…! Pasti dipaéhan ku manéhna!” nu lian sing jorowok, malah bangun siga rék nyiksa ka Jamarun

Kabeneran dina éta riungan téh aya sepuh nu bangun dipikasérab ku masarakat, ngahalangan ka nu rék nyiksa Jamarun bari nyarita, “Éh…. Éh… ké heula jang, sabar, ulah gagabah! Ulah kabawa ku amarah, bisi salah! Can tangtu ieu jalma nu maéhanana, apan tadi gé nyarita manéhna mah ukur niat nulungan, da disangkana jelema palid, asa piraku manéhna ngabohong. Lamun ieu jalma nu maéhanana mah, nanaoan bet dihanjatkeun ka darat sagala?”

“Ah… di mana aya bangsat ngaku Bah, atuh pangbuian pinuh!” aya nu keukeuh nyangka Jamarun nu maéhan

“Kieu wé atuh. Ayeuna mah ieu mayit jeung nu manggihan téh urang bawa ka Pendopo, urang sanggakeun ka Kanjeng Dalem. Ku kitu ku kieu, rék kitu rék kieu kumaha tinimbangan ajeunna” Ceuk éta sepuh ka sakumna jalma nu aya di dinya

“Enya…. Atuh kitu wé. Akur teu….?” Cenah

“Akur euy… akur…!” ceuk nu saurang, “Satuju!” ceuk nu lianna, “Satuju…! Satuju…!” jalma réa saur manuk

Tuluy éta mayit digarotong tur dibawa ka Pendopo, disanggakeun ka Kanjeng Dalem. Sanggeus dicaritakeun ku sepuh tadi téa, ahirna Kanjeng Dalem nyarios; “Sagala rupa anu ditepikeun ku aranjeun, Kami narima. Sanajan Kami ngarasa bingung, ngan tetep ieu perkara kudu bérés. Ayeuna kieu, ieu layon geuwat urus, kurebkeun sakumaha kuduna. Tapi manéh Jamarun, wayahna kudu dikerem di pangbuian. Lamun dina jero dua minggu euweuh nu ngaku atawa euweuh kapanggih nu maéhan jalma tadi, mangka manéh bakal dihukum gantung ku Kami. Kumaha kamandang manéh, Jamarun?”

“abdi sumerah kanjeng, sadaya-daya abdi ngiringan pangersa kanjeng” walon Jamarun

Kulawarga Jamarun dibéjaan ku para ponggawa. Atuh pamajikanana ngajerit ceurik sabari rawah-riwih nyarita hayang panggih jeung salakina. Kanjeng Dalem ngawidian.

“Aduh… Akang… kunaon atuh? Naha enya Akang téh maéhan éta jalma?” ceuk pamajikanna

“Emhh Nyai…. Teu pisan-pisan, piraku Nyai teu apal kana watek Akang, boro-boro mergasa jalma, dalah meuncit hayam ogé Akang mah teu luas!” Jamarun ngahelas

“Nya éta Kang, Nyai ogé teu percaya, Nyai mah percaya pisan ka Akang, Nyai mah apal pisan Akang! Emhhh Gusti…. Moga-moga nu boga dosana masing kapanggih, sangkan Kang Jamarun bisa salamet….” Pamajikanna ngalengis, “pami énjing abdi ka dieu deui, Akang hoyong dipangnyandakkeun naon?” tambahna

“emhh Nyai, kadeudeuh Akang ……, pangmawakeun siki hanjéré wé jeung sarung sarta sajadah paragi solat. Jeungna sing kahadé, éta utun-inji kanyaah urang, ku Nyai masing diraksa, da geuning Akang téh bet katiban mamala nu teu disangka-sangka!”

Isukna, pamajikan Jamarun mawa samping, sajadah, jeung siki hanjéré. Tuluy éta siki hanjéré téh dironcé dijieu tasbé. Jamarun unggal tas bérés solat teu weleh ngado’a saréngséna wiridan ku tasbé tina hanjéré téa.

Kieu kedalna do’a Jamarun;

“Ya…. Allah…. Hapunten sumadaya kalepatan abdi…. Upami abdi kedah nemahan pati alatan padamelan batur….. abdi nampi. Namung Gusti, kalawan Rohmat Gusti, paparinan ciri pituduh ka balaréa yén abdi téh teu lepat, henteu mergasa éta jalma. Abdi yakin Gusti, taya nu sesah tur mustahil kanggo Gusti mah…..”

Dua minggu nu ditangtukeun cunduk kana waktuna, taya jalma nu ngaku atawa kapanggih yén manéhna nu maéhan jalma nu palid téa. Jamarun diabringkeun ka alun-alun, nu geus pinuh ku rahayat nu hayang nyakséni hukuman gantung. Maranéhna sing gorowok;

“Gantung Jamarun…..! Gantung Jamarun….! Gantung lah tah si Jamarun téh….! Gantung wé ka dinyah….!”

Jamarun dibawa ka juru alun-alun, nu geus sadia tempat keur ngagantungna. Perenahna kiwari mah anu jadi Pagadéan, hareupeun SD Ibu Jenab 1. Sakumaha geus jadi kabiasaan, anu rék dihukum gantung téh sok ditanya heula; “Hayang naon saméméh modar téh Jamarun!” ceuk algojo tukang ngalaksanakeun hukum gantung téa

“pangmasihkeun ieu tasbé hanjéré kuring ka Kanjeng Dalem….” Walon Jamarun

“Wah…. Nu kieu patut keur Kanjeng Dalem….. pan sakeudeung deui gé sia téh rék modar!”

Sanggeus ditarima ku algojo, tuluy Jamarun leumpang bari taya karempan, taya kamelang ka handapeun tihang gantungan, bangun éstu ihlaaaaas pisan!

Jelema nu sakitu noyégna, taya saurang ogé anu nyoara. Jempling….. bari panon malencrong kana tihang gantungan

Barang algojo ngalaksanakeun pancénna, gulayun…..!!! awak Jamarun ngagulayun bari kaciri geus nemahan pati, “inna lillahi wa inna ilaihi roji’un…. Emhh… deudeuh teuing Mang Jamarun, nemahan pati ninggalkeun pamajikan nu keur bubureuyeungan….” Ceuk hiji sora

Keur kitu, duka timana jolna, dadak sakakala brul…..! manuk ngabrul patinggeleber mangréwu-réwu mayungan layon Jamarun!!!

Gebeg! Balaréa ngagebeg ngarasa geueumeun. Malah teu saeutik jalma-jalma ngaburisat patinglalumpat. Tengah poé éréng-éréngan, ngadadak angkeub di luhureun sirah Jamarun iuh ku mangréwu-réwu manuk. Algojo nepika kapiuhan awahing ku reuwas, para ponggawa arolohok mata simeuteun.

Keur kitu, ujug-ujug les…!!! Manuk-manuk téh ngaraleungit…! Ilang tanpa karana duka ka marana hiber atawa jirimna.

Leungit mangréwu-réwu manuk, kaahéngan bagenti nu hiliwira seuseungitan tina awak Jamarun, seungiiiiiiiit….. ngahiliwir lir éta layon téh diguyur ku minyak kasturi

Bakating ku seungitna layon Jamarun, algojo nu kapiuhan téh irungna ungsrak-ingsreuk bari tuluy manéhna éling. Sanggeus ngahuleng saheulaan, berebet manéhna lumpat bari hah-héh-hoh muru ka Kanjeng Dalem. Cong manéhna ngahurmat, tuluy song éta tasbé hanjéré téh diasongkeun ka Kanjeng Dalem, bari derekdek manéhna nyaritakeun sagala rupa kajadian ahéng nu karandapan tadi di alun-alun

Kanjeng Dalem ngahuleng saheulaan. Tuluy anjeuna nyarita bari dumareuda, “Emhh… deudeuh teuing Jamarun, yakin anjeun téh teu dosa, mana pamajikan anjeun keur kakandungan, hampura kaula teu asak sasar…..” Kanjeng Dalem sasambat ngangres bari neueulkeun tasbé hanjéré Jamarun kana dadana.

Tuluy Kanjeng Dalem nitah ka para ponggawa sangkan mulasara layon Jamarun sakumaha mistina, Jamarun dikurebkeun di éta tempat basa manéhna dihukum gantung.

Ngan kaahéngan téh aya deui. Sabada layon Jamarun dikurebkeun, tina jero taneuh téh nyambuang deui seuseungitan nu pernah ngahiliwir tadi. Sanajan layon Jamarun dikurebkeunna dina taneuh nu jero jeung buni, ngan wangi seuseungitan téh angger baé ngahiliwir.

Tah, ti harita nepi ka kiwari, éta tempat Jamarun digantung jeung dikurebkeun téh katelah Kampung Buniwangi. Nu dicokot tina sawatara kajadian ahéng nya éta; 1. Datangna mangréwu-réwu manuk nu ngabunian layon Jamarun, 2. Datangna seuseungitan nu wangi kacida sabada réwuan manuk téh ngiles, jeung, 3. Tina kuburan Jamarun kaluar seungit wangi, sok sanajan layonna dikurebkeun jero jeung buni

Amanat nu nyangkaruk dina Gantung Jamarun di antarana; 1. Ulah geutas harupateun dina nyanghareupan masalah, 2. Ulah nuduh jalma tanpa bukti, 3. Kudu ngarti, surti, taliti, ati-ati jeung asak tinimbangan dina nibankeun putusan perkara, luyu jeung siloka tasbé hanjéré Jamarun nu dipaparinkeun ka Kanjeng Dalem, 4. Ihtiar, tawakkal, jeung sabar ka Allah Ta’ala dina nyanghareupan sarupaning perkara kahirupan, sabab Allah Ta’ala moal dolim jeung baris nulungan ka hamba-hambaNa, boh pitulung langsung di dunya atanapi di ahérat jaganing jaga.

 (Diropea saperluna)

Ratna Inten Déwata

Ku: ROCHAJAT HARUN

            Seueur nu boga anggapan yén carios Ratna Inten Déwata téh mung saukur dongéng atawa légénda, sabab taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratna Inten Déwata masih tetep mangngrupi dongéng karuhun nu masih sumebar tur kapiara di masyarakat Tarogong Garut, sarta jadi lalakon sasakala karuhunna  karajaan Timbanganten.

Taun 50-an, kantos ngahaja ngadongkapan ka sababaraha situs nu dianggap patilasan karajaan Timbanganten. Diantawisna lokasi Korobokan, Cipanas, sareng Gunung Putri. Hanjakalna, maksad ngajugjug ka puncak gunung Guntur mah teu kalaksanakeun, jalaran kaayaan kaamanan waktos harita pikarisieun ku mahabuna gorombolan.

Waktos ngajugjug ka lokasi Korobokan teu tebih ti kacamatan Tarogong kiwari, taun 50-an mah masih kénéh seueur gundukan batu. Katingal pabalatakna gundukan batu, sapertos patilasan bangunan heubeul. Sabudeureunnana seueur tangkal kai, sarupaning tatangkalan anu arageung pacampur jeung eurih. Ogé aya sababaraha kuburan lami anu teu kapiara, patingsoléngkrah. Éta lokasi téh aya dina pasir luhur bukit alit. Leumpang ka punclutna téh nanjak.

Cenah di éta lokasi téh aya diprédiksi mangrupi patilasan karajaan Timbanganten. Nanging upami urang kadinya ayeuna mah, éta situs téh tos moal  katingali deui. Nu aya mah seueur bangunan énggal, siga bangunan sakola sareng bumi mani pasesedek. Teu kapendak deui gundukan-gundukan batu nu kapungkur kungsi dianggap patilasan karajaan Timbanganten.

Di puncak gunung Putri, mun urang nyawang ka palih wétan sareng kidul, plung-plong titingalian matak waas. Palih wétan, katingal atra pamandian Cipanas, rada tebihan wetaneunana bréh kacamatan Tarogong. Palih kidul rada tebih, masih écés bumi-bumi, wangunan, sareng masjid Agung Garut. Pantes, sareng kasawang ieu tempat téh taya sanes dalah situs patilasan Kangjeng Ratu Inten Déwata nu kantos ngababakan di ieu tempat.

Karajaan Timbanganten téh kawitna puseur dayeuhna téh di Korobokan, lajeng ngalih ka Tarogong saparantosna Gunung Guntur bitu. Karajaan Timbanganten kalebet nagara madeg mandiri, hartina teu kaéréh/ kajajah ku nagara deungeun. Taneuhna subur, éstuning gemah ripah lohjinawi, murah sandang murah pangan, réa ketan-réa keton. Sepi ing paling towong rampog téh lain ukur babasan. Rajana katelah Rangga Lawé, hiji raja nu adil palamarta, gedé wibawa tur dipikacinta ku rahayatna.

Saleresna nu kedah nyekel kadali pamaréntahan téh sanes Rangga Lawé, tapi rakana nu kasebat Ratna Inten Déwata. Hiji istri geulis camperenik, salirana jangkung alit, mibanda pakulitan konéng, sarta ambutna hideung meles galing muntang bawana ngajadi. Tapi anjeunna teu hoyongeun nyepeng karajaan, kalah dipasrahkeun ka rayina, Rangga Lawé. Ari Rangga Lawé téh  hiji jajaka nu dedeg sampé rupa hadé, rancingeus, pertentang tur parigel dina sawatara perkara.

Ceuk sakaol, sateucanna Rangga Lawé jeneng raja, nu nyepeng karajaan Timbanganten téh ramana, Rangga Raksa Nagara. Ti Prameswari Déwi Gandani, anjeunna kagungan dua putra. Nu cikal jenengannana Ratna Inten Déwata, ari rayina nya Rangga Lawé.

Basa raja sepuh badé tilar dunya, kantos mantenna kedal wasiat di hiji riungan, réhna mantenna bade masrahkeun karajaan Timbanganten ka putrana nu cikal, nyaéta Ratu Inten Déwata, margi kitu aturan buhun karuhunna. Nanging kalayan lantip, Putri Inten Déwata ngawaler, “Abdi parantos kedal ucap, seja ngalaksanakeun kereteg haté. Upami diparengkeun abdi panjang yuswa, sarta ama sareng ibu parantos teu aya, abdi hoyong nyirnakeun pikir, ngahenang-ngahening nyorangan ngababakan. Cindekna teu hoyong janten papayung agung pamaréntahan. Ku kituna, sanés nampik pangasih ama, bawiraos saé pasrahkeun baé ieu karajaan téh ka pun adi, Rangga Lawé. Kalintang pantesna upami pun adi jadi raja, hiji jajaka pertentang, gedé wawanen, percéka dina sagala rupa perkara…” kitu saur Inten Déwata, anu saterusna mah ramana ogé doa mun yén karajaan dipasrahkeun ka Rangga Lawé.

Heuleut sababaraha waktos, lajeng Ratu Inten Déwata angkat ka Gunung Kutu, nu kiwari disebat gunung Guntur, disarengan ku Ki Rambut Putih. Demi Ki Rambut Putih téh anu bumela ngaping ngajaring sang putri. Mangtaun-taun ngababakan di hiji tempat nu katelah Babakan Putri. Tempat nu kalintang pikabetaheun. Hawana seger. Tiis dingin paripurna. Rupaning kekembangan nyambuang sarareungit ngadalingding. Manuk-manuk récét disarada. Sora pancuran nu ngocor kana émpang matak nambahan betah tumaninah.

Hiji mangsa karajaan Timbanganten mayunan cocobi nu kalintang ageungna. Nyaéta halodo panjang entak-entakan, dugi ka masarakat karajaan Timbanganten tigerat kakirangan cai. Aya usulan ti para gegedén karajaan supados ngadamel bendungan cai, sumber caina nyandak atanapi ngabedol Babakan Putri nu waktos harita mangrupi padepokan Ratu Inten Déwata.

Kalayan teu ngémutkeun kumaha mamanahan sareng pamadegan ingkang raka, Rangga Lawé nyaluyuan pikeun ngabongkar Babakan Putri, nu caina baris dikocorkeun ka bendungan karajaan Timbanganten. Tempat anu dipikabetah ku Ratna Inten Déwata téh lajeng dibukbak, didamel tambak, teu tata pasini heula kanu kagunganana.

Ratna Inten Déwata kalintang benduna. Dadak dumadak langit angkeub nutup buana Timbanganten jeung sabudeureunana. Kawitna mah rahayat Timbanganten suka bungah. Angot Rangga Lawe mah, dikintenna hujan bakal turun, katurug-turug wangunan tambak cai tos badé  rengse.

Tapi kasuka jeung kabungah harita kénéh sirna, sabab ngadak-ngadak taneuh oyag. Gunung Guntur bangun nu ngaguruh. Lini gedé mimiti ngigeungkeun bumi. Taneuh inggeung. Kilat patingburinyay. Bumi génjlong. Gunung Guntur ngabudalkeun batu. Patingjelegurna sora gelap dina ponclot Gunung Guntur beuki motah. Tatangkalan tingdorokdok raruntuh, pareunggas katebak angin nu tarik naker.

Geus kitu mah  kakara rahayat Timbanganten ngarasa gimir. Bur-ber ka ditu kadieu. Pating jarerit, pating kocéak. Rangga Lawé kakara sadar, yén eta kajadian téh mangrupa bebendon ti déwa, duméh geus wangkelang bedegong ka nu jadi lanceuk. Cul anak  pamajikan, Rangga Lawé seja milarian Ratna Inten Déwata, rék mundut pangaapunten. Mantenna moal sugema, upama teu amprok heula jeung nu jadi lanceuk.

Kersaning Hyang Widi, Rangga Lawé tepang jeung Ratna Inten Déwata. Kudupruk baé anjeunna nyuuh kana dampal sampéan Ratna Inten Déwata, bari nyarios dumareuda, ”Duh, ingkang raka, hapunten jisim abdi rumaos lepat. Ieu téh bebendon Hyang Widi ka jisim abdi, nu bedang wangkelang ka salira raka…”

Satutasna Ratna Inten Déwata ngahampura kana kalepatan Rangga Lawé, ngadak-ngadak lini téh eureun. Gunung Guntur teu ngutahkeun deui leutak panas. Batu gedé, batu leutik geus taya nu patingbelewer deui. Langit ngadak-ngadak lénglang, angin leler. Ciri Déwata nyakséni kana kabersihan haté Ratna Inten Déwata.

Ceuk sakaol, Ratna Inten Déwata sareng Ki Rambut Putih lajeng arangkat ka palih wétan, nu ditujuna nyaéta Gunung Talagabodas, maksad neraskeun ngasakeun tatapana. Sarta didinya pisan marantenna tarilem.

Ari Rangga Lawé mah angkat ka hiji tempat nu seueur kokocoran cai. Rangga Lawé ngababakan deui. Lila-lila éta babakan téh beuki ramé batan Korobokan kapungkur. Nepi ka kiwari babakan énggal téh katelah Tarogong. Korobokan nu kapungkur kantos janten pusat dayeuh Timbanganten, janten leuweung da teu dipirosea deui. Tapi ari ngaranna mah masih kénéh aya tug nepi ka ayeuna.

Mitutur catur kapungkur, Rangga Lawé nu dijenengkeun raja deui ku rahayat Tarogong,  sabada bumén-bumén di dinya, tilem teu ngantunkeun tapak. Cipanas ayeuna jadi pamungpungan ti mana-mendi, mangrupa wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba, pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih ramé batan kampung Korobokan. Padahal saméméhna mah Korobokan téh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki ramé. Garut katelah jadi Kota Inten.

 

Garut, Séptémber Katompérnakeun, 2008.

http://galuh-purba.com/ratu-inten-dewata/

Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup

Sakadang Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan.

Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.

“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya.

“Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Kasusah naon?”

Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét.

“Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk Sakadang Keuyeup, “Jigana mah kudu diwarah.”

“Enya, ngan kumaha carana?”

“Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka tempat Sakadang Monyét!”

“Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.”

“Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré naon Sakadang Kuya ka uing?”

“Naon atuh, nya?”

“Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku munding baé?” ceuk Sakadang Keuyeup.

“Jadi lah, ari munding mah uing gé boga sarakit. Pék nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui.”

“Heug ari kitu mah, kuring daék nulungan Sakadang Kuya.”

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyét. Kasampak Sakadang Monyét keur nyuling dina dahan kai pangluhurna.

“Sakadang Monyét, kadieukeun suling téh!” ceuk Sakadang Kuya.

“Ceuk uing ogé bawa ku sorangan ka dieu! Naék mun bisa mah!” témbal Sakadang Monyét bari ngarenyohan.

“Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!” ceuk Sakadang Kuya.

Ngadéngé omong Sakadang Kuya kitu téh, Sakadang Monyét kalah nyeungseurikeun.

Waktu Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét paréa-réa omong, Sakadang Keuyeup naék kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyét. Beuki deukeut, beuki deukeut baé. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyét anu nyampay dina dahan.

“Rék dibikeun moal?” ceuk Sakadang Kuya.

“Moal!” témbal Sakadang Monyét.

Bérés ngomong, ana gep téh buntut Sakadang Monyét dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang Monyét kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih.

“Oaduh, oaduuuh, oahahaha,” Sakadang Monyét gogorowokan, lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna téa ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya.

Sanggeus sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.

Ari Sakadang Monyét mah terus kabur. Malah teu datang-datang deui ka dinya. Jigana mah éraeun, lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup téa. Malah mah cenah turunanana ogé areuweuh buntutan. Disebut baé “oa”, lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung, “Oahahaha, oahahaha.” Nepi ka lila-lila mah sorana ogé kitu deuih.

 

http://fosclub.wordpress.com/2010/03/23/sakadang-kuya-jeung-sakadang-keuyeup/

Sakadang Monyet Maling Suling Sakadang Kuya

Sora suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.

“Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling.

Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu nyaho wé.

“Sakadang Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya teu ngawaro.

“Cik ah, nginjeum sakeudeung wé.”

Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanéa, dijieunna ogé tina tulang maung.”

“Sakeudeung wé atuh.”

“Ulah, ah, bisi dibawa kabur!”

“Maenya teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”

“Anu matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyét téh. Apal luar-jerona, lah.”

Sakadang Monyét ngahuleng sakedapan.

“Kieu wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang Monyét bari ngasongkeun buntutna.

“Heug atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét niup suling.

Trét-trot trét trot,

Suling aing tulang maung,

Ditoktrokan ku caladi,

Diliangan ku bangbara,

Dipasieup ku sireupeun,

Torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.

“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut téa.” Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.

“Éta-éta, di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya téh bagéan permatina!”

Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh ditungtungna pisan.

“Tah, di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya téh lésot ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna. Gék diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.

Trét-trot trét trot,

Suling aing tulang maung,

Ditoktrokan ku caladi,

Diliangan ku bangbara,

Dipasieup ku sireupeun,

Torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.

“Cokot ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.

Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.

 

http://fosclub.wordpress.com/2010/03/23/sakadang-monyet-maling-suling-sakadang-kuya/

Sakadang Kuya jeung Suling Tulang Maung

Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.

“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”

Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.

“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.

“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”

Tulang téh ditroktorak ku caladi.

“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya.

Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,

suling aing tulang maung,

ditoktrokan ku caladi.

“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.

Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan.

“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.

“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.

“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”

Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,

suling aing tulang maung,

ditoktrokan ku caladi,

diliangan ku bangbara.

“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.

Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.

“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.

“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”

Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.

“Nuhun Jang.”

“Sami-sami, Ki.”

Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,

suling aing tulang maung,

ditoktrokan ku caladi,

diliangan ku bangbara,

dipasieup ku sireupeun,

torotot héong, torotot héong.

“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.

Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.

Sakadang Kuya jeung Maung Silihduruk (Dongeng Sato/Fabel)

DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”

Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.

 

http://dongeng-uing.blogspot.com/2008/07/sakadang-kuya-silihduruk-jeung-maung.html

Hayam Kongkorongok Subuh (Dongeng Sasakala)

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.

Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.

Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”

Geus kitumah jung weh naga jeung titinggi teh arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu datang keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.

“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu datang keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi datang arek di pacok nepikeun ka paehna.

Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

 

http://dhiromus.blogspot.com/2009/08/hayam-kongkorongok-subuh-dongeng.html

Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

Urang Sunda - Kenali Leluhur, Sejarah, Bahasa dan Budaya Asli Urang Sunda

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

raudya's

Elmu Tungtut Dunya Siar, Sukan-Sukan Sakadarna....

Biografiparasufi's Blog

Just another WordPress.com weblog

Keajaiban Dunia

Aneka Keajaiban Dunia dalam Berita, Gambar, Foto dan Video

Metafisis

Membongkar Hakikat Tenaga Dalam, Ilmu Metafisika, dan Ilmu Hikmah

Chye Retty Isnendes Blog

Iman, Ilmu, Amal, Sastra